Dian Héndrayana
LAHIR di Subang, 25 Pébruari 1971. Nulis éséy, carpon, sajak jeung dangding tur dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Kujang jeung Koran Sunda. Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS taun 1999 jeung 2000. Bukuna nu geus medal di antarana Lalakon Bingbang (kumpulan carpon). Milu niténan kamekaran tembang Sunda, tur sakapeung sok milu ngahaleuang deuih. Kiwari keur ngahanca garapan musikalisasi sajak Sunda jeung ngokolakeun acara sastra Sunda di RRI Bandung.
Komentar
3 Komentar kana seratan “Dian Héndrayana”
Ngintunkeun Komentar
sampuranun dulur!!!
nepangkeun simkuring bugie ti borneo, nuju jalan jalan mendak nami salira…asa emut…eh geuning tatanggi urang teh… erte opat tea geuning…mun teu leupat abahna fajri sanes…kumaha damang kang dian? salam we nya ka sadayana dulur - dulur. haturnuhun
Sampurasun ki dulur?
Kumaha calageur di bandung? Sukur alhamdulillah mun calageur bageur mah, eta nu dipiharep ku simkuring. Iraha atuh urang kolaborasi nya? Resep kuring mah ningali dian teh, sukses dina sagala widang, boh sastra na boh seni na. Iraha atuh urang reuni group “bereweks” tea? Inget weh basa urang di sma nya?
Sakitu heula ti simkuring. Salam ka kulawarga nya?
Nuhun
Assalamualaikum Kang Dian…
Sehat Kang ?
Emut keneh ka Dini’94 tea, adi tingkat Akang di Pamass ?
Mindeng nguping wartos ngeunaan Akang mah, tapi kantenan awis tepangna mah. Iraha-iraha aya kempelan, hoyong abdi diwartaan.
salam baktos.