Pinunjul Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS

Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS geus lekasan sarta juri nu geus nangtukeun saha nu jadi juarana. Nurutkeun catetan juri, tina 54 pamilon nu milu kana ieu saémbara, réréana mah tacan boga pangaweruh nu anteb ngeunaan sajak. Kahéngkér séjénna téh dina diksi deuih, pilihan kecap-kecapna. Sabada ditimbang-timbang ku juri nu diwengku ku Godi Suwarna, Étti RS, jeung Téddi AN Muhtadin, nya dipilih 5 pinunjul dina Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS. Nyaéta:

Pinunjul I: Sarabunis Mubarok
Hadiah piagam jeung duit Rp. 2.500.000,- ti Ganjar Kurnia

Pinunjul II: Nazaruddin Azhar
Hadiah piagam jeung duit Rp. 2.000.000,- ti Karmaka Surjaudaja

Pinunjul III: Chyé Rétty Isnéndés
Hadiah piagam jeung duit Rp. 1.500.000,- ti Juniarso Ridwan

Pinunjul Harepan: Toni Lesmana jeung Lugiéna Dé
Hadiah piagam jeung duit masing-masing Rp. 1.000.000,- ti Daya Mahasiswa Sunda Puseur.


Para Pinunjul Hadiah Saémbara Sajak PP-SS: ti katuhu Sarabunis Mubarok (diwakilan ku Godi Suwarna), Nazaruddin Azhar, Chye Retty Isnéndés (diwakilan ku Safrina Noorman), Toni Lesmana jeung Lugiéna Dé.

Wilujeng ka para pinunjul. Ka nu teu acan lebet kana pinunjul, mugia langkung sumanget pikeun ngahasilkan karya-karya sanésna.

Komentar

4 Komentar kana seratan “Pinunjul Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS”

  1. nety martin | 15-09-2008, 05:58:24

    Ngahaturkeun Wilujeng ka pinunjul.

  2. nanang | 31-10-2008, 03:08:03

    Nu juara teh geuning nu tos pangalaman wungkul. Kedahna eta mah Saembara ngarang sajak khusus keur nu moyan/pangalaman. Mugi kapayun mah di khususkeun saembarana keur kanu diajar. Ari kitu mah iraha bade majuna atuh budaya sunda teh. Cag!!

  3. Prayoga Adiwisastra | 22-11-2008, 10:07:06

    asslm, sampurasun
    ka payun mah ayakeun saembara ngarang kanggo nu pangarang entragan anyar & nu diajar keneh. janten saembara teh dibagi - bagi kelasna
    htr nuhun ah…

  4. komarudin | 12-12-2009, 11:55:46

    sok sanaos sanes ahli bahasa oge hoyong nyobian nyarios ku basa sunda anu tos lami tara dianggo, paciweuh sareng basa Indonesia campur Inggris sabalang bentor, maklum buruh pabrik nu jauh tina diajar atanapi ngembangkeun bahasa kawas anu karenging sayembara, karunya teuing…..

Ngintunkeun Komentar