Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 2
Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Bubuhan sakola anyar, kaangseu keneh bau cet na oge. Kuduna mah cenah, sakola SMPN 2 Banjaran teh, ngadeg ti baheula keneh. Lila teuing jadi Kelas Jauh SMPN 1 Banjaran. Ngan duka kunaon, bet karek taun ayeuna jadina mah. Sabaraha taun mah, ti saprak diadegkeun, sakolana teh nyiruruk di SD Ciluncat, Meunang sababaraha taun. Kaburu aya masalah cenah jeung SD-na. Laju kitu terus nyewa ka SD Setragalih. Omong sakola negri, tapi kudu sakola beurang.
“Padahal sakolana teh, meh bareng didegkeunana jeung SMPN Katapang. Coba tengetan. SPMN Katapang mah geus maju. Tanahna lega. Wangunana seseg. Na ari ieu…sangkilang tiap taun barudak kudu mayar uang wangunan. Hih, masih keneh nyiruruk di sakola batur. Cobi emutan ku Pa Adis, tos puluhan taun taya obahna!”
Kitu cek Haji Mansur, waktu namu ka imah Pa Adis. Si Bagja Teu ngahaja ngadengekeun soal sakolana. Ah, da enya kitu. Lain rusiah deui. Enya, era nyiruruk di sakola batur teh. Jaba sok tunduh ari sakola beurang mah. Hese husuna. Nu barolos oge remen pisan.
“Tapi ayeuna mah resep. Sakola teh inditna seger keneh. Diajar oge sumanget. Kitu sigana nu karasa ku nu lain oge!” gerentes Si Bagja, bari nitenan sakolana nu anyar keneh. Karek saminggu diresmikeunana oge.
Alus wangunana mah. Make Julang Ngapak na suhunanana. Tembok kabeh deuih ruanganana mah. Jaba aya koridoran. Jadi, mun hujan teh, moal kahujanan mun rek ka wangunan sejen. Masjidna oge gede. Nyitak saeutik gaya Parsi. Cenah engke mah rek dipake Jumaahan ku masyarakat di dinya. Seug wae. Aya hadena.
Perpustakaan oge aya. Ngan can pati loba bukuna. Laboratorium oge aya. Dipernahkeunana deukeut kebon anu manjang. Sakuriling sakola ngan kawatesan ku kebon cosin. Belah tonggohna aya lapangan maenbal lega pisan, campur tegalan. Taneuhna beureum. Liket. Cepel mun kahujanan. Alus cenah mun keur ngieun bata jeung kenteng. Gede naker. Bubuhan eta mah masih keneh tanah kacamatan. Moal aya nu wani ganggu. Nya alus kitu. Apan ayeuna mah meh hese boga lapangan maen bal teh. Tong boro sakola di kota, dalah di desa oge, geus mimiti hararese. Apan taneuhna beuki mahal, lantaran kasedekeun ku perumahan. Enya, atuda ayeuna mah perumahan oge nerekel ka deukeut gunung. Loba deuih.
Matak, kacida lamun sakolana alus, muridna ngaredul. Pokona, ayeuna mah euweuh alesan keur nundutan deuih.
Poe ieu mah kelas Si Bagja kabagean pelajaran olah raga. Ari kelas sejen mah kabagean nu lian. Aya oge nu keur kabagean pelajaran IPA sigana, da katempo keur ngarumpul jeung guruna di kebon. Sigana mah arek marelak jagong.
Bagong?
Moal. Ka lembur ieu mah moal aya bagong. Enya oge bagong teh beukieun jagong, apan kebon sakola mah jauh ti leuweung. Jauh ti suku gunung. Dina ayana oge, pasti bagong nyasar. Komo da desa ieu mah boga Si Nero. Langka aya bagong lunta. Tapi, najan Si Nero geus paeh oge, da bagongna geus langka deuih. Rada jauh deuih ti lembur eta mah.
Bangun nu segut ari pelajaran olah raga mah barudak teh. Sanggeus senam, Pa Guru mere pelajaran Lompat Jauh jeung Loncat Tinggi. Nu pang sumangetna mah si Tohir. Awahing awakna jangkung. Jaba ngeusi. Ari Bagja mah kaasup basajan. Dina prakna oge, asal teu ngerakeun teuing.
“Jalu mah, asal tong kawas Neng Eva we, luncat teh sok bari ngagerewek heula!” cek Jang Samsu bari pepeta.
“Sabenerna mah, lain sagerewek-gerewekna, eta teh!”
“Na kunaon kitu?”
“Ngarah kadengeeun we ku Si bagja!”
