Chyé Rétty Isnéndés

pang-retty-isnendes.jpg

LAHIR di Sukabumi, 2 Désémber 1972. Sapopoéna ngajar di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI. Nulis carpon, éséy jeung sajak dina basa Sunda. Bukuna, Kidang Kawisaya, dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 2002. Karanganana dimuat deuih dina buku Sajak Sunda dalam Dua Bahasa, Kanagan (kumpulan carpon pinilih Manglé), Heulang nu Ngajak Béngbat (antologi carpon & sajak PP-SS), Néangan Bulan (antologi sajak Taman Budaya), jeung Kembang Kadengda (antologi carpon, 2007).

Komentar

2 Komentar kana seratan “Chyé Rétty Isnéndés”

  1. Asep Tresna | 09-08-2008, 09:34:53

    1. Alhamdulillahhirobil a’lamin, sabada nyungsi-nyungsi raratan salira kersaning allah swt. ayeuna kapendak sok sanaos teu acan sampurna

    2. Wilujeng kana naon rupihal kasuksesan anu parantos di raih

  2. Asep Tresna | 01-12-2008, 05:22:50

    Assalamu’alaikum.wb.wb,

    1. Wilujeng milangkala anu ka 36 tauna dina ping 02 Desember 2008, mugi salira salamina aya ginanjar kawilujengan. Amin….

    2. Punten kado-na mah engke bae upami pareng tepang

Ngintunkeun Komentar