Darpan jeung Karyana

Ku: Hawé Setiawan

MÉMÉH macaan karanganana, tepung heula jeung jalmana. Mimiti tepung téh di Bandung taun ‘90-an katompérnakeun. Harita mah jurnalis, tukang tulas-tulis rupaning warta muatkeuneun dina koran Jakarta. Bari selang-selang tina ngarang carpon Sunda kawasna. Ti harita remen paamprok, ruang-riung jeung sawatara pangarang ngora lianna. Beuki lila beuki wanoh, beuki conggah. Pauing-uing atawa pailaing-ilaing jadi genah. Sagulung-sagalang, malah kungsi ngalaman saimah pisan, babarengan nyoba-nyoba ngajago di Jakarta. Teu lana da terus balik deui ka Tatar Sunda, lir jalma pamaénan éléh ngadu.

DarpanTi barang gubrag ka dunya gé cenah ngaranna téh Darpan, ngan sa-Darpan-Darpan-na. Kungsi rada légég, ngaran dipapaésan jadi Darpan Ariawinangun. Cenah asbabun nujulna mah pédah basa keur rumaja sok ngirimkeun sasajakan ka hiji radio partikelir di Karawang, bari maké ngaran samaran Ariawinangun. Orokaya, sanggeusna dipikawanoh ku balaréa, aya nu nganaha-naha, sok sanajan teu pamohalan maksudna mah ukur heureuy. Pajar Darpan mah pantesna ngaran cacah, demi Ariawinangun ngaharib-harib kana ngaran golongan kusumah. Cindekna, dianggap teu lumrah. Éta sigana nu ngalantarankeun kadieunakeun mah manéhna balik deui ka ngaran nu asli, anu tangtuna gé beunang ngabubur beureum ngabubur bodas.

Darpan lahir di Kampung Sungaiula, Désa Jayamulya, Kecamatan Cibuaya, Kabupatén Karawang. Wetonna, 4 Méi 1970. Teu cara alam Priangan nu sok diwawaas diriung ku gunung, tiis tingtrim perbawa hawa, lembur Darpan mah deukeut jeung tingjelegurna ombak laut kalér. Sungaiula perenahna di basisir kalér Tatar Sunda, kasebut sikluk jauh ka kota, da wawuh ka jalan aspal gé karek taun 1994-an, sarta karék kasaba listrik taun 1995-an. Darpan téh cikal ti genep sadulur. Bapana Ano Wangsa, ari indung Carnisem. Kolotna tulén tukang tani, dalah cék manéhna mah bulu taneuh pisan. Di Sungaiula mah pakasaban téh mun teu kana nyawah, nya kana tambak. Aya éta gé nu daragang, tapi leuwih réa nu tani kawas Pa Ano.

Kasebut “warna-warni” pangeusi lembur Darpan mah. Séké sélér nu teu sabibit hirup babarengan. Hétérogén mun cék légégna mah. Mun néangan urang Sunda alusna nganjang ka Kampung Sungaiula jeung Cimereta. Lamun hayang panggih jeung urang Jawa datangna kudu ka Kampung Pulo Satu, atawa ka Camara jeung Sungaibuntu. Malah di Camara jeung Sungaibuntu mah nyampak réa urang Cina anu nyarita dina basa Jawa. Ari di kampung Patikus jeung Anjatan, urang Sunda jeung Jawa téh matuh salembur sarta bisa gunta-ganti basa kumaha perluna. Demi di Sidariwan, urang bisa manggihan turunan Batawi. Kitu nu kacatet basa ngobrol jeung Darpan taun 1998 di Jakarta. Darpan gé upama dijujut tepi ka puhuna mah lir katumbiri kasang tukangna téh. Aki ti bapa turunan Tegal, ari nini ti bapa tedak Brebes. Aki ti indung pituin Sunda, ari nini ti indung turunan Jawa.

