Ano Karsana
Ano Karsana mimiti muncul dina rohangan ”Manglé Rumaja”, majalah Langensari, Kalawarta Kudjang dina taun 1964. harita téh masih jadi murid SMP di Pameungpeuk. Aya sajak, carita pondok sakapeung bahasan. Dina basa Indonésia ogé sok nyerat dina rohangan remaja suratkabar Pikiran Rakyat, umumna mangrupa carita pondok. Ano kungsi narima Hadiah Sastra LBSS pikeun sajak-sajakna (1992).
Sajakna tacan aya anu dibukukeun. Karyana anu dibukukeun mangrupa carita barudak jeung buku pangajaran sakola kayaning Sari Bahasa Indonésia, 6 jilid keur SD (1987), Pendidikan Bahasa Daérah, keur mahasiswa PGSD (1992), Liburan Bersama Kawan-Kawan Baru (1985), Bunga Mekarwangi (1992), Biarkan Burung-Burung Lepas Bébas (1992), Monumén Hutan Jati (1992) jeung lian-lianna.
Ano dibabarkeun di Pameungpeuk, Garut (10 Novémber 1947). Sabada tamat SPG nuluykeun ka IKIP Bandung jurusan basa jeung sastra Indonésia nepi ka tamat (1975). Sarta ngawulang di almamaterna.
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Ano Karsana”
Ngintunkeun Komentar
Sampurasun,
Sim kuring ti sumedang, kaleresan resep jalan- jalan di internet. pun adi kaleresan nuju peryogi biografi sareng salah sahiji karya kg. Rosyid sareng Pa Hidayat Suryalaga, manawi kagungan…
hatur nuhun pisan.
comment.
sae pisan ku ayana web ieu, mung info- infona nyukeun langkung dilengkepan deui. saneh karya sastrana wungkul, tapi budaya, waditra, tarian, nyunkeun di upload langkung seuer. hatur nuhun