Arsip Video (1)
Video Sajak Godi Suwarna - Surat keur Rahmawati Nilakusumah
Keur masarakat sastra Sunda mah, panyajak Godi Suwarna teh lain ngan dipikawanoh pangarang nu sok nulis sajak. Godi unggul lebah maca sajak, tur geus kungsi ngalanglang Australia macakeun sajak Sunda. Meh dina saban acara sastra Sunda, Godi teu weléh dipentes maca sajak. Nu kasanggakeun di dieu sajak Surat keur Rahmawati Nilakusumah nu dibacakeun ku dina acara mungkas Festival Drama Sunda X 2006 di Gedong Kasenian Rumentang Siang.