Resep Maca, Hayang Ngarang

Ku Dhipa Galuh Purba
Tina Lalayang Girimukti Édisi ka-6, Tn-I/Novémber-Désémber 2002

pang-dhipa-galuh-purba.jpgARI nginget-nginget munggaran bisa maca mah asa rada bureng. Poho deui. Nu sidik, heula kénéh bisa maca Arab batan maca Latén. Harita di lembur kuring (Kampung Simpar, Desa Panjalu, Kabupatén Ciamis) barudak opat taun ogé geus dialajar ngaji. Malah lamun sapoé teu ngaji téh sok aya hukumanana boh ti guru ngaji boh ti lanceuk kuring. Sieun taktagé.

Kungsi sakali mangsa mabal ti pangajian, basa aya layar tancap di alun-alun. Kuring nepi ka diudag-udag ku lanceuk. Digusur ka masjid, kudu milu deui diajar ngaji. Puguh baé, barang sup ka masjid téh, teu sirikna pada nyurakan. Mangkaning aya Néng Lina. Wirang naker, tah.

Mémang resep pisan ari lalajo layar tancap téh. Méh satata jeung karesep kuring ngadéngékeun dongéng radio Wa Képoh atawa Mang Jaya. Malah alatan mindeng lalajo layar tancap téh, saméméh asup ka SD ogé, kuring geus bisa ngéjah ngaran Rhoma Irama, Bary Prima, atawa Advent Bangun.

Sagédéngeun éta, ladang tina lalajo layar tancap téh jadi téréh bisa nyarita maké basa Indonésia deuih. Padahal mah cara batur salembur baé, apan diatik nyarita téh ku basa Sunda. Ku lantaran kitu, harita kuring geus bisa ngawilah-wilah bacaan basa Sunda, basa Arab, jeung basa Indonésia. Tapi basa Inggris mah nepi ka kiwari ogé can lancar, sigana ku lantaran harita kuring teu pati resep lalajo filem Barat.

Ari mimitina wanoh kana bacaan Sunda, lian tina pangajaran sakola, nya tina Majalah Manglé. Teu kahaja éta ogé. Kabeneran bapa kuring ngalanggan Manglé. Harita, basa kelas 1 SMP, kuring pangangguran mukaan éta majalah, nepi ka bréh katingali poto anu geulis dina rohangan “Béntang Sulintang” (Manglé Alit). Ditengetan rada daria. Geulis. Umurna sababad jeung kuring. Teuing pangaruh tina loba teuing lalajo filem atawa ngadéngékeun dongéng radio, anu ngalantarankeun profil dina “Béntang Sulintang” téh kuat kabawa ngimpi sagala.

Nya ti harita pisan kuring mimiti resep mukaan majalah Manglé. Unggal aya wedalan anyar, pasti anu pangheulana ‘ditéang’ téh “Béntang Sulintang” jeung “Barakatak”. Moal rék didingding kelir, disumput-sumput. Rék balaka baé yén kuring kungsi ‘bogoh’ ka Indah Miranti jeung Sonya Maharani (mun teu salah mah profil “Béntang Sulintang” Manglé Alit taun 1993). Malah kuring ogé ngahajakeun nyuratan ka maranéhna. Alhamdulillah, kahayang téh tinekanan. Kuring bisa wawanohan jeung Indah Miranti katut Sonya Maharani. Malah kungsi ngahajakeun nganjang ka imahna Sonya Maharani. Harita kuring kakara kelas 2 SMP.

Asup ka SMA kuring beuki dalit jeung majalah Manglé. “Béntang Sulintang” mah geus tara dibaca, sabab aya Manglé Rumaja. Kungsi hahadéan jeung salah saurang nu kungsi midang dina rohangan “Méjéng”, ngan teu perelu dicaritakeun. Apan jejerna ogé pangalaman maca. Lain pangalaman bobogohan. Nu sidik, keur kuring sakuringeun, antara maca jeung bobogohan téh kawasna teu bisa dipisahkeun. Nya kitu, maca Manglé sok terus bogoh ka nu midang dina rohangan rumaja.

