Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 1
Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Handapeun tangkal Nangka Koneng nu leubeut, Si Bagja anteng ngasur-ngasurkeun suluh. Geus ruhay. Seuneuna ngalentaban kastrol. Pangpung jeung baralak dina pirunan mah, meh tarutung kabeh. Ngalebu. Sigana tereh asak liwetna teh. Haseupna ngabulungbung meulah kebon jagong. Sawarehna seselendep kana pare nengah bitis. Terus mancawura luhurun kebon cosin, nu mayakpak bangun rek neumbrag Gunung Panyaungan ka beh jauhna. Kaanginkeun, muru sewang-sewang kahayangna. Seungit peda dina katrol mani melenghir. Si Bagja muka tutup kastrol, nyuaykeun daun cau nu nutupan liwet.
“Jait wae, Jang!” cek Pa Adis, Bapana Si Bagja, bari nunda gembor dina galengan.
“Geus meunang sabaraha kotak, Bapana?” tanya Ma Ayom, Indung Si Bagja, bari ngarendos cengek dina coet batu. Aya beuleum tarasina deuih.
“Karek kacebor sakotakan. Lapar manten. Tadi subuh can sasarap. Poho, ngurutan heula Si Soma tipalitek. Karek kopi we jeung beuleum sampeu, tadi teh!”
Sanggeus nyait kastrol, Si Bagja nyindukan liwet kana amparan daun cau. Pedana dipisahkeun. Kitu deui cengek guluntunganana. Indungna nu resep cengek gulutungan mah. Ari manehna mah nurun ka bapana, resep sambel tarasi. Jang Maman, adina Si Bagja mah anteng murak Chiki.
Angin musim katiga teu pati tarik. Hawa teh rada bayeungyang. Langit pulas bulao luhureun kampung Dangiang, siga karpet katapelan haseup nu ngambang. Papatong jeung kukupu, aranteng ulin di kebon jagong. Sawarehna muru kembang malati jeung jujukutan sisi kebon. Jang Maman kalan-kalan ngungudag papatong, bari mawa nyere nu tungtungna make geutah. Geus beubeunangan, lung dialungkeun ka hayam nu ngulampreng ka kebon. Geus cape, gek wae sila tutug, nyanghareupan liwet anu ngebul.
Karek ge rek ngahuap, panon Jang Maman mireungeuh haseup kandel tungtung pakampungan. Manehna kerung.
“Pa, siga aya nu kahuruan!”
* * *
Seuneu teh siga nu motah. Mijah naker. Imah sisi jalan desa nu sakitu sigrongna, salin rupa jadi rangkay burahay. Nu malanjuran cai ku ember kalah cape manten. Seuneu teh angger ngalentaban saban rohang imah Bu Kades. Jalma-jalma ting laliud, siga bingung pilampaheun. Aya ku riweuh. But bet. Aya wae nu lalajo bari colohok. Nu jojorowokan wae aya deuih. Barudak leutik mah narangkod kana pingping indungna. Aya oge nu ceurik hayang diais. Ari nu bangor mah, biasa we disentakan.
“Montong kadinya, siah! Bisi kapetelen kaca jeung kenteng!”
“Kasarisi! Awas! Bere jalan jang mobil pemadam!” parentah Mang Jana, nu make baju saragam Hansip. Sapotong kitu na oge. Kahandapna mah geuning make kolor nu jeblog ku rangasu.
Enya wae. Ti jauhna geus ngahieng mobil Pemadam Kebakaran teh. Teu kungsi lila ge geus anjog ka hareupeun gedong nu kahuruan. Dua geuning. Sarigep pisan. Jlung jelng. Petugasna gancang nyemprotkeun cai kana seuneu nu keur ngabebela. Nu sawarehna deui mah tuturubun ka walungan peuntaseun jalan.
“Ditelepon di mana bieu, Bagja? Nginjeum ka Den Tarja?” tanya Ma Ayom
“Heunteu, Ma! Nelepon di Wartel Mang Jana wae nembe, teh!”
“Untung gancang datang. Mun henteu, meureun imah-imah sejen bakal milu kaduruk!” Ma Ayom istighfar.
Imah gedong Bu Kades teh teu burung rada kasalemetkeun. Bagean gigir jeung tukang mah teu kaduruk. Ngan hareupna mah teu katulungan. Kacana pareupeus. Panto jeung jandelana jadi areng. Tembokna sawareh runtuh. Muruhpuy. Bangkarak korsi jeung meja di tepas pasolengkrah. Hideung. Baseuh, kabanjur cai ti mobil Pemadam Kebakaran.
