“Lawung Pangarang Sunda” jeung Pamasrahan Hadiah Saémbara Ngarang Sajak PP-SS

Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), baris ngayakeun acara “Lawung Pangarang Sunda”. Ieu acara téh minangka pungkasna tina kagiatan PP-SS periodeu 2005-2008. Salila 3 taun katompérnakeun, dina kapangurusan Étti RS, PP-SS geus ngayakeun 30 kagiatan.

Aya 4 jejer dina acara “Lawung Pangarang Sunda” téh:

  1. Pamasrahan Hadiah Saémbara Ngarang Sajak PP-SS. Ieu saémbara diayakeun ku PP-SS ti 3 bulan katukang, tur nya ayeuna baris diumumkeun saha nu jadi pinunjulna.
  2. Pilihan Pupuhu PP-SS Périodeu 2008-2011. Taun ieu, periodeu kapangurusan Étti RS geus lekasan. Dina acara “Lawung Pangarang Sunda”, baris dipilih deui saha nu engké jadi pupuhu PP-SS.
  3. Gelar buku Sajak Sunda, gawé bareng jeung Penerbit Kiblat Buku Utama.
  4. Dramatisasi Carpon Sunda. Téater Tuneel ti STSI Bandung baris magelarkeun dramatisasi carpon “Lebaran Poé Jumaah” karya Ahmad Bakri.

Acara “Lawung Pangarang Sunda” baris digelar dina:

Dinten Saptu ping 13 Séptémber 2008

Tabuh 13.30 d.k. réngsé

Di Gedong Kesenian Rumentang Siang

Jl. Baranang Siang No. 1 Bandung

Saha baé nu micinta kana sastra Sunda tiasa hadir kana ieu acara.

Komentar

1 Komentar kana seratan ““Lawung Pangarang Sunda” jeung Pamasrahan Hadiah Saémbara Ngarang Sajak PP-SS”

  1. dada | 08-09-2008, 12:52:36

    alus

Ngintunkeun Komentar