Asikin Hidayat
Sanajan geus ti keur di SMP jeung SPG ogé mindeng nulis carita pondok jeung sajak dina basa Indonésia dina majalah sakolana, tapi kakara sabada lulus SPG sok nulis dina basa Sunda mangrupa dangding, sajak jeung carita pondok. Mimitina dimuat dina Majalah Pendidikan Suara Daérah, ti taun 1985 sok dikirimkeun ka majalah Manglé.
Asikin dibabarkeun di Majalengka (12 Januari 1964). Tamat SPG taun 1983, tapi kakara diangkat jadi guru SD taun 1986, bari ngajar di SMA PGRI Kadipatén. Bari cekelgawé, neruskeun kuliah di Unswagati Cirebon.
Salian ti ngajar jeung nulis, Asikin ogé aktif dina widang kasenian tradisional Sunda (karawitan jeung téater).
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)
Komentar
Ngintunkeun Komentar