Nu Katideresa dina Carpon Cécép
Ku Déni A. Fajar
KAHIRUPAN jalma katideresa anu ngancik di kelas handap geus réa diangkat kana carita. Tokoh-tokoh siga kitu deuih nu digambarkeun kahirupanana ku Cécép Burdansyah dina carita pondok anu kakumpulkeun dina kumpulan carpon Anak Jadah. Tokoh dina carpon-carpon Cécép karéréana sasat tokoh anu antihéro, da kapan ilaharna nu sok dijadikeun héro dina karya sastra téh kaom mapan baé. Bangsa bulu taneuh atawa nu mariskin mah tara pati katalingakeun. Mun téa mah rék diasupkeun kana kolom héro, nya héro Cécép mah taya lian nu ngarancik di kelas handap téa kayaning ungkluk, préman, padagang kaki lima, guru sakola dasar, kuli perkebunan, jeung sabangsana.
Kurir Sastra Sunda
JAGAT carita téh jembar kacida. Tingronghéap ti suklakna ti siklukna, boa aya nu ngurunyung ti juru dunya. Lalakonna warna-warni, basana rupa-rupa, atuh nu ngarangna gé béda-béda sélér bangsa.
Ti dinya torojol wéh sesebutan sastra dunya jeung pangarang dunya. Mun mapaykeun ka huluwotanana, tangtuna gé sastra dunya téh lain ukur nu ditulis dina basa Inggris. Buktina réa karya sastra nu ditulis dina basa séjén—salian ti basa Inggris—tapi nu ngarangna disebut pangarang dunya. Rabindranath Tagore, ngarangna mah dina basa Béngal, Dario Fo jeung Italo Calvino dina basa Itali, Gao Xingjian dina basa Cina, jrrd. Teu kudu jauh-jauh kétang, boa hiji mangsa mah nu nulis dina basa Sunda gé aya nu meunang sesebutan pangarang dunya.
Nu Katideresa dina Carpon Cécép
KAHIRUPAN jalma katideresa anu ngancik di kelas handap geus réa diangkat kana carita. Tokoh-tokoh siga kitu deuih nu digambarkeun kahirupanana ku Cécép Burdansyah dina carita pondok anu kakumpulkeun dina kumpulan carpon Anak Jadah. Tokoh dina carponcarpon Cécép karéréana sasat tokoh anu antihéro, da kapan ilaharna nu sok dijadikeun héro dina karya sastra téh kaom mapan baé. Bangsa bulu taneuh atawa nu mariskin mah tara pati katalingakeun. Mun téa mah rék diasupkeun kana kolom héro, nya héro Cécép mah taya lian nu ngarancik di kelas handap téa kayaning ungkluk, préman, padagang kaki lima, guru sakola dasar, kuli perkebunan, jeung sabangsana.
Laleur Bodas: Basajan, Matak Panasaran
Aya sawatara carita, anu bangun ngahaja dijieun ku nu ngarangna pikeun ngaganggayong nu maca, ngajak nuturkeun kapanasaran nepi ka pungkas carita. Laleur Bodas karangan Samsu (nu ayeuna diterbitkeun deui ku PT Kiblat Buku Utama), bawirasa, kaasup kana kategori carita nu matak panasaran tea.
Dina padumukan sastra Sunda, carita-carita nu matak panasaran teh kaitung rea; saperti Rajapati di Pananjung (Ahmad Bakri), Kalajengking (Anna Mustikaati), Mayit dina Dahan Jengkol (Ahmad Bakri), Si Bedog Panjang (Ki Umbara), jeung rea-rea deui. Carita-carita model kitu teh, sok aya oge nu nyebut carita detektif atawa misteri.
Ngawawaas (Deui) Carita Klasik
Taun 2002, buku bacaan barudak nu medal teh kawilang rea. Tapi lolobana mah pindo citak. Nu ngarangna oge entragan beh ditu. Minangka nu anyar teh Lutung Leutik jeung Utara Utari beunang Ki Umbara, nu dileler Hadiah Samsudi 2003.
Ari ka pangarang Samsoedi, piraku aya nu bireuk. Purah nyieun carita barudak, boh dina basa Sunda, boh dina basa Indonesia. Buku-buku bacaan barudak yasana Samsoedi nu geus jadi barang klasik, ayeuna dipedalkeun deui ku PT Kiblat Buku Utama. Di antarana Babalik Pikir, Budak Teuneung, Jatining Sobat, jeung nu haneut keneh, Carita Si Dirun.
Panganten & Bulu Kuduk
Hanya dua rupa karya seni yang menarik untuk dibicarakan. Karya yang teramat baik mutunya dan sebaliknya. Ada pun karya jajar pasar alias yang biasa-biasa saja sebaiknya dilewatkan saja dulu, sampai penciptanya membikin karya yang benar-benar baik, atau sungguh-sungguh buruk. Karya yang baik itu ukurannya bulu kuduk, begitu menurut Drs. H. Acep Zamzam Noor. Begitu pula karya yang buruk, kataku. Dua-duanya sama-sama membuat kuduk merinding. Merinding lantaran kena pesona. Merinding lantaran kebebalannya. Ihwal rinding-merinding ini bisa dibicarakan berpanjang-panjang, mengingat tidak semua kuduk sama persis jenis bulunya.
Tina Hutbah Kana Da’wah
Aya fénoména anu matak narik dina nepikeun khutbah Juma’ah. Nu matak narik téh duméh para khotib sok maké buku panduan enggoning nepikeun eusining khutbahna.
Tangtuna aya nu maké basa Indonésia, pon kitu deui dina basa Sunda. Ari nu dina basa Sunda, nu kapanggih téh ngan aya sababaraha buku. Antarana baé Khutbah Jum’ah: Bahan Da’wah (basa Sunda) yasana K.H. Qamaruddin Shaléh (Diponegoro, 1983). Kandelna gé lumayan, 696 kaca kitu atuh. Nu kadua, Kumpulan Khutbah ku Basa Sunda beunangna Sholihin Syaqiq. Nu ieu mah diterbitkeun ku Sinar Baru dina 1987.