Pangbalikan - Ani Sukmawati
“Pangbalikan” téh sajak kénging Wahyu Wibisana, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Ani Sukmawati. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.
Iber: ieu lagu disimpen dina situs babagi musik (http://www.imeem.com). Teu benten ti dina YouTube, kanggo ngadangukeun ieu lagu, diperyogikeun Adobe Flash Flayer 8 (atanapi nu langkung luhur ti eta), mudah-mudahan tos aya dina browser nu nuju dianggo ku Sadérék).
PANGBALIKAN
Sajak Wahyu Wibisana
Lagu Dian Héndrayana
Arr. Satrio Wibowo
Nu Ngahaleuang Ani Sukmawati
Iuh-iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
duméh hirup halabhab cinta
di maranéhna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina haté ngawih deui
Iuh-iuh gunung kuring
nyata-nyata tanda-tanda
ngabulungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rék surup
ka maranéhna kuring rék balik
ka maranéhna kuring rék pamit
(tina Saratus Sajak Sunda, Geger Sunten, 1992)
Komentar
2 Komentar kana seratan “Pangbalikan - Ani Sukmawati”
Ngintunkeun Komentar
Eta Neng Ani Sukmawati, soanten mencrang surup sareng pameunteuna. Simkuring sok rajeun nonton Cianjuran di Bandung TV.
Salam baktos,
Ishak Sumedi
Batujajar
HP: 085220426323
Ishak, ieu email abdi, nami abdi :MEGA
Kumaha kabarna, damang ?
Kumaha kabarna urang Batujajar teh?
Kumaha kabarna urang Bandung teh?
Kumaha kabarna Cimahi teh?
Kumaha kabarna sadayana sakulawarga teh?
Iyeu email abdi:
mega_from_agra@yahoo.co.in
Mega