Euis Balébat
Lahir di Bandung, 5 Pébruari 1969. Dina dunya téater mah, moal aya nu bireuk ka ngaran Euis Balébat téh. Mun pareng aya riungan, moal matak hésé néangan, komo ti heula mah sok maké waé dudukuy. Euis leuwih dipikawanoh minangka pamaén téater ti batan tukang nulis sajak. Da puguh wedalan ASTI (STSI), ti jurusan téater deuih. Sajaba ti maén drama téh, Euis kungsi jadi sutradara Drama Sunda Abah Tauladan.
Kungsi aktip di Téater Sunda Kiwari, STB, nu saterusna mah ngadegkeun Téater Asap. Kiwari Euis jadi pangurus Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PP-SS). Icikibung dina tradisi mah baris terus dilakonan, da ayeuna gé ngagabung jeung Komunitas Seni Tradisi (SETRA) jeung Komunitas Téater Tradisi (KTT) di Padépokan Seni Kota Bandung. Ari nganggit puisi ngarang sajak mah, geus ti béh ditu kénéh. Sajak-sajak Euis mindeng dimuat dina Galura jeung Manglé.
Komentar
Ngintunkeun Komentar