Harita mah can pati resep kana carpon. Nu remen dibaca téh paling ogé “Barakatak” jeung “Nyingraykeun Lalangsé Ahéng” (NLA). Malah sakapeung mah sok ngahajakeun nepungan anu ararahéng téa. Lain rék ménta sabangsaning pélét atawa jangjawokan, kajaba lamun rada kapaksa. Kuring mah ukur hayang ngabuktikeun wungkul, naha bener anu ditulis dina NLA téh luyu jeung kanyataan? Kabuktianana, aya nu luyu, aya nu teu pati luyu. Aya nu luyu pisan, aya nu teu luyu pisan. Teuing kumaha perkara éta mah.Tara pati dipikiran ieuh.

Carpon anu munggaran dibaca téh karangan Dadan Sutisna. Nyebutkeun kitu téh lain pédah kiwari dalit jeung Dadan, tapi da mémang kitu kanyataanana. Ongkoh kuring mah resep nuturkeun lalampahan nu nulisna. Saméméh Dadan diaku jadi pangarang, apan mimitina mah manéhna téh tukang nyieun tulisan dina rohangan “Barakatak”. Ari kuring apan resep macaan “Barakatak”.

Laun-laun kuring jadi leuwih resep maca carpon. Lain ngan karangan Dadan wungkul nu sok dibaca téh, tapi ogé karangan Holisoh MÉ, Pipiet Senja, Godi Suwarna, Hadi AKS, jeung sajabana. Resep pisan sok sanajan harita mah kuring tara pati neuleuman eusi caritana. Cukup nilik raména wungkul. Tara nyosok jero, komo nepi ka neuleuman ajén-inajén moralna mah.

Saterusna mah kuring beuki maceuh macaan karya-karya sastra Sunda dina Manglé téh. Babakuna mah ti barang jorojoy hayang jadi pangarang Sunda. Tapi ari ngahajakeun meuli buku Sunda mah tara pati ngahajakeun. Cukup nu kapanggih di sakola baé. Ngan hadéna téh lanceuk kuring rajin pisan ngumpulkeun bacaan Sunda. Kawasna geus nyandu pisan. Ti mimiti roman Baruang Ka Nu Ngarora nepi ka kumpulan carpon Serat Sarwasatwa ogé lanceuk kuring mah tara tinggaleun maca. Puguh baé kuring kabawakeun.

Kadieunakeun, lanceuk kuring teu pati réa meulian buku-buku Sunda. Tibalik ayeuna mah. Jadi kuring anu sok ngumpulkeun buku bacaan téh. Boh meuli, boh ménta, atawa api-api nginjeum (bari tara dipulangkeun deui). Sabab lanceuk kuring sok rada nyureng upama kuring teu boga bacaan Sunda anu anyar. Ari maca hayang, tapi embung meuli. Apan ngariweuhkeun pisan tah. Leuheung basa lamun kuring keur loba duit. Ninggang di keur tiis, hésé roko-roko acan, mah apan ripuh kabina-bina.

Lebah bucu-baca, aya bédana antara kuring jeung lanceuk téh. Lanceuk mah resep maca téh istuning resep baé, ari kuring alatan hayang jadi pangarang. Tapi nu sok dibacana mah teu pati béda. Nepi ka poé ieu ogé lanceuk téh resep pisan macaan carpon-carpon karangan Holisoh MÉ, Aam Amilia, jeung para pangarang wanoja séjénna. Ari kuring? Nya teu pati jauh. Rada bédana téh, paling ogé, yén ka béhdieunakeun mah kuring sok macaan karya-karya sastra jaman baheula. Éta téh tinangtu kaasup bahan babandingan, da apan kuring mah hayang jadi pangarang.***

Komentar

Ngintunkeun Komentar