Béjér Pangajén Saémbara Ngarang Novélét Barudak


Bubuka

HENTEU réa pangarang nu sok nulis carita barudak téh, komo dina sastra Sunda mah. Tina sakitu ratus pangarang Sunda, sigana ukur sababaraha urang nu museurkeun paniténna kana carita barudak téh. Atuh buku-buku bacaeun barudak, dina basa Sunda mah, bisa jadi saeutik pisan. Kawas taun ieu, Hadiah “Samsudi” ti Yayasan Kebudayaan Rancagé—husus keur buku bacaan barudak—copong deui lantaran teu aya buku bacaan barudak nu medal taun 2006, ari lain nu pindo citak mah.Sigana ti dinya pimianganana, pangna PP-SS ngayakeun Saémbara Ngarang Novélét Barudak téh. Meureun ari disaémbarakeun mah, lian ti ngipuk pangarang anyar sangkan nulis carita barudak téh, sugan baé naskah nu milu saémbara téh méré nuansa anyar kana carita barudak dina sastra Sunda.

Ngipuk sirung harepan kaasup oriéntasi juri, ngan tetep bari henteu ngorbankeun ajén karya.


Naskahna

Naskah novélét barudak nu katampa ku juri ti panitia kabéhna 50 judul. Tina unggal naskah, juri ngan dibéré nyaho kodeu jeung judul naskah. Pangna kitu téh, lantaran juri boga kawajiban pikeun nyekel pageuh obyéktivitas, sama sakali henteu kapangaruhan ku unsur-unsur subyéktif di luareun karya. Juri gugon ngajén karya kalawan mibanda otoritas nu salega-legana, teu nilik saha nu ngarangna.

Kritéria

Méméh prak ngajén sakur naskah diilukeun kana ieu saémbara, juri geus ti tangéhna nangtukeun kritéria, di antarana:

  • Basana. Dina kurung-karang mah, apan basa téh papakas penting. Kahéngkér kana basa kacida mangaruhanana kana ajén hiji karya. Basa Sunda keur carita barudak tangtuna gé kudu kaharti ku barudak, bari angger maliré cara ngagunakeun basa Sunda nu merenah.
  • Témana. Téma keur carita barudak tangtuna gé kudu cocog jeung kahirupan katut psikologis barudak.
  • Cara nyaritakeunana. Najan basana geus bérés, témana geus nyampak, can karuhan ngajanggélék jadi karya nu hadé. Pangarang boga carana séwang-séwangan sangkan dina nepikeun téma téh bisa “mageuhan” ingetan nu maca. Henteu nepi ka ngarancabang atawa ngayayay.
  • Jenglénganana. Kaharmonisan basa, téma, jeung cara nyaritakeun, nepi ka ngajanggélék jadi karya nu nyongcolang.

Catetanana

Tina jumlah mah, karangan nu diilukeun kana ieu saémbara téh éstu matak nyugemakeun. Hanjakal, ajénna mungguh matak ngangres. Cacak mun juri hayang néangan karya nu nyongcolang pisan, lapur moal aya nu asup.Umumna mah, kalemahanana téh tina hal-hal nu éléméntér, upamana dina éjahan jeung cara ngalarapkeun kekecapan. Aya nu basana meujeuhna, gagalna téh dina carita jeung kurang tapis miara logika. Dina sawatara naskah, muncul tokoh budak nu pikiran jeung cara ngomongna siga nu geus sawawa. Aya deuih nu mapagahan teuing, nepi ka carita téh kalah ka dieuyeuban ku bongbolongan ka barudak.

Najan kitu, umumna mah, sakur naskah geus némbongkeun sumanget ti nu ngarangna pikeun nulis dina basa Sunda.


