Serat Asih ti Arafah
Salira percanten teu, ieu serat dianggit sabada abdi napakuran langit? Tengah wengi nalika simpé tanpa tepi, abdi nyaring kageuing ku nu ngirining. Sihoréng kirining asih ti Salira, ngageuingkeun abdi pikeun sujud ka Mantenna ‘na mangsa tibra. Tamat solat, ‘na pangémut bet ngolebat kilat langit.
Kahatur Papayung Kalbu
Engkang teu enggal-enggal ngawaler teh kumargi ngaraos baluweng. Bingung. Bet sapertos nu ngadadak linglung. Asa kabur pangacian. Henteu terang kedah kumaha nya peta. Antukna ngahurun balung. Sedih kingkin dina ati, bangbaluh minuhan kalbu. Duuuh.
Haturan Diary Cinta
Jungjunan, teuteup salira harita neuteup na amparan sawah. Cek salira, lalampahan cinta dina amparan rumah tangga lir patani nu miloma sawah, lir patani dalit jeung Nyi Pohacina. Temen wekel ngolahna, tulaten miara parena, nyinglar hamana, ngagemuk nu dipelakna, nyieuhkeun manuk nu ngahelaranana, bari teu petot ngalirkeun cai kana kotakanana, tangtu bakal kapetik hasilna kaala buahna.
Serat Di Basisir Bagendit
CAI Situ Bagendit nyiriwik muru kikisik, ngulisik kana bitis urang duaan, Élis. Terus nyiriwik deui ka lebah kapinis nu ngicis dina rakit, bari kawas mawa seuri. Kapinis siga nu surti, ka urang nu keur silih asih di kikisik. Teu daék ngusik, teu kawawa ngagebah ku jangjangna, da apal urang keur ngembang asmara. Kalah ulin dina rakit, tapi siga nyidik-nyidik.
Serat Tengah Peuting
Bulan geus ngulincer ka béh kulon. Méga-méga tingarudat. Mendung nu ngagimbung ti sore kénéh geus dibakutet hawa peuting, disimbut kasimpé. Haréwos taneuh ngamalir ti pasir nu tuluy dihuru kaketir. Pucuk awi tinggarupay tina rungkun nu ngabelegbeg lebah landeuh. Ramo-ramo halimun ngagapuy lebah jukut nu kabulusan. Angin tuluy kakalayangan bangun kingkin, taya kadang nu bisa diajak cumarita.
Serat Sajalantrahna
Teu nanaon maké basa Sunda nu jagreug? Kudu milihan kecap tuda ngomong maké basa Sunda jeung Ayah Fikri mah. Bonganna teu pati bisa geuning. Teu ngarti tatakrama basana deuih Ayah mah. Kétang kajeun teu pati bener gé, asal daék wé eutik-eutikeun maké basa Sunda.
Serat Bulan Opat Welas
Bulan geulis pisan nalika ngedalkeun rasa dina ieu seratan, rasa nu ngurunyung kajurung gandrung dina mangsa bulan hurung. Rasa nu hibar tina katineung nalika urang guntreng ngararancang jodo langgeng. Harita urang padungdeng utang-itung patepung di balé nyungcung. Harita urang pada-pada bungangang, hayang geura nyeuseup kembang nu bakal meleber ‘na peuting munggaran.
Gerentes Peteng
Basa gep antel patarema rasa. Da cenah mun deukeut Salira langkung caket. Teu méré tangara nu pasti. Srangéngé meleték di pucuk gunung nu jadi tugur nu luhung. Méh unggal balébat teu katitén, halimun meungpeuk matapoé nu beuki dieu jadi langlayeuseun.
Surat Katresna keur Salira
Asép Ruhimat
Sakatampina ieu serat, mugia salira aya dina ginanjar kawilujengan. Moal boa salira tumanya, aya naon lalaki nu geus lawas kahalangan mangsa bet ujug-ujug nyuratan? Leuheung kénéh tumanya kitu mah, da nu dipikahariwang téh: Surat ti saha ieu? Saha ari Asép Ruhimat téh? Leuh, tada teuing ieu haté nyérésétna.
Dua puluh opat taun ka tukang […]
Surat Cinta ti Kuring keur Kuring
RADA werat deuk balaka téh. Sabab mun balaka sieun dituding hianat kana cinta. Basa lambak di Basisir Pananjung tingsiriwik nyampeurkeun, basa patarema jeung suku jeung leungeun jeung haté, kolu togmol balaka: “Kuring téh mikacinta anjeun. Kasedih anjeun, kasedih kuring. Kabagja anjeun kubagja kuring. Moal aya anu dipicinta iwal anjeun.”