Ki Umbara

Tina panineungan pribadi Ajip Rosidi

pang-ki-umbara.jpgKi Umbara téh sandiasmana H. Wiredja Ranusulaksana, dibabarkeun di désa Bendungan, kacamatan Lebakwangi, kawadanan Luragung, kabupatén Kuningan dina ping 10 Juli 1914.

Samulihna ti munggah haji, pita sorana reksak, jadi ari sasauran henteu tiasa béntés. Nalika di Tanah Suci, anjeunna katarajang henteu damang dugi ka dirawat di rumah sakit. Saparantosna damang sarta kaluar ti rumah sakit, nembé anjeunna uninga yén geureuhana anu sasarengan jarah, ngantunkeun nalika anjeunna dirawat di rumah sakit. Tiasa jadi awahing ku kagét dikantunkeun ku geureuha anu nalika anjeunna dilebetkeun ka rumah sakit mah jagjag waringkas, tiasa jadi nalika ti rumah sakit ogé parantos kitu, pita sorana henteu tiasa normal deui. Dugi ka pupusna dina dinten Juma’ah ping 24 Désémber 2004 di bumina di jl. Buahbatu, Bandung, ana sasauran soantenna henteu béntés.

Keur sakola di NS (Sakola Guru) Sérang, anjeunna dua kelas saluhureun almarhum Bapa kuring, nu matak nyebut Ua téh merenah. Kuring mémang nyebut “Ua” ka singsaha anu keur di NS saluhureun Bapa, nyebut “emang” ka nu kelasna sahandapeunana. Tapi saenyana kuring mimiti tepung jeung Ki Umbara mah lain dina urusan ka-NS-an. Harita kuring matuh di Sumedang, taun 1959. Ki Umbara masih calik di jl. Ciwaregu, Bandung.

Kana jenenganana mah kuring geus terang, da sering maca seratanana dina Majalah Warga, asa tacan aya nu dimuat dina Manglé harita mah. Ari kuring kakara ancrub tulas-tulis dina basa Sunda, antarana anu ngagujrudkeun ku sabab méré-ajén kalawan brukbrak ngeunaan kaayaan kasusastran katut para sastrawan Sunda harita. Disebut ngagujrudkeun sabab réa anu henteu sukaeun kana pangajén kuring, nepi ka timbul “polémik” dina sk. Sipatahoenan.

Salian ti éta, basa keur sakola di Jakarta kuring matuh téh di urang Bendungan, batur salembur, malah wargina kénéh Ki Umbara. Najan Ki Umbara mah tara sumping ka imah anu dicicingan ku kuring, tapi kuring terang ka anjeunna, da rakana mah Ua Danu, sering sumping ka, malah kulem di imah anu dicicingan ku kuring.

Tapi Ki Umbara sumping ka Sumedang mah (kana motor Harley Davidson anu badag, luyu sareng salirana anu bangbang), lain ku lantaran aya patalina jeung NS, kitu deui lain ku lantaran urang Bendungan. Harita anjeunna nyaurkeun yén nu matak ngahajakeun nepungan kuring téh ku sabab kataji ku tulisan-tulisan kuring anu dimuat dina Sipatahoenan. Anjeunna nyaurkeun yén anjeunna resep nyerat, tapi ari kana unak-anik ajén-inajén sastra mah poékeun. Ka kuring mentés sangkan ngajelaskeun ka anjeunna soal éta.

Puguh baé kuring jadi pungak-pinguk. Asa henteu merenah kuring “mapatahan” ka anjeunna anu yuswana saluhureun, lain baé saluhureun kuring tapi saluhureun Bapa kuring deuih. Nu matak ku kuring diwalon yén kuring gé terang saeutik-eutikeun urusan éta tina buku-buku, jadi saéna mah anjeunna gé maosan buku-buku baé.

