Carita Pondok (69)

Kawung Ratu

Carita Pondok Wahyu Wibisana

DI SADESA Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjugrahna teh. Lain si sombong, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi ge. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum bae.

Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus perak mah sapoena eta kawung teh bisa mere, teu hese-hese. Lakar daek bae ngaropeana.

» Terasanana

Sapi Ngencar

Carpon Dadan Sutisna

“Geura jung atuh rék digadag mah, lain kalah ka ngalulungkut!”
“Mangké heula, sidik aing téh baruruten kénéh. Abong biwir teu diwengku!”
“Kéjo geus haneut, deungeunna geus diasakan, rék naon deui?”
“Aéh-aéh, na ka salaki téh, mani poporongos kitu?”
“Kaluman wé nénjona. Hudang héés téh lain buru-buru ka tampian. Batur mah geus kamana boa!” …

» Terasanana

Gepokan Kalakay

Carpon Éris Risnandar
Soré téh keur éta budak mah mangsa guyang ngambah sagara cahaya. Layung geus jadi cukang pikeun ngarasa meuntas sawawa. Malidkeun wates-wates umur nu prah di jalma réa. Éta budak nu sok pada nyebut bau jaringao téh teu salawasna miyuni tongo. Ti poé ka poé, ana langit teu haleungheum ku pihujaneun, éta budak bolokot […]

» Terasanana

Suptapada

Carita Pondok DADAN SUTISNA
(DIAH datang ka kontrakan basa kuring keur ngahurungkeun komputer. Kagok, manéhna terus dititah saré.)
Matak gogodeg nénjo beubeunangan Collen Sire. Beuki engeuh, pangaweruh téh tangéh kénéh ka bisa mapakan manéhna.
Animasi nu cenah meunang ngadekul sabulan campleng téh teu burung ngabetot imajinasi. Lebah ngimpleng sétting, katémbong Collen beunghar ku reférensi. […]

» Terasanana

Bulan Wanci Sareupna

Carita Pondok Dadan Sutisna
Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.
Nya danget ieu pisan, lembur téh kari waasna. Sampalan pangangonan, […]

» Terasanana

Langit Bengras Deui

Carita pondok Cecep Burdansyah
“Esteeer!”
Euweuh nu nembalan.
“Ester. Esteeer!”
Angger euweuh nu nembalan.
“Ka mana si koplok teh,” kukulutus. “Edeeengggg!” Urat genggerong ranteng bubuhan sataker kebek.
“Naon ari maneh, Juned! Angger sia mah sok ngagokan rejeki batur,” tembal nu ti peuntaseun jalan, tina jero beca.
“Di mana ari sia, Edeng? Aing beakeun roko. Gancang, meungpeung aya sedan,” pokna, kokotetengan […]

» Terasanana

Pesta

Carita Pondok Enang Rokajat Asura
Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Geus nyarahoeun ngarah teu saumur-umur jadi bujang bulukan cenah ceuk Ema mah. Deuh … rek kawin, cekeng ngageuhgeuykeun diri sorangan. Mun tujuanana ngarah teu jadi bujang bulukan, wajar jeung pantes mun nu kaimpleng ukur oyagna ranjang, sepre weuteuh, guguling hirup jeung lalampahan ka […]

» Terasanana

Puraga Tamba Kadengda

Carpon Wébi Alisan
TEu hayang! Celengkeung deui, sora handaruan meupeus kakeuheul. Si Mamah nu bisaan ngolo téh. Keur kumaha baé kaayaan kuring, anjeunna mah bisa ngigelan rasa haté kuring. Siga ayeuna, nu keur keuheul awahing dipapaksa kudu ngajar. Ari guru téa, euy, lain tukang nganyam bilik atawa palika. Kasebut guru mah, di lembur kuring, tata-titi basa […]

» Terasanana

Goool

Carpon Wasta Ai
HARORÉAM ari kabagéan kelas beurang bari pelajaran pamungkas téh, sok tunduh. Bubuhan mun di imah mah jam sakieu téh keur istirahat. Tong boro kuring, dalah murid gé katémbongna bangun nu geus carapéeun. Aya sababaraha murid nu katénjo kalah ka heuay waé bangun nu tunduh, jadi teu pati dariangajartéh. Mun bisa nawar mah wayah […]

» Terasanana

Hariwang

Carpon Waluya
HARITA, dina paro bulan Juli 2005, kuring ngalangeu di lobi hotél, di Atambua, Nusa Tenggara Timur. Sabot keur kitu, teu kanyahoan datangna, ujug-ujug pok aya nu nanya ti tukangeun, “Selamat Sore, Bapak.”
Rét kuring ngalieuk. Bréh aya barudak ngora duaan, umurna sapantar, kira 20 taunan. Dedeg pangadegna sidik urang dinya: hideung jeung perekel, buuk wé […]

» Terasanana

Kaca Payun »