Kolot jeung bujangan mah loba nu terus mantuan miceun bangkarak ka sisi. Sawarehna deui mah jadi tukang parkir, ngatur motor, delman, jeung mobil nu papalingpang di jalan hareupeun imah nu kaduruk. Paciweuh. Teu kungsi lila, seuneu di imah Bu Kades pareum. Ngan haseupna masih ngelun.
“Kadaritu barudak!” sentak Mang Hansip jeung Pa RT, nyieuhkeun barudak lantaran ngahalangan jalan.
“Tuh sirineu Pulisi!Asyik….aya Pulisi euy!” cek budak leutik nu teu dibaju
“Urang nempo mobilna, euy! Alus nya…buburicakan!” cek budak nu make kaos gambar tokoh Smackdown, bari ngegel cireng.
“Alaaaaah,siah! Itu geuning jeung treuk tentara!” cek budak nu bajuna pinuh ku leutak. Bari nunjuk teh, irungna nu mancung ka jero ngingsreuk wae.
“Kade dak! Barudak!Tong nyagapan mobil pulisi, siah!” Si Bagja milu nyaram barudak satepak nu keur meumeujeuhna hayang nyaho.
“Ari itu anu nyandak kamera, saha Aa?” cek Nini Icih, tukang urut nu geus bongkok.
“Wartawan tea, Nini! Nu sok nyerat dina koran!” tembal Si Bagja memeres runtah durukan imah. Jang Maman mantuan sabisa-bisa.
“Euleuh…meureun imah Bu Kades ke aya na koran, nya Aa!”
“Muhun sigana!” Bagja unggeuk.
“Na tilivisi ge aya ke nya, A?” cek Aki-aki deukeut Nini Icih.
“Aya…tuh da itu, nu nyandak kamera ageung mah ti RCTI, Trans TV, sareng Bandung TV!”
“Alaah…siah, mangkaning tadi Nini kasorot!”
“Nya kunaon kitu? Mani siga embung asup TV?” cek Si Aki.
“Incu Nini nu di kota bisi nempo! Bisi nyangka imah Nini nu kaduruk!”
“Ari nyaneh!Pan katempo atuh itu mah lain tina bilik!” Si Aki seuri koneng. Si Bagja mah ngan bati mesem. Terus manehna nempoan ka gudang gigireun imah Bu Kades. Salamet gudang mah. Mangkaning loba barang. Katempoeun ku Si Bagja loba nu ngaliud. Wartawan kokotret bari tatanya ka Pa Kades. Ari Bu Kades mah katempona carinakdak.
“Konslet tina listrik sanes?” Si Bagja nanya ka Mang Jana, lalaki tengah tuwuh nu sapopoe buburuh ngebon di Bu Kades.
“Duka teuing! Mamang ge tadi teh keur ka Pasar!”
“Ari Den Kopeng aya di palih mana, Mang?”
Mang Jana gideug.
* * *
“Ari Den Kopeng teh, yuswana sabaraha taun nya, Pa?”
“Duka pastina mah. Paling oge dua puluh taun!”
“Naha teu diteraskeun sakolana nya, Pa?”
“Budakna bangor. Tapi baheula mah da teu kitu-kitu teuing. Ngan sanggeus Pa Kades kabejakeun munjung, Den Kopeng jadi rada owah!”
“Leres kitu munjungna teh, Pa?”
“Si Kamri nu nyaho mah. Cek manehna kungsi milu ka Den Fery, lanceukna Den Kopeng. Ka ditu cenah, ka Ranca Bayawak!”
“Muhun eta oge abdi kantos terang ti Kang Kamri. Di ditu teh, cenah mendakkan pembantu Pa Kades nu kantos diwartoskeun maot tea!”
“Enya cenah. Geus jadi monyet sapotong!”
“Asa araheng nya, Pa?”
“Enya puguh. Duka bener henteuna mah! Ke Bapa teh arek ka cai heula!”
Pa Adis, muru panto tepas. Sup ka tengah imah. Bari diuk di tepas, Si Bagja anteng neuteup bulan anu buleud emas. Manehna ngarenghap. Reuwas kadieunakeun. Sukuna karasa paregel. Tadi beurang tarik teuing lumpat, muru imah nu kaduruk. Genggerongna asa peura saeutik, balas gogorowokan ngabejakeun nu kahuruan.
Can jelas, kunaon imah Bu Kades kaduruk. Nananyakeun ka nu itu kitu, ka nu eta kieu. Beda-beda. Aya nu nyebut tina listrik. Aya anu tina kompor bitu. Aya oge nu nyebutkeun tina kuntung roko kana kasur. Ngan untungna teh taya nu maot. Harta banda wungkul rugina teh.