“Har…naha bet ka uing?” Si Bagja kerung. Semu beureum pipina mah.
“Enya tuda maneh mah sok cuek!”
“Ah, naha kuring mah da biasa-biasa wae!”
“Tah, justru eta euy! Biasa-biasa wae mah, keur Neng Eva mah teu cukup!” Cek Si Tohir beuki resep ngaheureuyan Si Bagja.
Beungeut Si Bagja rada rey-reyan. Untung manehna dicalukan ku Pa Guru sangkan geura luncat. Si Bagja asa katulungan.
Berebet!
Jleng!
* * *
Ayeuna mah sakola teh jadi rada jauh ti imahna. Bareto mah cukup ku saratus lengkah, ayeuna mah kudu ngarebu. Aya kana lima kilometerna meureun. Nya kapaksa wae Si Bagja oge ngalenghoy. Leumpang we nikreuh. Tambah kesel, ngieun empet-empetan tina daun janur. Ah resep wae da loba ieuh nu leumpang oge. Ari Jang Samsu mah boga sapedah, jadi sok ti heula mulangna teh. Baheula mah, ukur dipake ari rek ulin, da ka sakolana oge deukeut. Sarua sok leumpang. Ayeuna mah, nya sesepedahan wae ka sakolana teh. Teu milu da misah jalan.
Komo deui ari Neng Eva mah. Bubuhan anak jelema aya.
“Wuiihhhh…make Mio anyar, euy!”cek hiji budak nu keur ngagayem cilok.
“Mani meles kitu, nya? Genah sigana, euy!” cek nu hiji deui bari menerkeun buukna nu rada beureum kapanasan.
“Genah nempo genah make, motor kitu mah!” cek nu make dudukuy harendong.
“Tapi saur abdi mah sae keneh Vario, ah!” cek nu keur menerkeun bondu warna kayas.
“Alus oge pait, nya paria mah?” nu make kaos kaki belang nyikikik.
“Nya gulaan we ngarah amis mah!” tembal baturna.
“Terus digoreng, nya?” nu sejen milu mairan.
“Ah, maraneh mah mikirna kana dahareun bae! Ti iraha aya motor digulaan?” cek nu mawa bal. Kaosna belok ku taneuh beureum.
“Nya ti ayeuna wae ari can aya mah!”
Si Bagja nu leumpang tukangeun nu keur hareureuy, oge milu seuri koneng. Si Tohir mah anteng ngalamotan es nong-nong.
Iraha atuh nya uing boga motor? Batin Si Bagja. Ah, tong boro motor, sapedah oge teu boga. Aya lanceukna boga mobil, da nu batur. Kuli. Purah nyupiran angkot jurusan Banjaran - Soreang. Kalan-kalan nyupiran mobil tatanggana
“Kunaon Ja, hulang-huleng? Tong dipikiran Neng Eva, mah!”
Bagja asa kagebah. “Nyao teuing, ah!”
“Neng Eva mah geus dicirian ku Den Kopeng, euy!”
“Na, kawas kuda bet dicirian?”
“Ih…apan ambeh teu pahili jeung Nini Uneh!”
Bagja ngan mesem. Sabot kitu, ti hareup barudak awewe ting jarerit. Bagja jeung Si Tohir geuwat lumpat muru ka hareup.
“Aya naon barudak?”
“Alaaahhhh itu aya nu gelut!”
“Alah, enya euy! Geuwat pisah, palaur!”
Deregdeg Bagja, Si Tohir jeung murid lalaki sejen. muru ka kebon awi, tempat nu keur gelut katempo papuket. Barang disidik-sidik, horeng Den Kopeng keur ngangkat budak leutik. Budak nu diangkatna jejeritan. Komo barang dibantingkeun mah. Budak teh teu sirikna ngagoak. Barudak reang ngajorowok, ngusir Den Kopeng.
Bagja jeung Si Tohir gancang muru nu ngagoak. Budak teh ceurik gagauran. Bagja gancang nempoan nu tatuna. Ngan eumeur dina siku jeung lebah bincurangna. Budak teh ngahegak, jaba katempona leuleus. Ari Den Kopeng kalah nepakan dadana. Seuseurian. Terus lumpat ajrag-ajragan. Ngabecir dibaledogan barudak awewe.
“Abong jalma lieur!”
“Ke, jang! Mana wae nu nyerina!”
Bari balilihan, budak teh nembongkeun nu nyeri dina awakna.
“Kumaha atuh, Ja?”
“Urang bawa ka Puskesmas wae! Deukeut ieuh!”
