Babasan & Paribasa
Babasan & Paribasa, Kabeungharan Basa Sunda, disusun ku Ajip Rosidi, 189 kaca, Rp. 35.000,- ,citakan ka-1, Kiblat Buku Utama, Juni 2005
LIR mutiara nu gedé ajénna, babasan jeung paribasa téh. Hanjakal, sigana geus teu réa nu apal. Padahal éta téh salah sahiji banda ruhani urang Sunda. Ka mana néanganana? Horéng nyampak dina karya sastra.
Dina karya sastra Sunda, réa pisan babasan jeung paribasa. Ngan sigana nu maca tara sadar yén ti antara kekecapan nu ditulis ku pangarang téh, réa babasan jeung paribasana.
Orokaya ari kudu néangan babasan jeung paribasa nu aya dina karya sastra mah, boh carpon boh roman, puguh wé lain pagawéan méméh mumuluk. Sok komo keur nu teu tuman, moal boa teu béda ti néangan jarum dina jarami.
Tapi teu kudu handeueul. Ayeuna geus aya bukuna. Judulna, Babasan & Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda beunang nyusun Ajip Rosidi. Ieu buku wedalan PT Kiblat buku Utama, Bandung, Juni 2005.
Ieu buku Ajip nu panganyarna téh rada nenggang ti buku-buku kupulan babasan jeung paribasa Sunda lianna. Ari sababna, nyéta, sakur babasan jeung paribasa nu dikumpulkeun ku Ajip mah beunang ngala tina karya sastra. Jadi, puguh sumberna. Malah mah judul sakur karya nu dijieun sumberna téh dibéréndélkeun deuih, sangkan kapaluruh ku nu maca.
Kandelna 189 kaca. Nu kawadahanana teu kurang ti 776 babasan jeung paribasa Sunda, beunang mulukan tina 25 karya sastra Sunda beunang para pangarang nu geus teu bireuk deui. Aya nu meunang nyutat tina Baruang ka Nu Ngarora (Daéng Kanduruan Ardiwinata), Asmaramurka (Ahmad Bakri), Lain Éta (Mohammad Ambri), Dogdog Pangréwong (G. S) Carios Agan Permas (Joehana), Mirah Delima (Kis Ws), Papacangan (Rusman Sutiasumarga), tepi ka Dongéng Énténg ti Pasantrén (RAF), jeung réa-réa deui.
Ku Ajip unggal babasan jeung paribasa téh diterangkeun hartina, terus diasongkeun conto ngalarapkeunana sakumaha nu nyampak dina karya sastra téa. Puguh baé unggal conto disebutkeun ti mana sumberna ku cara nyebut singgetan judul bukuna, kumplit jeung nomer kacana sagala. Atuh keur ngagampilkeun nu maca néangan sumberna, keur judul buku nu paranjang dituduhkeun ku salah sahiji kecap nu aya dina judulna. Upamana Baruang ka Nu Ngarora, ditulisna jadi Baruang, Asmaramurka jadi Asmara, Dongéng Énténg ti Pasantrén jadi Dongéng, jst.
Nya lebah dieu unggulna ieu buku. Onjoy ti nu séjén lebah sumberna katut conto-contona nu diasongkeunana.
Ajip ku anjeun, dina panganteur ieu buku, nyabit-nyabit yén dina buku ngeunaan babasan jeung paribasa nu geus aya, ilaharna tara diterangkeun ti mana nu nyusun éta buku néangan conto babasan jeung paribasa. Upamana buku Saratus Paribasa jeung Babasan, lima jilid, beunang Mas Natawisastra (1914) nu unggal jilidna ngamuat saratus babasan jeung paribasa. Kitu deui dina 700 Paribasa Sunda beunang R. Maskar Gandasudirdja (1950), jeung Pedaran Paribasa Sunda nu disusun ku Yus Rusyana (1982) nu ngamuat 50 paribasa. Kabéhanana gé sumberna téh lain tina téks basa Sunda nu aya, tapi meunang ngarang nu nyusunna.
Dina ieu buku, karasa nu nyusunna téh boga kamampuh nu pohara dina maca tur ngaprésiasi karya sastra. Kabuktian ku telikna Ajip enggoning milihan ungkara kalimah nu ngandung babasan jeung paribasa dina karya sastra nu dijadikeun sumberna. Ajip gé tukuh kana jejer nu diangkatna. Sakumaha cék Ajip dina panganteurna, najan réa babasan jeung paribasa nu dipikanyahona, tapi ari nu euweuh dina buku sastra nu jadi sumberna mah, ku Ajip teu diasupkeun kana ieu buku.
Aya opat hal nu diécéskeun ku Ajip sabada nyutat babasan jeung paribasa tina karya sastra téh. Kahiji, ungkara paribasa téh lain ungkara nu teu bisa dirobah atawa dilemeskeun sakumaha anggapan salila ieu. Buktina, para pangarang ngagunakeun paribasa dina ungkara nu dianggapna pangmerenahna. Malah aya pangarang nu ngagunakeun paribasa kalawan ungkarana rada béda. Kadua, nu penting dina paribasa téh kecap koncina. Upamana kecap konci kéok, jadi kuméok méméh dipacok, kuméok éléh ku bikang, jsb. Ku ngadéngé kecap koncina, sakapeung paribasa ogé teu kudu diucapkeun kalawan gembleng cara kecap hurung nangtung, hutang uyah. Nu ngabandungan baris apal lengkepna. Katilu, cék Ajip, saban pangarang miboga variasi enggoning nyurahan harti paribasa. Kaopat, réa paribasa nu asalna sisindiran. Biasana nu sok diucapkeun minangka paribasa téh cangkangna. Contona, cau ambon dikorangan/ kananga kapipir-pipir, nu ngabandungan pasti apal kana hartina (kaca 10).
Kalawan napak kana karya sastra, ieu buku milu nuduhkeun yén babasan jeung paribasa téh tétéla dipaké ku balaréa dina kahirupan sapopoé. Paling copélna, dina karya sastra. Dina kahirupan sapopoé di luareun karya sastra mah teu pamohalan babasan jeung paribasa téh nasibna pikamelangeun sakumaha pikamelangeunana basa Sunda kiwari.
Aya kesan, Ajip bangun hayang negeskeun yén karya sastra gé gedé jasana engggoning miara tur ngamekarkeun babasan jeung paribasa Sunda. Nu sidik, ku jalan nyusun ieu buku Ajip deui-deui ngajurung sangkan urang Sunda terang deui kana kakayaan batinna. Utamana mah sangkan jadi cecekelan urang Sunda nu hayang boga réferénsi ngeunaan basana.*** (Ibnu Hijar Apandi)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Babasan & Paribasa”
Ngintunkeun Komentar
Alhamdulillah kataji pisan, mung kaleresan pribados mah teu acan gaduh. mudah-mudahan aya nu haateun, kintun we ka rorompok.