Anugerah keur Sastrawan Sunda ti YPK

RÉA nu nyebutkeun kahirupan sastra Sunda téh hésé menyatna. Éta téh sok dipatalikeun deuih jeung rupa-rupa karémpan kana tumpurna basa Sunda. Tapi geuning buktina mah teu kitu. Jero sapuluh taun katompérnakeun, réa pisan kagiatan nu némbongkeun yén sastra Sunda masih kénéh hirup. Média basa Sunda masih kénéh medal, kitu deui buku-buku Sunda. Husus keur pamedalan buku Sunda, katémbong deuih aya ronjatna ti taun ka taun téh.

Lian ti buku jeung média Sunda, boh citak boh éléktronik, sawatara lembaga masih kénéh mayeng ngayakeun rupaning kagiatan sastra Sunda. Aya nu Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) nu ti taun 1990 naratas deui hadiah sastra Sunda. Atuh Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), méh saban taun ngayakeun saémbara ngarang keur ngeuyeuban naskah-naskah dina basa Sunda.

Para pangarang masih kénéh réa nulis, boh muatkeuneun dina média massa, boh pibukueun. Ku kituna, mun dibandingkeun jeung sélér séjén mah kahirupan sastra Sunda téh aya onjoyna. Da éta wé, sastrawan Sunda mah remen dibibita ku hadiah deuih. Lian ti hadiah dina rupaning saémbara, aya deui hadiah nu mayeng saperti Hadiah Sastra Rancagé, Hadiah Samsudi, Hadiah DK Ardiwinata, Hadiah Carpon Pilinih Majalah Manglé, jsté.

Aya deuih sastrawan nu meunang angerah. Taun 2006 jeung 2007, Pamaréntah Kota Bandung jeung Pamaréntah Provinsi Jawa Barat kungsi masrahkeun anugerah ka sawatara sastrawan Sunda. Nu kungsi dilélér téh di antarana Wahyu Wibisana jeung Saini KM.

Taun ieu, Gubernur Propinsi Jawa Barat rék masrahkeun deui anugerah ka lima sastrawan Sunda. Tujuanana mah keur ngahudangkeun sumanget para sastrawan dina nulis rupaning karya sastra. Ieu téh diluyukeun deuih jeung réalisasi tina Peraturan Daérah (Perda) No. 5 ngeunaan aksara, basa, jeung sastra Sunda.

Nu kapapancénan masrakeun ieu hadiah téh Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK). Dina siaran pérs nu ditepikeun Cupumanik, Gugun Gunardi, Ketua Badan Pelaksana YPK, nyebutkeun yén ieu hadiah téh keur ngarojong kahirupan sastra Sunda. Ku ayana anugerah, dipiharep para sastrawan leuwih kaujurung dina ngarang jeung medalkeun karya-karyana.

Béda jeung hadiah lianna, ieu anugerah mah lain dumasar kana salah sahiji karya, tapi keur sastrawan nu geus ngahasilkeun karya nu mibanda ajén. Komo deuih mun produktif mah. Keur nangtukeun saha-sahana nu baris dilélér anugerah, YPK ngawangun tim juri nu indepéndén jeung kompetén.

Saha nu kasinugerahanana? Tacan diuar-uar, kakara rék diémbarkeun dina awal April 2008.***(Dan)

Komentar

1 Komentar kana seratan “Anugerah keur Sastrawan Sunda ti YPK”

  1. Enang Rokajat Asura | 29-04-2008, 02:35:05

    Punten, ieu tos meh pareum bulan april 2008, saha nya nu kaleler kengeng ajen sastrawan/sastrawati ti YPK teh ? hatur nuhun


    Saurna mah, anugerah kanggo sastrawan teh baris dibewarakeun ping 5 Mei 2008, di Gedong Yayasan Pusat Kebudayaan, Jl. Naripan No. 7 Bandung

Ngintunkeun Komentar