Dapur Web PP-SS

Meunang béja yén Depbudpar nyieun website nepi ka 17,5 milyareun. Tuluy méméhna, Mentawai Online apan nepi méakeun waragad 2 milyar. Paralun, nyieun ieu website mah henteu dugi ka sakitu!

Kasang-tukang nyieun ieu website téh tina obrolan jeung Ceu Étti, sababaraha taun kalarung. Enya, karasa pereluna ngémbarkeun sastra Sunda ka jagat maya, ngarah dibaca ku urang deungeun (baé teu ngartieun kana basa Sunda gé, nu penting mah némbongkeun yén SUNDA téh AYA KÉNÉH). Ari modalna, duka téh teuing, da ari PP-SS mah lain lembaga profit. Teu bisa ngadatangkeun duit. Ukur lembaga nu didadasaran ku kanyaah, idéalismeu, kana hirup-kumbuhna Sastra Sunda.

Ari meuli domainna mah geus aya sataunna, ladang kempal-kempil bendahara. Teu ageung, kirang 100 rébu mésér domainna mah. Teras nyéwa hosting satauneun. Teu ageung deuih, kirang ti 400 rébu.

Tapi pan teu cukup kitu, website téh kudu dibéré program, jeung pangpangna mah dieusian. Ulah nepi ka kosong molongpong teuing. Tah, lebah ngeusianana nu matak ngoprot késang téh. Ti ngawitan nyekénan naskah, ngadata buku, pangarang, nyoréhan arsip kagiatan, ngempelkeun potrét, jrrd. Kaleresan pangurus lianna téh mercantenkeun ka simkuring sagala rupina, atuh puguh wé meryogikeun waktos bulan-bulan.

Data nu badé dilebetkeun mah seueur, mun tanaga sareng waktos nu teu seueur téh. Muhun, saéna mah didamel timna. Nanging deuih peryogi jalmi nu éstuning sukaréla, da ceuk paribasana teu aya kanggo roko-roko acan. Janten ka kaom idéalis Sunda, mangga diantos ngariung di ieu wéb.

Nyanggakeun sasieureun sabeunyeureun, lebet ka cabé mah henteu. Bari tangtosna gé, simkuring nu kapapancénan jadi kuncén di ieu wéb, satékolah polah badé nambihan kontén ieu wéb saban waktos.

Dadan Sutisna

Komentar

7 Komentar kana seratan “Dapur Web PP-SS”

  1. nazaruddin azhar | 15-01-2008, 11:16:18

    Sae pisan ieu web teh. Perkawis eusi mah ngeureuyeuh we, Gan. Sim kuring ngarojong pisan. Lajeng deuih, upami tos aya bahanna mah tiasa dilebetkeun daptar buku sunda nu kantos medal, ti bihari dugi ka kiwari. Di antawisna daptarna aya dina jejer seratan Taufik Faturohman waktos kongres basa Sunda nu sababaraha taun kapengker.

    Salam sono ka sadaya warga PP-SS.

  2. gandjar nugraha | 19-02-2008, 09:40:44

    sim kuring kantos ngumbara ka sumatra sabaraha taun kapengker, nya…sok hoyong terang perkembangan dilembur atanapi sono ngaos bacaan sunda tapi sesah pisan milarina..eta ge aya mangle tapi katampina rada lami…saur simkuring ayan media ieu tiasa ngubaran kasono ka kisunda…sok komo lamun eusina ngenaan beja ti lembur…sigananamah kantun ngabewarakeun langkung sering…tangtos media ieu ageung mangpaatna. nuhun. gn

  3. Hendi Hermadi | 11-06-2008, 06:32:35

    Dimarana atuh urang sunda teh taribra pisan…..wahangan parantos aya…tinggal daek jeung,,, resepna…icikibung,,,ngamumule Budaya Sunda.. urang rojong ku sarerea.

  4. Irvan Mulyadie (Abu Imam RyQza Buana) | 29-07-2008, 03:05:53

    duh, asa kayungyun yeuh ku PP-SS teh. Nyaeta atuh ari nitenan budaya sunda nu sakieu waluratna. Boh dina kahirupan sapopoe urangna sorangan, pon kitu deui dina wacana global mah. Asa pesimis. Tapi ana ningali kamotekaran Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda mah geuning, manah teh asa kabeberah. Wilujeng, ah. Mugia apanjang apunjung dina enggoning ngahirup-huripkeun sastra sunda…..

  5. pipin | 17-08-2008, 07:42:58

    aya kareueus na diri ku urang sunda tiasa ngamangpaatkeun teknologi dina widang komunikasi. hayu urang rojong pikeun ngamumule budaya sunda. wilujeng ah ….1

  6. akang | 15-10-2008, 06:02:32

    Gorehel teh geuning ari rajin mencetan tombol mah teu burung weh katingali, hade pisan euy nyieun web set bari jeung modal medit ge kulantaran teu aya anu ngabiayaan tea nya? Saur seupuh ge di dalam perjuangan pasti aya pengorbanan(naon basa sundana?) simkuring kuringmah rek mantuan macana weh, sakanteunan pangeusiankeun undak unduk basa sunda, sok lah urang sunda makalangan ka joantara. hatur nuhun

  7. dewi | 25-02-2009, 07:21:26

    abdi sanes urang sunda,mung resep pisan ka ieu web teh,,janten inget wae ka lembur sunda,punten lamun kirang sae nyariosna…

Ngintunkeun Komentar