Béwara (17)

Béwara Pinunjul Pasanggiri Tarucing Cakra

Sakumaha nu tos dibéwarakeun ti méméhna, dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional 2008, Universitas Padjadjaran gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) ngayakeun Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra. Kagiatan pasanggiri, boh nu online (dina internét) boh nu dina jaringan lokal, tos dilaksanakeun kalayan lungsur-langsar.
A. Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Online
Ieu pasanggiri langsung dina internét. […]

» Terasanana

Pasanggiri Tarucing Cakra Online

PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Universitas Padjadjaran, baris ngayakeun Pasanggiri Tarucing Cakra (ngeusian TTS), dipatalikeun jeung Poé Basa Indung Internasional 2008. Tujuan ieu pasanggiri téh keur ngasah kamampuh masarakat dina ngagunakeun basa Sunda. Dina prakprakanana, ieu pasanggiri rék maké pakakas komputer (lain ngeusian dina keretas), sarta dibagi jadi 2 katégori …[]

» Terasanana

In Mémoriam: Rahmatullah Ading Affandié (R.A.F.) 1929 - 2008

R.A.F. kalintang ageung jasana keur kamekaran basa jeung sastra Sunda. Di antarana, anjeunna kantos ngiring merjoangkeun Perda No. 6 ngeunaan basa jeung sastra Sunda, nu saterusna dirévisi jadi Pérda No. 5,6,7. Atuh dina kurang-karang tos seueur deuih karya-karyana, di antarana Dongéng énténg ti Pasantrén, Nu Kaul ku Lagu Kaléon (dilélér Hadiah Rancagé 1990), Béntang Lapang, Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong (1998), jsté. R.A.F. nyerat naskah drama Sunda deuih, di antarana nu kawentar téh Yaomal Qiyamah. Taun 1956, R.A.F kapilih jadi Ketua Panitia Kongrés Pemuda Sunda (4 – 7 Novémber 1956).

» Terasanana

Ti PP-SS keur 70 Taun Ajip Rosidi

Cutatan komentar kenging ngempelkeun Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda kanggo 70 Taun Ajip Rosidi.

» Terasanana

Keputusan Hadiah Sastera Rancage 2008

Unggal ping 31 Januari, Yayasan Kebudayaan Rancage ngahaturkeun Hadiah Sastra Rancage kanggo sastra Sunda, Jawa, sareng Bali. Malah ngawitan taun 2008 mah ditambihan ku sastra Lampung. Saha bae nu kenging hadiah Rancage 2008? Mangga di dieu putusanana.

» Terasanana

Ti PP-SS jeung Unpad keur Basa Indung

DI Tatar Sunda mah, Poé Basa Indung Internasional (PBII) téh can pati dipikawanoh. Najan geus dibéwarakeun ti taun 1999, tapi héabna mah kakara kaayeunakeun. Taun 2006, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) dirojong ku Disbudpar jeung Fakultas Sastra Unpad, miéling Poé Basa Indung nu dipuseurkeun di Aula Sanusi Hardjadinata UNPAD. Éta acara baris diteruskeun taun 2007 jeung 2008, malah engkéna mah rék mayeng unggal taun.

» Terasanana

Hadiah “Hardjapamekas” keur Guru Basa Sunda

hadiah-hardjapamekas-2008.jpgHadiah Hardjapamekas téh wangun panghargaan pikeun guru-guru basa Sunda. Éta panghargaan téh dumasar kana kahéman aranjeunna nu teu kendat ngajarkeun basa Sunda ka barudak sakola. Ieu hadiah baris dipasrahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé unggal taun, ti mimiti taun 2008. Guru basa Sunda nu cocog pikeun dilélér ieu hadiah méméhna dipilih heula ku Déwan Juri Hadiah Hardjapamekas, keur tiluaneun, guru SD, DMP, jeung SMA. Para pinunjul Hadiah Hardjapamekas baris dilélér tropi, piagem, jeung duit Rp. 5 juta (lima juta rupia).

» Terasanana

« Kaca Pengker