Kamus Basa Sunda
Dina léksikografi Sunda, aya sawatara kamus nu kungsi medal:
- Dictionary of Sunda Language of Java (1862)beunang Jonathan Riggs. Nilik umurna gé, sigana ayeuna mah éta kamus dwibasa Sunda-Inggris téh paling ukur dipaké reférensi. Diterangkeunana ku basa Inggris (basa Inggris taun 1862), hésé deuih néanganana da geus jadi barang langka. Manggihan nu aslina téh di Rumah Baca Ua Sasmita.
- Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (1884) beunang Sierk Coolsma. Eukeur mah langka, katurug-turug hésé dibacana da puguh diterangkeunana ku basa Walanda.
- Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (1894) F.S. Éringa. Sarua deuih maké basa Walanda.
- Kamus Basa Sunda (1958, 1954, 2005) beunang R. Satjadibrata. Ieu téh kamus Basa Sunda munggaran nu disusun ku urang Sunda, dipedalkeun deui ku Kiblat Buku Utama taun 2005.
- Kamus Umum Basa Sunda LBSS, mimiti dicitak taun 1975, citakan panungtung taun 2007.
- Sundanese English Dictionary (2003) beunang R. R. Hardjadibrata. Sigana kamus nu ieu mah leuwih cocog keur urang deungeun nu rék ngulik basa Sunda, ongkoh disusunna gé dumasar kana kamus Éringa.
- Kamus Basa Sunda (2006) beunang R.A. Danadibrata, dipedalkeun ku Kiblat Buku Utama.
- Sababaraha kamus nu saeutik éntrina saperti Kamus Sunda-Malayu (Satjadibrata, 1944), Kamus Leutik Sunda-Indonésia (Satjadibrata, 1945), Kamus Kecil Sunda-Indonésia (M.O. Koesman, 1982), Kamus Sunda-Indonésia (Maman Somantri), Kamus Lengkep Sunda-Indonésia Indonésia-Sunda (Budi Rahayu Tamsyah spk., 1995) Kamus Populér Sunda-Indonésia (Tatang Sumarsono, 2001), Kamus Istilah Populer Basa Sunda (A. Marzuki, 1989), Kamus Girimukti Bergambar Tiga Bahasa: Sunda – Indonesia – Inggris (Tim Girimukti, 2002), Kamus Idiom Bahasa Sunda (Budi Rahayu Tamsyah, 1988), Kamus Istilah Sastra (Iskandarwassid, 1996) jeung sawatara kamus paribasa.
Komentar
9 Komentar kana seratan “Kamus Basa Sunda”
Ngintunkeun Komentar
Abdi kataji pisan, kumdalna kamus basa sunda. Diana kahirupan zaman ayeuna seueur urang sunda anu ngaku urang sunda tapi teu isin nyarios atawa nyarita ka sasama ngagunakeun sanes basa sunda.
Kumargi kitu salaku urang sunda pituin na iraha bade ngamumule budaya urang sunda sorangan. Abdi hoyong tumaros, kagiatan PPSS di Garut aya teu? abdi hoyong ulubiung kana kagiatan PPSS tapi pan tebih di Bandung. Mun tiasa mah aya cabangna di Garut. hatur nuhun.
Punten kasadayana, bade tumaros. dimana sim kuring tiasa meser kamus bahasa sunda.
nuhun sateacana. yasa
Kamus basa Sunda tiasa digaleuh di Penerbit Kiblat, Jl. Citamiang No. 33 Bandung. Telp 7104621
nyuhunkeun hartina panaji teh naon? hatur nuhun. atew
abdi kataji pisan kana kamus basa sunda, supados basa sunda langgeng, margi seueur urang sunda isin nganggo basa sunda teh.
punten bade tumros, dupi hartosna rewu laksa keti teh naon? hatur nuhun sateuacanna
tolong di bahasa sundakan :
berapa jumlah penduduk asli lingkungan disini
berapa jumlah penduduk pendatang
apa keuntungan dan kerugian bagi warga disini mengenai penduduk pendatang tersebut
apakah pendapat bapak mengenai lingkungan
apakah lingkungan disini sering diadakan kerja bakti
bagaimana cara bapak mengatasi pencemaran lingkungan
apa cara bapak untuk melestarikan lingkungan disini
menurut bapak apakah kota bandung ini sudah tertib, bersih dan indah
bade tumaros, dupi panonpoe & bulan basa sundana nu sanes naon deui?
Hatur nuhun
diantos
Asslam, sim kuring bingah ku ayana kamus bahasa sunda. Lereus pisan loba urang sunda teu bisa make bahasa sunda. Hayu ngamumule bahasa sunda. Sanajan kuring keur jauh ti tanah sunda, sono kuring ka tanahna, ka bahasana, ka jalmana nu saromeah, matak nineng kana hate.
Waslm
Titing Kartika
Kedah-Malaysia
Anu keur sono ka tanah sunda