Ti harita kuring jadi loma ka Ki Umbara. Kuring sering nepangan ka bumina, ka jalan Ciwaregu, atuh sabada ngalih ka jl. Buahbatu ka bumina anu énggal, anu nyengceling di tengah sawah da harita mah jalan Buahbatu téh masih upluk-aplak sawah kénca katuhueunana. Tas bumi Ua Umbara, asa kakara aya deui bumi wétaneunana téh bumi sepuhna Nia Kurnia Solihat. Kuring sok ka dinya, nepungan Idrus Ismail anu kajodokeun ka rakana Nia. Idrus téh sok nulis carita pondok dina basa Indonésia, bada réngsé kuliah di UGM diangkat jadi perwira AU ditempatkeun di Andir. Teuing palebah mana ayeuna mah éta bumi téh, jigana geus deukeut ka jalan bypass. Atawa ditueunana? Basa dina awal taun 1966 (sabada Gestapu), Ua Umbara jeung S.A. Hikmat kagungan pokal pikeun ngadegkeun paguyuban para pangarang Sunda (henteu mustahil kailhaman ku dugdegna kesatuan aksi mangsa harita), aranjeunna ngajak kuring jeung Rachmat M.A.S. Riungan ngadegkeunana di bumina S.A. Hikmat, mun henteu salah henteu lila bada lebaran, jadi sakalian halal-bihalal para pangarang Sunda. Henteu aya anu henteu satujueun pikeun ngadegkeun organisasi para pangarang téh. Ki Umbara kapilih jadi Ketua Umum, kuring jadi Ketua I jeung Karna Yudibrata jadi Ketua II. Ngaranna organisasi téh Paguyuban Pangarang Sastra Sunda atawa PP-SS. Kagiatanana antarana ngayakeun riungan saban bulan, biasana di imah anu diséwa ku kuring di Gang Asmi 20. Saban ngariung aya nu ngajejeran, nepi ka timbul diskusi ngeunaan rupa-rupa hal luyu jeung jejer riungan, ku kituna para pangarang nu tadina tara mikiran hal-hal di luareun dirina, jadi milu ngajembaran wawasanana.

Waktu kuring pindah ka Jakarta, jigana riungan PP-SS téh langka diayakeun, nepi ka Pustaka Jaya meuli tempat di jalan Banténg sarta muka cabang Bandung. Saterusna riungan PP-SS sok diayakeun di dinya saban bulan. Waktu ngariung dina taun 1975, poho deui bulanna, ngan asana henteu lila bada Lebaran, Ki Umbara bari henteu ngajak badami heula ti anggalna, sésérén, cenah geus lila teuing jadi Ketua Umum geus meujeuhna diganti ku nu ngora. Sacara étis kuring gé sésérén deuih. Ngan Karna mah henteu milu mundur, tapi henteu bisa dipaksa, da éta mah kudu hideng sorangan. Sakainget sajeroning PP-SS ngadeg, Karna panghenteu aktipna. Dipasrahan sangkan nyusun rancangan AD gé (da manéhna jadi Ketua bagian organisasi), teu anggeus-anggeus. Jadi nepi ka harita taun 1975, PP-SS téh organisasi anu henteu bogaeun AD. Istuning ngan mangrupa paguyuban.

Basa kuring geus ngumbara ka Jepang, dina waktu kuring nepangan ka bumina, Ua Umbara nyaurkeun ngeunaan salah saurang batur anu sabada kuring indit, ngahajakeun sumping jeung istrina ka Buahbatu. Ua sasauranana pegat-pegat, “Apan Ua téh terang yén manéhna téh sasatna ditulungan ku Ajip, sasatna dicukangan bisa nepi ka jadi jiga ayeuna téh, tapi naha bet mani ngahajakeun pisan nepungan Ua ngagogoréng Ajip? Ua téh milu nyeri …” sasauranana ngarandeg da kapegat ku nahan tangis. Atuh kuring gé henteu papanjangan nanyakeun naon anu dicaritakeun ku éta jelema ngeunaan kuring. Jeung ongkoh asa mending henteu terang kana nu kararitu mah, kuriak jadi cékcék bocék panyéréwédan baé.

Tapi Ua ngémutan diri batur téh (cara ka diri kuring) lain harita baé. Sabada Ua tos henteu tiasa sasauran, kungsi dina waktu kuring nepangan ka bumina, anjeunna miwarang kuring diuk dina korsi anu caket ka anjeunna, tuluy sasauran mani sasatna ditompokeun ka kuring. Kitu ogé henteu bisa gancang kaharti ku kuring téh. Sabada Ua sasauran sababaraha balikan, kakara kaharti ku kuring. Kira-kira kieu kasauran Ua harita téh, “Béjana Caraka dina hirupna tara sok salat. Kudu ulah petot didu’akeun ku urang sangkan arwahna ditampi ku Gusti sarta dipaparin tempat anu mulya di hadirat Anjeunna.”

Henteu karasa, cimata kuring ngalémbéréh. Ua anu kaayaan fisik anjeunna sakitu waluratna, bet henteu weléh ngémutkeun kasalametan anu lian. Harita Caraka (Wiranta) tacan lila tilar dunya. Wiranta téh anggota PP-SS, pangarang Sunda, anu sasepuheun Ua, sarta sering nyerat dina Manglé dina waktu Ua jadi pamingpin redaksina.

Nu matak henteu anéh lamun Ki Umbara nalika jumenengna pada misepuh sanajan kaayaan salirana pikahawatoseun, da anjeunan mah henteu weléh ngémutan kasalametan nu sanés, lain baé dina keur aya di kieuna, malah nepi ka sabada ngantunkeun alam pawenangan.

Komentar

Ngintunkeun Komentar