Tilu Potrét Datangna Idé
Ku Dian Héndrayana
HIJI karya gelarna téh aya kalana tina idé nu datangna teuing ti mana. Teu dianti-anti teu dihiap-hiap. Balikanan didago-dago, idé téh bangun nu teu baé léah némbongan. Kitu mungguh lalakon sakadang idé, nu mémang sok sumping tumorojog bari jeung dedemitan téa.
Lalakon Kang Godi, panyajak nu motékar luar biasa, méméh ngagelarkeun karyana cék sakaol sok ngahaja ngogan sakadang idé ngalangkungan hiji prosési ritual. Pikeun ieu pangarang nu geus dua kali meunang hadiah sastra Rancagé tina ‘Blues Kéré Lauk’ jeung ‘Serat Satwa Satwa’ téh, suasana nu kondusif bakal leuwih poténsial geusan ngagolontorkeun idé-idéna.
Di antawisna, Godi sok ngahaja numpi salebeting kamar. Boh panto boh jandélana sina pageuh rumékép, malar taya cahya nu tumorobos sok sanaos mung ukur sadolos. Kamar téh peteng baé satungkebing. Ti dinya, éta kamar teras sina reyem-reyem baé tina cahya sawatara lilin nu ngahaja ditataharkeun ti anggalna. Ninggang dina nuju aya mah, nyeungeut menyan sakedik gé cenah bakal langkung nyandak kana suasana katut alam anu kondusif. Upami tos kitu, Godi tiasa samemena ngumbar imajinasi atawa ngencarkeun imajinasi sina nyaba ka dunya nu boa anyar kasaba. Ngadongkangan Marilyn Monroe, Black Sabath, Armagédon, rumahsakit, lalakon sééng nyéngsréng, grandprix, gajah di tengah laut, atanapi parabola dina mastaka mamah nu teras ngaburialkeun patlot ka nagara Astina.
Tah, upami tos nyayang bari ngarenggenek dina dunya ciciptan nu anyar kasaba kawas kitu, majar idé téh ngamalir ngagolontor sapertos walungan limpas. Atuh implengan mangsa keur budak gé cenah sok natrat baé nganteur kana daya kréatifna. Enya, jaman keur budak, Godi téh sok ulin di buruan. Ngadon sasandiwaraan jeung sakadang rokrak atawa régang-régang sina mawakeun peranna séwang-séwangan dina pentas nu dikuribengan ku gurat kalang. Anteng mun geus cacarita jeung rokrak nu ditancebkeun sina ngabedega, régang nu dipalangkeun, sendal capit digolérkeun, atawa barang-barang séjénna nu boa dikumahakeun deui. Dina mangsana kudu digupay ku indung duméh wanci geus ngahaeub ka burit, Godi sok rajeun pamitan ka éta rokrak, régang, sendal capit, atawa barang séjénna.
“Enjing, tangtos urang bakal tepung deui. Urang bakal ameng turun unggah gunung sareng mapay-mapay sisi wahangan deui. Uing ayeuna badé ibak heula, ku ema tos digentraan, supados engké wengi uing hanteu mondok peuting teuing. Kahadé eum, ulah balangor. Sareng anjeun rokrak, kudu nyaah ka babaturan. Awas ulah kalalabur nya,” kitu Godi alit tumalatah ka lawan maénna méméh ninggalkeun buruan.
Abong geus aya tapak jadi pangarang moyan, Godi leutik téh tepi ka wanci tengah peuting weléh teu daék reup. Nyileuk baé. Lamunanana mancawura kukulayaban ka babaturananana nu ditinggalkeun di buruan. Rokrak, emh, boa teuing ilaing katirisan euy? Régang, kadé ilaing ulah harak ka sendal capit nya! Da jeung enyana, Godi leutik lugay lalaunan ti enggonna. Teras kumeteyep muru kana deukeut jandéla. Jen lebah dinya. Lalaunan réréganana disingraykeun. Bet padahal, dina henteu kudu disingraykeun lalaunan gé da hamo aya nu nangénan ieuh. Tengah peuting kitu, saha nu rék haat nyérangkeun?
Bréh baé katingal, dina cahya palita nu reyem-reyem di buruan, sakadang rokrak keur anteng ngajega pahareup-hareup jeung sakadang régang nu keur malang. Tunjangeunana aya sendal capit anteng ngagolér bangun nu keur merhatoskeun ka nu duaan, rokrak sareng régang. Barang-barang séjénna anteng ngabaragug dina hiji pentas di buruan, nu ngahaja dikuribengan ku kalang. Geus katempo kitu mah, gumalécok baé Godi alit salebeting manahna, “Tah enya kitu euy, sing hirup daméy. Love and peace sapapaosna!”
Ngumbar implengan katut imajinasi cara nu disorang ku Godi teu wudu baris nyiptakeun lalakon anyar dina galeuh poténsina. Upama ninggang dina diri nu kaeunteupan ku daya kréatif nu rohaka cara di Godi mah, tanwandé éta imajinasi anu diumbar téh baris ngadatangkeun idé-idé anyar nu ngagelenggeng gugulidagan.