Putusanana

Sanggeus dipilih tur ditimbang-timbang, tina 50 karya téh, beunang disebutkeun anu pantes diajén mah ukur 8 nepi ka 10 judul. Tina 10 karya nu diayak, beuki témbong ganjorna téh. Tapi, cék kitu cék kieu, juri kudu mutuskeun naskah pinunjul dina ieu saémbara.Naskah N-01 nu judulna “Sekar Panggung” ditetepkeun jadi pinunjul 1. Mun nilik judulna mah, bet ngaharib-harib kana téma ngeunaan karawitan atawa jurutari. Kapunjulan “Sekar Panggung” téh dina basa jeung komposisi carita. Ieu naskah nyaritakeun Jang Entom, budak SMP nu sapopoéna ngurus kuda. Katémbong aya tarékah ti nu ngarangna pikeun nepikeun pangaweruh ka barudak ngeunaan kahirupan di sabudeureun istal. Déskripsi ngeunaan istal jeung kuda, éstuning imeut, najan sakapeung mah aya kesan daria teuing. Entom nu geus mimiti begér, mikaresep anak dununganana (Nénéng), dicaritakeun kawilang lantip.

Pinunjul 2 naskah N-02, judulna “Kalangbaruang”. Caritana mah saenyana ngundeur téma heubeul, budak nu nganjang ka nagara siluman. Ieu naskah unggul dina ngolah logika, nepi ka hal nu ahéng téh jadi matak kaharti. Tokoh barudak dina “Kalangbaruang” karasa nyata, henteu dijieun-jieun, boh omonganana, boh psikologina. Hanjakalna téh dina pungkasna, Ochank jeung Ninon nu saenyana geus dipisurti ku nu maca, kalah ka ditogmolkeun.

Naskah N-37, judulna “Si Kopéng Ngaduruk Anjing”, ditetepkeun jadi pinunjul III. Dina ieu naskah, pangarang bisa ngagambarkeun kondisi psikologis Si Kopéng bari teu kungsi ngamunculkeun éta tokoh, tapi cukup ku nyaritakeun kajadian kadurukna imah kolotna. Kitu deui obrolan-obrolan Si Bagja katut sobat-sobatna karasa jad kuat. Pungkasna karasa wajar tapi anteb. Ari héngkérna, dina metakeun basa Sunda karasa kurang éksplorasi, humor-humorna masih kénéh datar najan teu nepi ka garing.

Aya deui tilu pinunjul harepan. Kahiji, naskah N-48, “Catetan Poéan Réré”. Ieu naskah nyaritakeun tokoh Réré, budak nu sababaraha kali ngalaman musibah di kulawarganana. Hanjakalna téh, bangun nu ditulis rurusuhan, pangpangna dina pungkas carita nu karasa teuing dijieun-jieun.

Kadua, naskah N-38, “Hideung Ogé Batur Keueung”. Nyaritakeun kondisi psikologis kondisi Maya nu nyingsalkeun manéh alatan dipoyokan ku babaturanana, nepi ka sok ulin jeung sasatoan kayaning hayam, ucing jeung lauk. Hanjakal aya unsur dramatis nu kaleuleuwihi, nepi ka kabéh ingon-ingonna paéh.

Katilu, naskah N-41, “Si Obu”. Aya tarékah ti pangarang pikeun ngawanohkeun nu maca ka lingkungan barudak Jepang, hanjakal masih kénéh némbongkeun sawatara kalemahan. Héngkér kénéh dina komposisi, papagah nu togmol, jeung taya tarékah ti pangarang pikeun narjamahkeun sakur kekecapan basa Jepang kana catetan kaki, nepi ka dialog nu maké basa Jepang téh sakapeung mah kalah ka ngaganggu nu maca.

Putusan juri teu bisa dionggét-onggét. Najan kitu, juri méré kasempetan nu salega-legana pikeun padungdengan patali jeung naskah nu diajén ku juri, boh dina sawala, boh dina tulisan.

Bandung, 17 Pébruari 2007

Juri Saémbara Ngarang Novélét Barudak

 

Cécép Burdansyah (Pupuhu/Anggota)
Téddy A.N. Muhtadin (Anggota)
Dadan Sutisna (Sekertaris/Anggota)

Komentar

Ngintunkeun Komentar