Mimiti sakola di Sungaiula, jadi murid SD Wargamekar, lulus taun 1983. Sup ka SMP PGRI Pedes, tamat taun 1986. Sup deui ka SPG (Sekolah Pendidikan Guru) Negeri Karawang nepi ka taun 1989. Laju ngumbara ka Bandung, sakola di Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan (IKIP, kiwari jadi Universitas Pendidikan Indonesia) Bandung, Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda nepi ka lulus taun 1993. Nya keur sakola di IKIP mimiti ngarangna téh. Dua kali jadi pinunjul pasanggiri ngarang di kampusna. Rupa karanganana prosa jeung puisi, boh maké basa Sunda boh maké basa Indonésia.

Darpan remen ngumumkeun carponna dina sawatara koran jeung majalah Sunda kayaning Manglé, Galura jeung Cupumanik. Bukuna anu munggaran, Goong Siluman bacaeun barudak, medal taun 1993. Lima taun ti harita, nyaéta taun 1998, medal buku kumpulan carponna anu munggaran kalawan judul Nu Harayang Dihargaan. Dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) nepi ka genep kali (1992, 1994, 1996, 1997, 1998 jeung 2000).Meunang Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata opat kali (1993, 1994, 1995 jeung 1996). Kungsi deuih dilélér Hadiah Sastra Rancagé 1999 dumasar kana buku Nu Harayang Dihargaan.Ti antara balad-balad saentraganana mah nya Darpan nu pangheulana meunang Rancagé téh.

Taun 2000, babarengan jeung sawatara pangarang Sunda lianna, manéhna diondang ku Dewan Kesenian Jakarta (DKJ) pikeun macakeun carponna di Taman Ismail Marzuki (TIM), Jakarta. Di Lampung gé, dina acara Sastrawan Tiga Daérah anu diayakeun ku Aliansi Jurnalis Indepénden (AJI) Lampung taun 2001, Darpan macakeun carponna deuih. Ari pacabakan sapopoéna kungsi gunta-ganti. Kungsi digawé di Jakarta, milu ngokolakeun divisi penerbitan Lembaga Studi Pers dan Pembangunan (LSPP) ti taun 2000 tepi ka 2003. Kungsi ogé milu aub di Imparsial, najan ukur bubulanan. Milu aktip deuih dina riungan Komunitas Dangiang anu kungsi medalkeun jurnal kabudayaan Sunda Dangiang. Kiwari Darpan sapopoéna nganjrek di Garut jeung kulawargana, ngadosénan, ngokolakeun pabukon kampus bari terus ngarang.

Ngalenyepan lalampahanana, sorangan boga kacindekan tina perkara jirimna Darpan. Cék pangrasa, Darpan téh urang kampung anu miang ka kota sarta tuluy asup kana golongan “minoritas kreatif” dina widang sastra. Enya, “minoritas kreatif” (creative minority) anu cék Arnold Toynbee téa mah sok milu nangtukeun ka mana loyogna talajak jaman. Jalma saeutik tapi ku lantaran rancagé tur réa kabisa antukna sok mangaruhan balaréa.

Duka aya patula-patalina jeung lalakon hirupna, duka pédah kabeneran baé, Si Iblis nu ayeuna ku urang disanghareupan gé bawirasa miang ti dua alam: kampung jeung kota. Éta wé ku nu nyarungsumna ogé geuning eusina téh diduadapurankeun: “Si Iblis” jeung “Budak nu Teu Balik”. Séjén dapuran, séjén deui nu jadi pamiangan.

***

Kumpulan carpon Si Iblis medalna kira genep taun satutasna Nu Harayang Dihargaan. Nilik kana titimangsana, carpon-carpon anu dipidangkeun dina ieu buku, anu kungsi diumumkeun heula dina sawatara koran jeung majalah, dikarangna dina periode 1991 tepi ka 2003. Katémbong yén jero leuwih kurang genep taun téh karancagé Darpan enggoning kurung-karang terus mekar. Mekar lain baé patali jeung lalakon hirupna tapi patali jeung cara ngalalakonkeunana deuih.

Dina dapuran kahiji, nyaéta “Si Iblis”, carpon-carponna téh asa sawanda jeung nu nyampak dina Nu Harayang Dihargaan. Nu didongéngkeunana laku lampah urang pasisian, babakuna patali jeung karudet maranéhna alatan talajak alam, kajuligan manusa, kasusah néangan pangupa jiwa, atawa pabeulitna urusan rumah tangga. Nu boga lalakonna bulu taneuh atawa jalma leutik kayaning tukang tani, pamayang, randa miskin, ungkluk, nu gélo, atawa urut tékawé. Omong-omonganana sugal garihal luyu jeung kaayaan hirup maranéhna sapopoé. Watekna basajan, kaambek jeung kakeuheul tara bet ditahan-tahan.

