Béntang Lapang
Béntang Lapang, kénging RAF, 89 kaca, Rp. 18.500, citakan ka-4, Kiblat Buku Utama, Novémber 2005
Pangarang nu kungsi lila dalit jeung dunya maén bal, nulis carita maké kasang tukang sabudereun maén bal. Katineung jeung “kalibetna” pangarang, mingkin ngeuyeuban eusi carita.
Pikeun RAF (Rahmatullah Ading Affandie, pituin urang Banjarsari, Ciamis, 2 Oktober 1929), pangalaman hirup téh kacida pentingna. Teu deuk kitu kumaha, rupa-rupa pangalamanna téh remen namper ngajanggélék jadi karya sastra
Urang sebut waé kumpulan carita pondokna anu munggaran, Carita Biasa (Jakarta, 1959) , kapan inspirasina téh tina pangalaman anjeunna nu kungsi ngilu bajoang ka “front” nalika jadi Tentara (Pelajar). Kitu deui kumpulan carpon kaduana, Dongéng Énténg ti Pasantrén (Bandung, 1961), atawa Yaomalqiyamah (wangunan drama). Éta karangan téh lahir sabada anjeunna masantrén salila dua taun nalika jaman Jepang.
Deudeukeutan jeung dunya tembang Sunda, RAF ngalahirkeun novelét Nu Kaul Lagu Kaléon (Bandung, 1989). Éta novelét téh nyaritakeun lalampahan jalma nu icikibung dina kasenian Tembang Cianjuran.
“Béntang lapang” gé kitu. Ieu novel nu munggaran medal taun 1981, nilik kana prosés kréatifna mah teu béda ti karya-karya RAF lianna. Ideuna teu leupas tina pangalaman pangarangna.
RAF nu lila aktif minangka pangurus Persib, némbongkeun kaweruhna nu jero tur lega ngeunaan bagbagan maén bal. Ieu buku téh lain pangajaran dina bagbagan maén bal, tapi keur nu hayang diajar maén bal mah bisa dipaké pituduh. Pangaweruh teknis ngeunaan bagbagan maén bal ukur jadi mamanis tina carita.
nu kungsi jadi pangurus Persib. Malah cék Aang Witarsa (pamaén Persib manten) dina panganteur novel Béntang Lapang citakan ka-3, pedalan Kiblat buku Utama, 2005, RAF téh salila lima taun jadi Ketua Komisi Téknik & Kesebalasan Pérsib, nu sok ngalakonan naon-naon nu dilakonan ku tokoh “kuring” dina buku Béntang Lapang.
Komentar
Ngintunkeun Komentar