Séjén Godi, séjén deui Gugum Gumbira. Hiji mangsa mah, seniman Gugum dipeto kudu ngaluluguan hiji prosési nu kacida rohakana; ngaheuyeuk mangrébu seniman dina hiji prosési nu rampak: Kirab Remaja Nasional taun 1993. Mangkaning éta prosési, sakumaha nu ditalatahkeun ku panitia ti pusat, kudu ngagambarkeun anéka ragemna budaya sanusantara. Beu, mangkaning kapan di nusantara téh aya puluh rébu budaya. Cariosna, éta kapercayaan ti pusat téh tos teu tiasa dipondah deui. Seniman Gugum kantun ngaraga meneng, ngémutan kedah kumaha nya pilakueun. Mangkaning waktos kana prungna Kirab Remaja teras baé nyérélék. Samentawis sakadang idé bet teu acan baé ngulutrak sumping. Saking éwuhna, seniman Gugum téh teras baé angkat ka Majalaya, lembur singkur keur geusan niis.
Betah pisan di dinya mah, kawantu alam pagunungan katut langitna teu acan reksak sareng kulawu cara di dayeuh. Nuju anteng pisan ngalantung di sisi balong, ujug-ujug saabrulan manuk belekok ngabubuhan nyalampeurkeun ka caket balong. Ti luhur langit kénéh gé, saenyana éta abrulan manuk belekok téh teu weléh leupas tina paneuteup seniman Gugum. Dipanteng ti nuju monténg tug dugi dumarat ka sisi balong téa.
Leuh, kitu geuning pareng dumarat muru ka bumi téh, tina abrulan nu sakitu malencarna téh, ana pareng kudu dumarat mah teu weléh ngariut jadi hiji gundukan nu bangun narah paburencay. Éta kajantenan téh bet teu pupuguh ngendagkeun daya imajinasi seniman Gugum pikeun norowéco cacarita.
Teu ku hanteu, nya tina éta kajantenan pisan seniman Gugum laju nyusun konsép koréografi larapkeuneun dina prosési Kirab Remaja. Tah, Kirab Remaja nu kudu némbongkeun anéka ragemna étnik sanusantara nu malalencar téh, dina kalang lapang kirab mah, ku Gugum disina ngariut jadi hiji prosési nu pacampur. Demi petana: dina waktu nu sarua, para penari kirab nu ngarébu téh rampak midangkeun tarian ti sélér nu béda-béda téa, persis cara abrulan manuk belekok nu laju rumiut dina hiji titik nu museur. Sanggeus diwuwuh jeung dipapaés ku daya éstétik nu patri mah, éndahna téh teu cacap ku semet jadi bukur catur, tapi manjang kapiraray salalamina.
Pangalaman ‘kesenimanan’ Godi jeung Gugum Gumbira tangtu béda jeung pangalaman seniman Yus Wiradiredja. Dina hiji mangsa di taun 1999, Yus babarengan jeung Yayasan Nurhidayah ngagarap acara Nurhidayahan di TVRI sabulan campleng. Nurhidayahan téh tarjamahan Qur’an nu digurit dina wangun dangding beunang R. H. Hidayat Suryalaga. Ku sabab rumpakana winangun dangding téa, atuh lebah disanggi sina jadi lagu téh paling copél kudu diwadahan ku materi tembang. Tapi pikeun Yus, (najan kasang tukang Yus meleg-meleg tina tembang Cianjuran) éta dangding téh henteu wungkul diwadahan ku tembang Cianjuran, tapi diwadahan ku lagu anyar nu laguna éstuning meunang ngadadak nyieun harita. Atuh salila sabulan campleng téh, Yus tihothat nyieunan lagu anyar. Saban poé kituna téh. Nyaan, éstu lain pagawéan énténg-énténg. Lantaran lain pagawéan nu énténg-énténg téa, hiji mangsa mah Yus téh saateun idé. Bingung kudu nyipta lagu nu kumaha deui. Mangkaning poé isukna éta lagu kudu kabikeun sarta kaapalkeun ka juru tembang nu rék midang bari jeung disyuting. Kumaha tah?
Carék kereteging mamarasna, peuting éta Yus kudu solat sunat. Der solat sunat. Husu naker. Teu ku hanteu pareng mangsana ngawirid, di tebéh luar hawar-hawar sora anjing babaung tangka ngahudang keueung. Beuki anteb ngawirid, beuki tumaninah baé sora nu babaung di tebéh luar. Kadéngéna tangka ambal-ambalan. Tah, ku sora babaung nu éta daya kréatif Yus kausikna téh. Babalagonjangan satadina mah, cacap ngawirid sora nu babaung kalah bangun nu teu cacap-cacap. Ana didéngé-déngé bet nguniangkeun daya imajinasi sora nu keur jumerit tengah peuting alatan meunang kapeurih nu teu euih-euih. Jung cengkat. Kop kana pulpén jeung keretas. Ngong gegerendengan ngahariring niru-niru kalimah lagu nu dibabaungkeun ku sora anjing di piluaran.
Trét wé, dina keretas ngagurat angka-angka lambang nada nu digerendengkeun bieu. Tuluy dihariringkeun bari dipapantes-dipapayus. Janggélék harita kénéh ngajadi lagu dina pupuh Kinanti. Isukna, basa diasongkeun ka para juru tembang teu wudu jadi bahan padungdengan; méh saréréa tingraringeuh ku runtuyan kalimah lagu éndah meunang niru tina sora nu babaung tengah peuting téa.
Basa dipidangkeun dina televisi, teu burung jadi lagu nu kacida sieupna jeung matak ngendagkeun jajantung. Enya, pasualan idé téh datangna teu disangka-sangka. Méh sagurat jeung datangna jodo, pati, katut cilaka.
*) nu nulis, pangarang jeung wartawan
Komentar
1 Komentar kana seratan “Tilu Potrét Datangna Idé”
Ngintunkeun Komentar
kang kumaha damang?
ameng ka Tasik. diantos