Dadan Sutisna

pang-dadan-sutisna.jpgDijurukeun di lembur Pasirloa, pasisian Tanjungsari Sumedang, 22 Pébruari 1978. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh, tapi dikirimkeun ka média massa mah basa geus di SMU, taun 1995. Karanganana dimuat dina koran Kudjang, Manglé jeung Galura mangrupa carita pondok jeung carita nyambung. Sanggeus lulus SMU, taun 1997, bari ngimpleng-ngimpleng hayang kuliah (hanjakal nepi ka ayeuna can kalaksanakeun) sok idek-liher di majalah Manglé, nepi ka jadi wartawan pisan. Kungsi jadi Juara Harepan Pasanggiri Carita Pondok DK. Ardiwinata (1997), Harepan Pasanggiri Novel DK. Ardiwinata (1999), Juara I Lomba Cerita Rakyat Jabar (2000) Hadiah Sastra “Samsudi” (2002), Hadiah Sastra “Samsud” (2004), Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi (2003), Hadiah LBSS (2003).

Karyana nu geus dibukukeun di antarana Mistéri Haur Geulis (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2003), Nu Ngageugeuh Legok Kiara, (Kiblat, Bandung, 2001), Campaka Mangkak, antologi carpon (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Kanagan, antologi carpon(Geger Sunten, Bandung, 2004) Surat Cinta Pangarang Sunda (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), Dén Angor (Djatnika, Bandung, 2001), Ukur Banyol (PT Manglé Panglipur, Bandung, 2000), Belajar Mudah Menggunakan Internet (Cipta Utama Press, Bandung, 2007), 7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster, buku internet (Mediakita, Jakarta, 2007).

Resep uprak-oprék kana komputer, pangpangna mah ngadésain internét. Website-nanu munggaran, Longsér: A Sundanese Folk Theatre, kapilih jadi finalis dina Adikarya Désain Indonésia 2003. Di PP-SS kapeto jadi sekertaris sakaligus kuncén website ppss.or.id. Ayeuna sapopoéna jadi Redaktur Majalah Basa Sunda Cupumanik. Websitena: http://daluang.com.

Komentar

2 Komentar kana seratan “Dadan Sutisna”

  1. Yatun R. Hasbullah | 19-01-2008, 12:04:30

    Kang… kumaha damang????
    euleuh eta poto meni gumasep pisan…
    He…. he…. he….
    salamna kasadayana……….
    ke Insya Allah Atun ping 21 Februari goes to bandung….

  2. CECE HIDAYAT LEUTIK | 30-01-2009, 07:48:21

    Ayi Dadan, punten lah ngalangkungan alam maya ieu, abdi seja neda widi rehna biografi pangarang seratan ayi di’bajo’ ku abdi kanggo kaperyogian bahan pangajaran di sakola. Barudak sina waranoh kana biografi jeung karya pangarang Sunda. Kitu deui foto-fotona, ku abdi di’save as’ disimpen dina file abdi,kango kaperyogian dokumentasi sastra Sunda. Kaleresan abdi nuju ngeureuyeuh deui ngagarap proyek pribadi “Dokumentasi & Inventarisasi Sastra Sunda” leuleutikanan. Manawa sareng manawi aya guna sareng mangpaatna kanggo balarea, sing saha bae nu peryogieun. Hatur nuhun

Ngintunkeun Komentar