In Memoriam Yoseph Iskandar: Mulangna Pangarang Novél Sajarah

Yoseph IskandarYoséph Iskandar téh sastrawan Sunda. Nulis carpon, sajak, novél jeung naskah drama. Réa karyana nu geus dibukukeun sarta dilélér hadiah.

Lahir di Purwakarta, 11 Januari 1953. Sabada tamat SMA, Yoséph neruskeun sakolana ka Akademi Téknik Pekerjaan Umum (ATPU) Bandung. Ti dieu minatna kana sastra Sunda téh mimiti katémbong. Harita, Yoséph mimiti ilubiung dina kagiatan seni di kampusna, antarana waé mingpin Téater Khas (1977-1981).

Geus kitu Yoséph milih neuleuman widang sastra sagemblengna, henteu milih widang téknik. Yoséph milu ngadegkeun “Durma Kangka”, nyaéta organisasi keur ngawadahan sastrawan Sunda ti golongan ngora. Kagiatanana di “Durma Kangka” ngahasilkeun antologi sajak Sunda. Sajak-sajak Yoséph dimuat bareng jeung babaturan saentraganana, upamana waé Éddy D. Iskandar, Godi Suwarna, Béni Setia jeung nu lianna dina “Antologi Puisi Sunda Mutakhir” (1980) jeung dina “Tumbal” (1982).

Taun 1979-1985 Yoséph jadi redaktur majalah Manglé. Harita Yoséph mimiti kataji kana sajarah Sunda. pangpangna sanggeus tepung jeung diajar ka Saléh Danasasmita, nu harita keur neuleuman naskah Wangasakerta. Yoséph mimiti nulis artikel ngeunaan sajarah Sunda nu dimuat kalawan mayeng dina Manglé. Minatna dina sajarah ogé nu ngabantu kana prosés kréatifna nalika nulis novél.

Ari novél-novél sajarah nu ditulis ku Yoséph di antaraba Perang Bubat (1998), Wastukancana (1990), Prabu Wangisutah (1991). Pamanahrasa (1991), Putri Subanglarang (1991), Prabu Anom Jayadewata (1996).

Kalah kumaha ogé Yoséph téh tokoh nu gedé jasana dina mantuan urang Sunda mikawanoh kana sajarahna. Sabab novél-novélna téh dumasar kana sumber-sumber filologi, babakuna tina naskah Wangsakerta. Sok sanajan éta sumber téh masih jadi bibit buit pacogrégan di antara para ahli sajarah Sunda. Tapi Yoséph kalawan teuneung maké éta sumber jeung nepikeun ka masarakat kalawan padika nu populér.

Malah aya sawatara novélna meunang pangajén. Di antarana “Tanjeur na Juritan, Jaya di Buana” (1991) meunang hadiah Rancagé taun 1992. Ari karya séjénna nu medal taun 1991 asup kana nominasi. Sataun saméméhna Yoséph gé narima hadiah Sastra LBSS deuih. Taun 1997, Yoséph meunang deui Hadiah Rancagé, tina novélna Tri Tangtu di Bumi.

Sabada kaluar ti Manglé, Yoséph tuluy jadi redaktur tabloid dua mingguan “Giwangkara”. Saterusna Yoséph mancén gawé di Universitas Pasundan nepi ka jadi Kabag Humas. Ti dinya Yoséph diangkat jadi dosén di Fakultas Hukum Universitas Pasundan.

Lian ti nulis sastra, Yoséph gé nulis sajarah deuih. Karyana nu geus dipedalkeun antarana waé Sejarah Kebudayaan Jawa Barat (opat jilid), Sejarah Jawa Barat (Yuganing Rajakawasa), Sejarah Cirebon, jeung Sejarah Banten. Yoséph gé nulis ngeunaan peristiwa serangan pasukan RI ka tentara Inggris di wewengkon Sukabumi dina mangsa révolusi.

Dramana, “Juag Toéd” (1984) remen dipintonkeun sacara kolosal di Bandung, Jakarta, jeung kota-kota séjénna di Jawa Kulon. Ari nu jadi sutradarana téh Yoséph ku anjeun.

Taun 2002 Yoséph saparakanca miang ka Amerika, mintonkeun kasenian Sunda nu diayakeun ku Pitssburgh University.

Hanjakal karya-karya ieu pangarang téh ngan nepi ka taun 2008. Yoséph Iskandar kabuburu ngantunkeun dinten Rebo ping 26 tabuh 01.00 di bumina, wewengkon Ujungberung Bandung.

(Yulianto Agung, tina sawatara sumber)

Komentar

Ngintunkeun Komentar