Garapan PP-SS
- Ngayakeun sawala nu tumali jeung basa, sastra katut buku Sunda.
- Ngipuk sirung harepan pangarang Sunda.
- Narékahan pikeun ngaronjatkeun minat maca masarakat kana buku Sunda
- Ngarojong pangarang Sunda medalkeun buku.
- Aprésiasi gelar Seni Tradisi jeung Sastra saperti maca puisi, dramatisasi sajak atawa carpon.
- Midangkeun karya sastra Sunda kana wangun séjén saperti musikalisasi jeung multimédia.
- Sosialisasi sastra jeung buku Sunda dina média citak, radio, télévisi, jeung internét.
- Silaturahmi jeung masarakat ku rupaning acara kasundaan.
- Silaturahmi ka guru jeung murid sakola pikeun ngawanohkeun sastra jeung buku Sunda.
- Ngadamel inventarisasi pangarang Sunda jeung buku-buku Sunda.
- Ngalegaan organisasi ka sawatara daérah.
- Ngayakeun rupaning Saémbara Ngarang.
- Ngawangun website http://www.ppss.or.id pikeun ngémbarkeun dokuméntasi jeung kagiatan PP-SS ka sakuliah jagat.
Komentar
2 Komentar kana seratan “Garapan PP-SS”
Ngintunkeun Komentar
Ass. sampurasun.
simkuring jauh ti lembur singkur ngaraos reu’eus ku ayana PP-SS anu parantos eksis tinu garapan sastra sunda. saleresna simkuring resep kanu tulas tulis mung simkuring ngaraos jalmi kurung batok. kukituna kuring nyuhunkeun informasi upami aya lomba atanapi naon wae anu patula patalina sareng sastra sunda, seja nyuhunkeun infona lewat e-mail simkuring di luhur. hatur nuhun
Sami abdi oge