Buku Sunda (60)

Ajalna Sang Béntang Pilem

buku-ajalna-sang-bentang-pi.jpgÉrlan Digjaya, béntang pilem sohor, kasampak geus jadi mayit di WC bioskop. Saha nu maténi Sang Béntang Pilem? Naon kasang tukangna?

“Ajalna Sang Béntang Pilem”, salah sahiji carita nu dimuat dina ieu buku. Sawelas carita séjénna, moal éléh ramé, éstuning matak pogot. Pangarangna geus moal bireuk deui, da puguh welasan taun ngasuh rohangan fiksi di majalah Manglé.

» Terasanana

Amanat Dina Napas Panungtungan

buku-amanat-rustandi.jpgDayat jeung Duduy, dua sobat nu ninggalkeun sakola alatan hayang bébéla ka lemah cai. Dina napas panungtungan, Duduy méré amanat ka sobatna, sarta omat-omatan sangkan Dayat sanggup nepikeun éta amanat.

» Terasanana

Anak Jadah

buku-anak-jadah.jpgIeu pangarang jigana rada kaobsési ku gagasan-gagasan kritis tur inovatif ngeunaan masalah-masalah nu aya dina kahirupan masarakat di sakurilingeun dirina. Di leuweung sastra Sunda mah carpon-carpon nu “nembrakkeun gagasan” cara nu ditulis ku Cécép téh kawilang langka. Mun téa mah aya nu pirajeunan hayang néangan naon nu jadi ciri nu mandiri atawa kakuatan tina carpon-carpon Cécép, bawirasa, salah sahijina mah nyaéta kecendrunganana némbongkeun concern kana gagasan.—Hawé Setiawan

» Terasanana

Anaking Jimat Awaking

buku-anaking-wahyu.jpgAnaking Jimat Awaking midangkeun runtuyan karangan beunang Wahyu Wibisana anu jejerna museur kana tingkah paripolah barudak. Nu kapidangkeun téh kawas albeum poto nu ngagambarkeun kahirupan sapopoé hiji kulawarga. Kawantu nu ngarangna kasebut panyajak lirik, tur nu disawangna téh anakna pisan, puguh baé karanganana jadi ngagalindeng lir lagu nu metot ka jero kalbu. Nu ngarang kawas ngajak ngeunteung bari ngimpleng. Aoseun sugri nu mikacinta sastra Sunda enggoning nilik diri nyeukeutan kasurti.

» Terasanana

Ayang-Ayang Gung

buku-ayang-gung.jpgAyang-Ayang Gung téh buku nu ngamuat surat-surat Ajip Rosidi nu ditulis taun 1980-1986. Eusina ngungkab kalawan gemet kaayaan mangsa muncakna kakawasaan rézim Ordeu Baru.

Dina ieu buku Ajip nyaritakeun gerentes batinna ka sawatara tokoh umat Islam pangpangna anu keur katideresa, alatan sikep pulitik anu papalingpang jeung rézim Ordeu Baru. Sawatara tokoh Islam nu diajak ngawangkong dina surat téh ti antarana K.H. Endang Saifudin Anshari, M.A., K.H. Joséf C.D., K.H. Dr. EZ. Muttaqien, K.H. Afandi Ridhwan, jeung Mr. H. Sjafruddin Prawiranegara.

» Terasanana

Babalik Pikir

buku-babalik-pikir.jpgKawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangbérokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan kasalahan, éling di bebeneran.

» Terasanana

Babasan & Paribasa

buku-babasan-paribasa.jpgLIR mutiara nu gedé ajénna, babasan jeung paribasa téh. Hanjakal, sigana geus teu réa nu apal. Padahal éta téh salah sahiji banda ruhani urang Sunda. Ka mana néanganana? Horéng nyampak dina karya sastra.

Dina karya sastra Sunda, réa pisan babasan jeung paribasa. Ngan sigana nu maca tara sadar yén ti antara kekecapan nu ditulis ku pangarang téh, réa babasan jeung paribasana.

» Terasanana

Bébér Layar

buku-beber-layar.jpgIeu buku eusina dua welas karangan nu tadina mah bacacar di sawatara surat kabar jeung rohangan seminar. Disusun sarta diumumkeun ku Ajip Rosidi dina taun-taun 1950-an nepi ka 1960-an, mangsa ieu pangarang keur “dedegler” kénéh. Karanganana remen karasana peureus, togmol, tapi tetep rasional sarta proporsional.

Demi anu jadi jejerna taya lian iwal ti pirang-pirang perkara penting di sabudeureun sastra Sunda sabada perang. Ajén ieu buku babakuna patali jeung tarékah Ajip enggoning ngabaladah tradisi kritik sastra Sunda, ku jalan nandeskeun sarta ngélingan réhing sastra Sunda geus wayahna kudu miboga “dasar-dasar kasadaran anu leuwih tohaga”, sabab cenah “jaman nyastra sasambian atawa jaman sasastraan geus kudu ditinggalkeun”.

» Terasanana

Béntang Lapang

buku-bentang-lapang.jpgPangarang nu kungsi lila dalit jeung dunya maén bal, nulis carita maké kasang tukang sabudereun maén bal. Katineung jeung “kalibetna” pangarang, mingkin ngeuyeuban eusi carita.

Pikeun RAF (Rahmatullah Ading Affandie, pituin urang Banjarsari, Ciamis, 2 Oktober 1929), pangalaman hirup téh kacida pentingna. Teu deuk kitu kumaha, rupa-rupa pangalamanna téh remen namper ngajanggélék jadi karya sastra

» Terasanana

Budak Teuneung

buku-budak-teuneung.jpgKahirupan Warji, budak yatim umur sawelas tahun, kacida balangsakna, katurug-turug deuih ku barudak papantaranana remen dijailan, pangpangna ku Si Begu jeung Si Utun.
Dina hiji poé, Warji nulungan anak lurah anu tigebrus ka sumur burung di kebon awi. Ti kajadian harita, anak lurah téh jadi malik nyaah ka Warji. Ku Pa Lurah, manéhna dijeujeuhkeun jadi tukang ngangon munding. Ari peutingna, Warji sok diajar maca jeung nulis ka Asép Onon.

» Terasanana

Kaca Payun »