Panto imah ngulutrak ti jero. Si Bagja ngalieuk
“Ja! Bapa rek ka Pa Kades heula! Pangjagakeun si Maman! Sina ngapalkeun bieu teh. Kade bisi lalajo televisis wae!”
“Mangga, Pa!”
“Mun Ema geus balik ti pangajian, pangmisahkeun binih keur isukan!”
Bagja unggeuk. “Moal lami, Pa?”
“Kumaha engke wae! Kade, nya!”
Pa Adis nu awakna jangkung teh gagancangan muru buruan. Terus ngingkig ka jalankeun. Bagja babatek bari nahan pitunduheun. Terus asup ka imahna.
“Man?”
Combrekna peuting ngan kaganggu ku sora jangkrik jeung televisi di tengah imah. Si Bagja gogodeg nempo adina kalah anteng lalajo televisi. Buku pelajaran mah diantep wae. Patulayah.
“Kalah lalajo tivi geuning? Eta lalajo Smackdown deuih! Man…pan ceuk Aa ge tong lalajo nu kitu!”
“Bae atuh A, da resep!”
“Eh, ari maneh! Pan cek Aa ge bahaya. Aya matakna!”
“Ih kela atuh keur raramena!”
“Geus, geura ngapalkeun anggur mah!”
“Euhhh…tong dipindahkeun, atuh A!”
“Geus! Tuh mun rek lalajo ge maning ieu! Tah, maning Wayang! Tuh Si Cepotna geus ka luar!”
Maman kalah ambek. Cetrek mindahkeun saluran. Smackdown deui. Bagja mencet rimot. Wayang deui. Maman jamedud..
“Kalah rek ceurik!
“Aa mah ngagangu bae!”
“Lain kitu! Goreng lalajo film kitu mah. Ke bisi hayang nurutan!”
“Atuda batur oge sok sesemekdonan di sakola oge,A!”
“Enya eta teh goreng! Awon pisan gegelutan kitu mah!
“Naha?”
“Dina tivi mah apan bobohongan! Ari di sakolaan mah, tina heureuy sok jadi enyaan!”
“Ari di SMP sakola Aa teu aya kitu?”
“Aya oge. Ngan sok dicaram ku Pa Guru! Bahaya, cenah!”
“Di SD oge da sok teu kenging ku Pa Guru oge!”
“Tuh…apan Pa Guru oge nyaram! Jadi tong gegelutan cara dina acara eta!”
“Atuda resep A, ninggalna!”
“Kanu sejen wae. Acara nu matak sehat. Mending keneh lalajo balap mobil atawa Bocah Petualang. Cek Aa mah leuwih resep keneh nu kitu. Jaba aya manfaatna!”
Maman nu masih keneh disasarung teh ngabetem. Teu kungsi lila manehna heuay.
“Geura sare wae kadituh! Ngapalkeunana ke wae subuh!”
Bagja mareuman televisi, terus nganteurkeun adina ka kamer.
Sora jangkrik patarema. Rada rame. Di kamer Jang Maman oge aya meunang ngandangan tina awi. Luhurna ditutupan kaca. Sorana oge tarik.
Krik krik krik…krik krik kriiiikkkkk!
* * *
“Sigana, beres SMP teh, Bapa moal bisa ngabiayaan sakola Aa ka SMA!”
Bagja ngabetem. Hatena mah ngarakacak.
Omongan Bapana sajajalan ka sakolaankeun, terus maturan lengkahna. Hayang pisan manehna nuluykeun sakola ka SMA teh. Manehna mah resep sakola teh. Enya oge teu asup rengking, ari angkana mah kawilang cukup bae. Aya nu dibanggakeun ku Bagja. Peunteun pelajaran kasenian mah sok panggedena wae. Jang Samsu, najan rengking hiji oge, pelajaran kasenianana mah ngan peunteun tujuh. Kitu deui Neng Eva nu rengking dua, ngan peunteun genep satengah. Ari Bagja mah peunteun salapan.
“Maneh mah da sok nyuling wae dina punduk munding meureun, jadi wae jago nyulingna!”cek Jang Samsu, budak Bidan Santi nu bangir tapi lestreng.
“Beu, apan geus carang munding, di kami mah!”
“Enya, Su! Maenya nyuling luhurun traktor!” Neng Eva nu kabeukina dibuntut kuda, milu mairan.
