Kembang Kadengda
BALAI Pengelolaan Taman Budaya (BPTB) medalkeun deui buku. Siga taun kamari, ieu buku medal ku jalan gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Nu béda téh ukur wanda jeung milihan naskahna. Taun kamari mah kumpulan sajak, taun ieu kumpulan carpon.
Surat Cinta Pangarang Sunda
Cinta mah hiji hal nu universal kaalaman ku manusa. Saha waé ogé tangtu ngalaman kaéndahan rasa cinta, ngalaman kapeurih tina asih; ngalaman gumulungna kadeudeuh jeung kaceuceub atawa aworna katresna jeung katimburu nu ahirna ngamuara kana lautan asmara nu ngagalura. Saha waé nu keur katerap asmara, tangtu ngarasakeun kaéndahan alam dunya nu taya papadana, malah kalan-kalan rasa kaéndahan cinta téh bisa ngajanggélékkeun hiji jalma jadi panyajak atawa pangarang. Kecap-kecap tur kalimah éndah jul-jol ‘na pikiran, galécok ‘na haté, laju diwujudkeun ‘na réngkolan sajak atawa surat.
Heulang Nu Ngajak Béngbat
Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat tangtu baé macaan jengléngan idé saban pangarangna. Macaan jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu diéksprésikeun dina wangunan carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu ngagayem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasana béda-béda téa.