Buméla ka Bangsa
Buméla ka Bangsa téh buku biografina R.S. Hardjapamekas. Eusina medar pangalaman anjeunna nu nyorang jaman Walanda, jaman fasismeu Jepang, jaman kamerdékaan jeung jaman sabada kamerdékaan. Karirna dimimitian tina jadi pagawé pamaréntahan, tuluy jadi guru. Parobahan karir kitu téh, keur Pa Hardja mah minangka tarékah pikeun buméla jeung babakti ka bangsa.
Buntut Oa
Ari oa buntutan? Puguh waé ceuk Jang Ardi mah. Lamun aya nu nyebut teu buntutan, ah, kajeun gelut wé! Séjén deui pangalaman Pa Niti waktu ulin ka kebon binatang jeung pamajikanana. Manéhna manggihan endog gajah. Gancang waé dibawa ka imah, terus disileungleuman ku Pa Niti. Megar? Is, atuh puguh. Barang dirampa ku pamajikanana, bet kakeupeul tulaléna.
Carita Sarébu Samalem
Carita Sarébu Samalem téh tangtuna gé ti ditu, ti Tanah Arab, anu disebut Alf Layla wa Layla atawa nu cék bangsa Inggris téa mah Arabian Nights. Ngocorna ka lembur urang, nepi ka milu ngabeungharan sastra Sunda, éta téh hasil gawé rancagé Mohamad Ambri jeung Méméd Sastrahadiprawira, pangarang Sunda anu kawentar téa. Ieu carita klasik anu kamashur téh disaluyukeun jeung jatining batin urang Sunda, pangpangna mah basa wawacan masih kénéh dipikaresep ku balaréa, nepi ka genah dibacana.
Carita Si Dirun
Si Dirun téh budak bengal, teu nurut ka kolot. Hiji poé Si Dirun susumpit ka sawah bet kamalinaan, nepi ka poho balik. Indungna néangan, cul seuneu di hawu. Gur téh umah Si Dirun kahuruan. Ambu Dirun maot kaléntab seuneu.
Saprak indungna maot, Si Dirun cicing jeung uwana anu pohara meditna. Si Dirun ukur dititah ngangon munding, daharna mah henteu dipaliré. Hiji poé Si Dirun kasaréan di saung ranggon. Barang lilir hujan gedé naker, walungan Citarum limpas. Si Dirun nyieun rakit tina tangkal cau, tapi kabawa palid. Isukna, Si Dirun geus aya di tengah laut….
Dina Kalangkang Panjara
Geus teu matak bireuk, kumaha ari gaya Ahmad Bakri dina karangan-karanganana. Lain waé dina lebah tapisna nyusun ungkara, tepi ka carita téh enya-enya karasa hirup, tapi deuih sacara téknis matak nimbulkeun kapanasaran anu macana; asa lebar lamun tepi ka teu tutug nuturkeunana téh.
Opat carita anu dikumpulkeun dina ieu buku kaasup karya petingan Ahmad Bakri anu milu ngabeungharan sastra Sunda.
Dukun Lepus
Dina karangan-karanganana anu dimuat dina ieu buku, katangén pisan yén Ahmad Bakri lain waé ngan saukur wanoh, tapi deuih dalit kana kahirupan urang Sunda sapopoé dina rupa-rupa jaman—saluyu jeung anu karandapan ku dirina, anu ngalaman hirup ti mimiti “jaman normal” tepi ka ahir taun ‘80-an. Nya hal éta pisan anu ngalantarankeun Ahmad Bakri tapis ngagambarkeun rupa-rupa suasana katut karakter tokoh-tokohna.
Élmu Politik Keur Warga NU
Réréana perkara nu dipedar dina ieu buku sumberna tina bab adab-adaban politik dina kitab Adabud Dunya wad-Din nu ngaguar yén politik téh baris ngadatangkeun mangpaat ka balaréa upama nyoko dina genep dasar: nempatkeun agama (Islam) pikeun anutan, pamaréntah nu kuat, kaadilan nu rata tur nyaliara, kaamanan nu karasa nangtayungan saréréa, ceuyah sandang pangan, jeung mangsa pikahareupeun nu jelas.
Fiqih Ibadah Basa Sunda
Urusan fiqih, utamana fiqih ibadah, kacida pentingna dina kahirupan, sabab raket patalina jeung kasalametan urang, pangpangna jaga di ahérat. Ku sabab kitu, éta urusan téh kudu enya-enya dipikaweruh ku sakumna umat Islam, sangkan amal ibadah urang luyu jeung papagon katut conto Kangjeng Rosul saw.
Galuring Gending
“Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono, katangén yén pangarang ieu novel téh ancrub kana kahirupan. Gagasan anu diangkat tina kahirupan aktual téh diolah ku parabot novel, terus disusun dina hiji pidangan novel anu karasa nyari. Katangén aya studi antropologis jeung sosiologis anu dilakukeun ku pangarang.” — Saini K.M.
Gunem Rencep Sidem
Gunem Rencep Sidem téh buku kadua beunangna Enas Mabarti anu dipedalkeun ku penerbit Kiblat buku Utama, sabada Élmu Politik Keur Warga NU (Kiblat Buku Utama, 2003). Dina Élmu politik Keur Warga Nu, nu dipedar téh masalah politik, ariGunem Rencep Sidem mah kumpulan prosa lirik. Lian ti eusina, gaya basana gé béda.