Karasa patula-patalina jeung naon-naon nu salila ieu sok jadi puseur implengan Darpan, nyaéta kumaha carana mawa “warna lokal” ka pakumbuhan sastra Sunda. Babakuna lebah basa nu dipaké ku manéhna, karasa rada béda ti basa Sunda lulugu titilar jaman Walanda. Darpan mentingkeun basa wewengkon pakaléran. Rada réa kekecapan anu sigana leuwih sering dipaké di pakaléran kayaning ‘ilok’ (5 kali), ‘doang’ (7 kali), ‘kos’ (175 kali, dipaké deuih dina dapuran kadua), ‘bures’ (sakali) jlld. Kitu deui patali jeung kasang tempat nu digambarkeunana réa kekecapan anu kacirina leuwih dalit jeung urang basisir kayaning laut, ombak, kamudi, désel, darmaga, tambak, muara jsté.

Puguh wé ciri mandiri anu patula-patali jeung basa téh aya pakuat-pakaitna deuih jeung kaayaan jalma-jalma nu dilalakonkeunana. Pohara teu matutna mun seug urang Sungaiula sina nyarita kawas urang Bandung atawa Tasikmalaya upamana.

Nu matak dina dapuran “Budak nu Teu Balik”, basa Darpan sasat pindah carpon pindah lalakon, kekecapan tokoh-tokoh caritana gé béda deui. Mungguh nu didongéngkeunana méh kabéh (iwal Si Aang dina “Kawista”) dumuk di kota, nya omong-omonganana gé luyu jeung jampé pamaké kota. Réa kekecapan nu direumbeuy ku basa deungeun cara “stratégi kencan”, “jeans rada merecet”, “rék sirloin, rék tenderloin”, “taksi silver” jsté.

Rada béda ti nu kapanggih dina dapuran kahiji, jalma-jalma nu ngalalakon dina dapuran kadua mah karéréaanana nu nyarakola kayaning mahasiswi, wanita karir, rocker, dosén, wartawan, jsté. Atuh nu disanghareupan ku maranéhna béda deuih, cara krisis antara indung jeung anak, duriat nu ngarancabang, jlld.

Mun téa mah hartining “warna lokal” nu ku Darpan sok dipikiran téa dijembaran, tangtu wé ciri mandiri urang kota nu ditonjolkeun dina dapuran “Budak nu Teu Balik” gé kaasup kana tarékah méré warna lokal kana sastra Sunda deuih. Kapan kota gé kaasup lokalitas anu mandiri.

Tapi boh di kampung boh di kota, aya ciri mandiri Darpan nu teu nepi ka leungit. Upamana baé lebah jejer caritana, Darpan teu weléh ngadongéngkeun rupa-rupa pangalaman jalma anu dina seuhseuhanana mah teu pikabungaheun. Dina dapuran “Si Iblis” nu jadi jejerna téh kapan kahayang pikeun rumah tangga nu kahalangan ku bancang pakéwuh (“Peuting jeung Harepan”), nasib nu gélo ti antara jalma-jalma pamabokan jeung tukang maén (“Tambul”), budak nu leungiteun bapa (“Abah”), duriat nu pegat alatan salah sangka (“Asih Dina Pais Lauk”), lampah teu uni pamingpin lembur (“Dongéng Jurig”), awéwé nu dinyenyeri ku salakina (“Ema jeung Buta” jeung “Nu Keketrok”) katut budak nu mantangul (“Si Iblis”). Kitu deui dina dapuran “Budak Nu Teu Balik” nu didongéngkeun téh awéwé panyileukan siga nu robah tangtungan (“Handeuleum Sieum”), budak awéwé nu hayang “ngawarah” indungna alatan krisis rumah tangga (“Budak nu Teu Balik”), wanita karir nu teu nyugemakeun salaki tepi ka salakina nyéléwér (“Kota”), mahasiswi nu jadi ungkluk bakat ku butuh (“Evy”), kasono nu teu ngajodo (“Kawista”), lalaki ti lembur nu bingung di kota antara dua wanita (“Awéwé di Kebon Awi”).