“Kasenian teh apan lain nyuling bae. Sorana alus tuda si Bagja mah. Teu cara maneh. Siga sora embe!” Si Tohir, sobat Si Bagja nu resep ngala belut, pipilueun.
“Geus, ah!” Jang Samsu embung papanjangan.
“Enya. Keun da lain peunteun nu penting mah. Tapi kalakuan!” Bagja mairan.
“Enya, nya! Bu Kades urang oge apan belet, geuning jadi Kades!”
“Sssst!” Jang Samsu ngacungkeun curuk deukeut biwirna. “Bisi aya cakcak beureum, siah! Ke dibejakeun ka Den Kopeng!”
“Ah, rek cakcak beureum, cakcak bodas, rek cakcak koneng oge, kajeun!” Si Tohir teugeug keneh.
“Tos ah tong nyarioskeun batur!” Neng Eva mauran.
“Lain ngomongkeun batur ieu mah, ngomongkeun Bu Kades!”
Bari rada mesem, Si Bagja nembalan,”Dosa cek ustadz Deni oge!Naraka, tah bagean tukang ngupat, mah!”
“Mun Surga mah kanggo tukang tahu, nya?” cek Neng Eva meh mesem, ngan kaburu katempas.
“Ah, geuning Ustadz Deni oge kamari ngomongkeun wae Haji Saep!”
“Ih…ari nyaneh. Eta mah uing ge nyaho. Beda soal!” Jang Samsu kerung.
“Beda kumaha kitu?” Neng Eva panasaran.
“Ustadz Deni teh apan naksir budakna Haji Saep!Pan kamari oge muji wae ka Haji Saep teh,” tembal Jang Samsu.
“Geus tong katutuluyan! Si Tohir mah niatna oge rek ngabodor. Ngan hanjakal can hatam maca dongeng Si Kabayan. Jadi we boring. Bodorna garing!” Si Bagja ngaheheh. Si Tohir ngan bati kenyom. Neng Eva mah nyureng. Mupuas nu katohyan.
Ehm…Neng Eva teh geuning asa beuki geulis ari nyureng teh!
“Ja! Dagoan, Euy!”
Si Bagja asa kagebah. Lamunanana les ngereles. Lengkahna nu dibaturan sapatu rada dobol, katahan. Manehna ngarandeg heula. Nungguan nu gugupay.
Si Tohir hah heh hoh.
“Ja, Imah Bu Kades aya na tivi, euy!”
“Enya cenah. Uing kasorot teu, euy?”
“Aya oge Mang Uya, Mang Jana, Ki Adim, Nini Icih, Jang Emon we nu keur manjuran. Naha maneh teu nempo tivi?”
“Sore kamari aya di sawah. Terus ngaladangan nu rek ngieun endog asin!”
“Meri maneh cenah aralus, nya? Produktif!”
“Lumayan. Lain, ari cek maneh, nu ngadurukna saha, tah?”
“Seuneu!”
“Ih…….”
“Lain euy, maneh apal Si Nero paeh?”
“Ah maenya? Paeh kunaon?”
“Sugan apal. Pan kamari teh milu kaduruk!”
“Alah, mangkaning kameumeut Pa Kades! Nyaho ti saha?”
“Bieu we. Basa ngaliwat ka tukangeun imah Kades nu kaduruk tea, aya Mang Jana nyered bangke anjing. Mani lestreng. Bauna lumayan!”
“Boa lain Si Nero!”
“Cek Mang Jana mah Si Nero. Sigana enya deuih. Rada apal kana kongkorongna!”
Bagja ngaheneng. Inget keneh. Si Nero teh apan jago moro. Awakna seseg. Babangusna mencos. Sihungna seukeut. Pangwanina ngudag bagong. Matak sering dipake moro. Mun aya Si Nero, moro teh cenah sok rame. Sok beubeunangan. Pa Kades oge resep kana moro teh. Sakalian ngabantuan masyarakat nu sok diranjah kebonna ku bagong.
“Naha bet bisa kaduruk, nya Hir?”
“Duka teh teuing atuh!
Si Tohir jeung Si Bagja leumpang mapay-mapay galengan. Ti jauhna, Gunung Malabar siga nyurungkuy bari mawa tatangkalan dina taktakna.***(lajengkeuneun)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 1”
Ngintunkeun Komentar
.mmhhh
.bleh nanya gg..
.ini cerita.a tentang apa.??
.soal.a emeh ada tugas dari guru b.sunda,,
.nyari novel b.snda..
.tlng ceritain iia..
.blzzzz….
.tpi pke b.indo..
.makasiii…