Hawé Setiawan
Lahir di Cisalak, Subang, Jawa Kulon, 21 Novémber 1968. Kungsi kuliah di Jurusan Jurnalistik, Fakultas Ilmu Komunikasi Unpad, tepi ka tamat. Kungsi nganjrek di Jakarta, jadi wartawan Majalah Tiras (1994-1997), terus pindah jadi wartawan tabloid Detak (1999-2001). Kungsi milu ngokolakeun Lembaga Studi Pers dan Pembangunan (1998-2001) di Jakarta. Pindah pacabakan ka PT. Dunia Pustaka Jaya, minangka redakturna.
Taun 2002 pindah ka Bandung. Ilubiung di Yayasan Kabudayaan Rancagé jeung Pusat Studi Sunda. Ti taun 2003 jadi pamingpin redaksi majalah Sunda Cupumanik. Kungsi dilélér Anugrah Jurnalistik Moh. Koerdie taun 2003 jeung Hadiah LBSS taun 2004, duanana dina widang éséy. Jagat Carita téh buku Sundana anu munggaran.
Komentar
3 Komentar kana seratan “Hawé Setiawan”
Ngintunkeun Komentar
Salam….
Kumaha Kang Hawe…..
Posisi dimana nich?
InsyaAllah Juli kami balik ke Bandung……
Salam kenal dari Keluarga saya…..
salam kenal ti abdi urang cisalak.
reueus puguh ge lah ari aya batur salembur ngetop teh
Kang hawe abdi asli ti Ds.Sukakerti Cisalak Subang edunlah kang Hawe mah.