Lebah nyieun pamungkas carita deuih nu karasa tipikal Darpanna téh. Aya ku bisa nyieun ahir carita nu teu disangka-sangka bari tetep asup akal bin kaharti. Upamana baé, nu teu disangka-sangka téh lebah nyaritakeun Ujang jeung Eulis antukna luas “papanganténan” di tungtung lembur dina lalakon “Peuting jeung Harepan”. Kitu deui dina lalakon “Kota” basa nyaritakeun yén Nani anu nganaha-naha ka salakina pédah nyéléwér téh horéng manéhna gé laku lampahna teu uni deuih.

Mun ku urang disawang sabéngbatan, carpon-carpon nu dipidangkeun dina ieu buku bawirasa walatra ajénna, ciri bukti ayana karancagé nu anteng manteng di nu ngarangna. Dina ayana gé nu karasana rada ganjor, paling lalakon “Handeuleum Sieum”. Nonoman anu di kamarna napelkeun poster Kurt Cobain (1967-1994), bawirasa baris leuwih siga upama lalaguan nu dipikaresepna téh lain “slow rock”, atawa henteu resep ngahaleuangkeun “Unchained Melody”. Da kapan Kurt Cobain téh vokalis Nirvana anu kasohor lebah alternative rock-na. Asa leuwih pantes mun nu mikaresep Kurt Cobain téh ngahaleuangkeun lalaguan dina wanda grunge, nu gurang-gerung nyalénggorkeun wirahma hitar nu ilahar, cara anu kapanggih dina lalaguan dina albeum Nevermind (1991) upamana. Pangpangna mah lebah Kania, asa teu pati kakobét naha juru tembang kameumeut téh bet jadi resep ngokolakeun “rock band festival”. Naon atuh kasang tukangna pangna robah tangtungan téh?

Ku kitu ku kieu karancagé Darpan pohara gedé ajénna pikeun kamekaran sastra Sunda. Dina sastra Sunda ilaharna nu ngarang téh tara incah balilahan tina kasang tempat anu jadi pamiangan carita-carita nu sok dicaritakeunana. Upamana baé urang bisa ngabanding-banding antara carpon-carpon Holisoh M.É. nu sok ngiblat ka pilemburan jeung carpon-carpon Aam Amilia nu sok ngindung ka pakotaan. Kalawan nyieun Si Iblis Darpan sasat nuduhkeun yén boh désa boh kota pada-pada bisa dijieun pamiangan enggoning ngaréka prosa. Atuh urang nu macana kabantu pikeun neuleuman unak-anik kahirupan di unggal padumukan.

Bandung, Oktober 2004

Komentar

5 Komentar kana seratan “Darpan jeung Karyana”

  1. Duddy RS | 26-06-2008, 11:10:05

    Waas waktos sasarengan ka Makasar,sareng Darpan teh. Sok ah, Lur. Sing teras nanjung…

  2. risna | 29-06-2008, 09:55:05

    Ngun uing mah moal ngomentaran karya nt da, hayang nulis we di dieu. menta alamat e mail nt euy, urang susuratan meh rame. sok ditungguan. Eh, engke ka susi tea okey

  3. Dadan Sutisna | 29-06-2008, 10:46:53

    Aya alamat email Kang Opang mah. Ngan sigana moal tiasa diserat di dieu, bilih kapendak ku kabogohna, hehe… ke bae dijaprikeun ka Teh Risna.

  4. Wawan | 22-08-2008, 07:41:59

    Salam,kang, darpan abdi ti krw. Abdi penggemar sastra. Bangga aya satrawan nu asal ti krw nu icik kibung d kancah sastra nasional. Kang darpan, upami d krw aya heunteu paguban sastra?
    Bravo sastra sunda!

  5. ayung | 08-05-2009, 11:21:33

    Pang, uing mah rek komentaran. Lamun aya keneh kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan di imah ente uing menta sabab nu uing meunang meuli lengit diinjem ku murid. Hatur Nuhun. Salam bae ka Umi he..he..

Ngintunkeun Komentar