Teu Tulus Paéh Kapopohokeun
Éséy Hawé Setiawan
TAUN 1991 Hadi AKS boga pikiran rada anéh. Manéhna hayang nyusun buku nu eusina ngadongéngkeun pangalaman para pangarang Sunda enggoning kurung-karang. Teuing katarajang kasakit nanahaon, ngan jigana Hadi kabitaeun ku Pamusuk Eneste nu kungsi nyusun buku Proses Kreatif nepi ka dua jilid. Nu disusun ku Pamusuk téh mangrupa manglé ngeunaan pangalaman ngarang sawatara pangarang Indonésia.
Teu anéh-anéh teuing saenyana mah karep modél kitu téh, da apan aya di dituna. Dina suratna ka sawatara pangarang Sunda harita, ku Hadi gé ditataan sawatara judul buku atawa hasil risét nu aya patula-patalina kana prosés kréatif pangarang Sunda. Contona baé, Biografi dan Karya Sastrawan Sunda Masa 1945-1965 (1978), Yuhana: Sastrawan Sunda (1979), Daéng Kanduruan Ardiwinata: Sastrawan Sunda (1979), jeung Biografi dan Karya Pujangga Haji Hasan Mustapa (1981) yasana Tini Kartini saparakanca; R. Méméd Sastrahadiprawira (1979) jeung Biografi dan Karya Sastrawan Sunda Masa 1966-1980 (1981) yasana Yétty Kusmiyati Hadish saparakanca; katut Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana (1989) yasana Ajip Rosidi. Malah béh ditu pisan, asana dina taun 1930-an, dina koran Sipatahoenan kungsi dimuat adverténsi buku anu cenah eusina medar pangalaman ngarang Yuhana anu dikarang ku Toenggara (duka saha Toenggara téh, da nyaho soténan pédah wé kabeneran kungsi mukaan mikro film Sipatahoenan di Perpustakaan Nasional).
Buku samodél kitu tinangtu gedé ajénna. Pikeun nu raresep niténan saniskara unak-anik sastra Sunda, éta téh salah sahiji dokumén penting patali jeung karya-karya sastra nu sumebar di kalangan balaréa. Ogé bisa dijadikeun pangdeudeul pangajaran sastra di sakola-sakola. Atuh keur nu harayang jadi pangarang, buku samodél kitu tanwandé nyadiakeun tuladeun, sakurang-kurangna gé bisa dijadikeun bahan babandingan enggoning di ajar ngarang.
Hanjakal, nu disuratan ku Hadi henteu kabéh ngaririm karanganana. Tapi aya nu dongéngna kungsi dimuat dina koran jeung majalah tur ku Hadi dikeliping. Ari nu ngaririm karanganana di antarana aya Aan Merdéka Permana, Adang S., Akub Sumarna, Djohar Éfsa, Éddy D. Iskandar, Étti R.S., Hidayat Suryalaga, Ki Umbara, Ningrum Julaéha, Radian Prasetya, Yoséph Iskandar, jeung Yous Hamdan. Aya sabukueun mah nu geus kakumpulkeun téh. Kari disarungsum, diédit, disagalurkeun.
Cék Hadi harita geus aya nu nyanggupan pikeun medalkeunana. Ngan teuing kunaon bet taya buktina. Lila ti lila teu kadéngé deui béjana, kawas nu kapopohokeun, sasat ilang tanpa karana. Hadina gé jongjon baé ngarang carpon, novél katut puisi. Kungsi kabéngbat ku seni rupa, nyoba-nyoba ngagambar kuda meunang sababaraha. Ti dinya terus wé kabandang ku biola, milu keurseus sagala sok sanajan henteu lana, da geuning antukna mah kalah resep ngalanto ka kampus UPI, kawas nu ngilari bahan geusan muisi. Ari naskah pibukueun téa walohualam kumaha jujutanana.
Béh dieu kuring nganjang ka Lémbang, nepungan Ki Hadi ka imahna. Tiris kabina-bina di dinya mah, kawantu handapeun Tangkubanparahu kitu atuh. Kawasna di dinya mah matak sangeuk mandi, horéam abdas, wegah milampah naon-naon iwal ti ngaringkuk di enggon. Buku numpuk dina méja di rohang tamu, pasesedek jeung tumpukan koran katut majalah. Mesin ketik ngabagug tukangeun nu numpuk. Ras kana béja tina perkara naskah pibukueun téa. Di mana? Aya kénéh bungkeuleukanana?
Horéng Ki Hadi téh ingeteun kénéh.
“Cing tulungan uing. Sugan ku di dinya mah éta naskah téh bisa digarap deui sangkan bisa dibukukeun,” kitu basana gé, kawas nu hayang naur hutang.
“Mana atuh barangna? Cikan uing ngilikan, alus henteu eusina,” walon kuring.
“Ih, alus pisan. Kari diédit baé. Ngan mun bisa mah ditambahan pangarangna, lima urang deui mah.”
Manéhna dodongkoan di kolong méja, néangan naskah pibukueun téa. Horéng di dinya nyileungleumna, camperego di nu poék, rapet kana téhel nu tiis kabina-bina. Naskah téh dimapan, bakating sakitu lilana teu dibuka-buka nya bulukan bari jeung rada baseuh kawas nu kabulusan. Barang dibuka, ambuing, aya babakaur ngajepat di jerona, sasat hayang nyoco pangarang Sunda nu ngadarongéng di dinya.
“Anjir, dahsyat! Enyaan alus euy nepi ka aya babakauran sagala étah. Karunya temen pangarang Sunda nu maroyan téh nya, meureun salila ieu téh hantem dicocoan wé ku babakaur. Lain, ilaing mah euy, kumaha mun nyoco budak. Paéhanlah, uing mah gila ningalina gé,” cékéng téh.
Ku Ki Hadi éta babakaur téh dibungkus ku keretas sacewir, terus diduruk di buruan. Geus kitu paduduaan mukaan naskah nu barulukan téa. Sawaréh mah pikawatireun pisan kaayanana sok sanajan masih kénéh kabaca eusina. Di antarana baé aya karangan Ningrum Julaéha, pangarang nu geus teu aya di kieuna. Malah aya sababaraha lambar foto nu geus teu puguh rupana.
Hadi nu boga dosana, kuring nu katempuhanana. Tapi kétang, bungah nu aya di kuring mah, sakurang-kurangna gé nambahan bahan lenyepaneun tina perkara sastra Sunda. Ku kuring éta naskah téh diringkid ka kantor, disaméjakeun jeung naskah-naskah terbitkeuneun nu lianna. Selang-selang tina pacabakan sapopoé, éta naskah téh sok dibukaan bari dibaca eusina. Angkeuhan mah rék diketikan deui, dipindahkeun kana komputer. Sugan pareng baé rék diropéa deui, sangkan nu salila ieu nyileungleum di nu poék téh henteu tulus paéh kapopohokeun.***
Komentar
Ngintunkeun Komentar