Ai Rohmawati

pang-ai-rohmawati.jpgLAHIR di Garut, 6 Séptémber 1986. Ngaran aslina mah Ai Rohmawati, ngan duka kumaha sasakalana bet milih sandiasma Wasta Ai. Keur kuliah kénéh di Jurusan Basa Sunda FPBS UPI Bandung. Mimiti kurang-karang-duka enya henteuna mah-ti “ticengklak manah” cenah. Karanganana kungsi dimuat dina Manglé, Giwangkara, Galura, jeung majalah kampus Turus. Kungsi deuih jadi pinunjul pasanggiri carpon jeung karya ilimiah di UPI.

Komentar

3 Komentar kana seratan “Ai Rohmawati”

  1. Kang Marno | 06-08-2008, 11:08:32

    Sae pisan .. anom keneh tos produktif

    Salam

  2. de ayu | 29-04-2009, 01:43:58

    wasta ai teh sobat kuring, mahasiswa basa sunda upi anu pang ahengna sa garut sabab euweuh deui mahasiswa anu PD na siga ai. Ngan untungna wasta ai mah gede milik wae, kabogoh kasep, duit murudul, pagawean pabalatak, karyana dimuat wae deuih.Teuing alus teuing henteu. Ah, da apal modalna kuring mah…puasa senen kemis jeung salat tahajud.Hanjakalna kituna teh mun keur teu boga duit….hiji deui nu paling penting, ai mah geulis wae, rapih wae, gaya wae,tapi….tara mandi

  3. eRie | 30-04-2009, 10:08:10

    punten bade tumaros kapungkur sma na alumni mana?
    nuhun sateu acanna.

Ngintunkeun Komentar