Aam Amilia
Aam Amilia téh salah sahiji pangarang wanoja Sunda nu kawilang produktif tur penting dina Sastra Sunda. Mimiti ngarang ti taun 1960-an, nepi ka 2006 ratusan carpon jeung puluhan buku nu geus ditulis.
Karangan Aam Amilia réréana mah ngagambarkeun kahirupan di pakotaan. Aya deuih sawatara karanganana nu ngandung unsur detéktif, siga dina buku Kalajengking. Lian ti ngarang, Aam gé ngipuk sawatara pangarang ku ngayakeun keurseus ngarang. Di antara pangarang nu kungsi kaasuh ku Aam téh Holisoh MÉ jeung Hérmawan Aksan.
Lahir di Bandung, 21 Désémber 1946. Kungsi jadi wartawan jeung redaktur Majalah Manglé, majalah Hanjuang, koran Sipatahoenan, tabloid Galura, tabloid Kudjang, koran Sunda, wartawati Pikiran Rakyat.
Buku kénging Aam Amilia: Samagaha (1969), Asmara Ngambah Sagara (1970), Lalangsé (1970), Jago-jago Bandung Selatan (carita barudak), Puputon (1979), Buron (1980), Sanggeus Halimun Peuray, Kalajengking (1980), Tempat Balabuh (1994), Sekar Karaton (1994), Panggung Wayang (1992).
Komentar
1 Komentar kana seratan “Aam Amilia”
Ngintunkeun Komentar
aduh ibu aam abdi bingahpisan ngaos biona ibu. sok emut nuju kapungkur waktos punbapa masih jumeneng mani geget pisan kana karangan salirateh,masing abdi calik di US tapi abdimah asli urang sunda ,cintapisan kana sagalarupi kabudayaan sareung art sunda.Haturnuhun