* * *
Jrut Si Bagja turun tina delman. Deregdeg muru ka Puskesmas. Nu sejen ting lalieuk. Teu lila, Si Bagja balik deui muru delman, dituturkeun dua urang petugas Puskesmas nu mawa blangkar.
Budak teh masih keneh balilihan. Komo barang rek diturunkeun kana tandu mah, budak teh pupuringisan sagala. Si Bagja jeung Si Tohir terus marengan budak nu dibawa kana tandu tea.
Di jero ruang praktek, bari luut-leet keneh, Bagja jeung Si Tohir mere katerangan singket ka Dokter jaga nu aya di Puskesmas. Dokter gogodeg. Horeng, cenah poe eta teh lain ngan budak eta wungkul nu di smackdown teh.
Aya oge budak SD Ciluncat saurang, terus budak SD Cimaung duaan. Sarua pedah gegelutan. Anu hiji deui mah cenah kudu ka rumah sakit Soreang, dan potong leungeunna.
Euleuh-euleuh!
“Hir, jadi inget ka adi uing, euy!”
“Ah, mudah-mudahan wae henteu atuh, Ja!”
“Ngan tadi mah Den Kopeng bet sesemekdonan nya? Apan geus gede manehna, mah?”
“Enya teu imbang. Ah, abong jalma lieur! Tadina ku uing oge rek digebug!”
“Kawas wani, we?”
“Alah aya batu ieuh! Tuman atuda, wani ka budak leutik!”
“Geus lah, ke urang bejakeun wae ka Pa Kades! Komo mun budakna terus kudu lila dirawatna mah!”
“Eh, lain euy, apan indung bapana can apaleun! Kumaha atuh?”
“Keun atuh ku uing. Maneh tungguan didieu!”
“Apal kitu budak urang mana?”
“Apal…tadi teh Jang Sonson, budak Mang Darma nu sok dagang bubur kacang!”
“Nya atuh! Maneh ka dieu deui, nya!”
“Enya…dagoan we!”
“Heh, ari delman jeung ka Puskesmas saha nu mayarna?”
“Ah, sina ditagih wae ka Bu Kades!”
“Enya atuh, alus kitu!”
* * *
Jang Maman meusmeus nampo kana jandela. Asa geus nyeri beuheung. Naha si Aa teh can aya wae? Kamana heula, nya? Cek pikirna. Gek deui dina korsi kai. Awakna nu keur meujeuhna nulang kalapa, disarandekeun kana anyaman hoe nu meh barejad.
“Geura dahar heula, Jang! Keun wae si Aa mah engke oge datang!”
“Ah, bade diantosan, Ma! Sok resep ari emam sareng Si Aa mah, Ma!”
“Kaburu peurih manten, atuh!”
“Henteu, Ma! Nembe apan tos ngaemam seupan hui sareng Chiki!”
Ma Ayom nalikeun samping kebat butut nu nahan boboko eusi orea dina cangkengna. Gap kana teko seng.
“Ka Mana heula atuh Si Aa teh, nya? Hariwang Ema oge! Tara-tara ti sasari!” Ma Ayom muka tulak. “Yap atuh, milu wae ka kebon!”
Jang Maman unggeuk. “Muhun atuh, di dieu oge kesel. Sangu sareng rencangna candak wae, Ma?”
“Enya. Sesakeun wae, bisi si Aa langsung ka imah! Tunda dina paratag, ambeh teu ku ucing!”
Bari tituturubun na tatapakan jalan ka lebakeun, Ma Ayom jeung Jang Maman muru kebon sisi wahangan. Terus noyod mapay sisi wahangan nepi ka pengkolan nu nyempit jadi sunge. Lebah sasak nu dijieun tina tangkal kalapa, nu ngajelepeng luhureun cai sunge, kakara duanana ngurangan lengkahna. Paur atuda, sakitu cai keur meujeuhna tarik. Aya hujan di hilir sigana. Apan wahangan beh ditu oge sakitu nyeahna. Sunge Cisangkuy mah cenah sok kukurumuyan mun caah teh. Umpal-umpalan siga nu keur mawa pasukan tempur. Matak, Ma Ayom jeung Jang Maman leumpangna ati-ati pisan basa nincak sasak teh. Leungeun maranehna gupuy-gapay kana tihang awi, nu ngaleunjeur nepi ka wates sunge.
Beh jauhna, Gunung Malabar ngajurungkunung. Bulan-bulan kamari mah, di pasirna teh meh kahuruan kabeh nepi ka ponclotna. Awahing musim katiga kacida nyantekna. Atuh loba tangkal gararing. Panas eab-eaban. Nya sok komo aya nu joledar, boh urut dudurukan atawa tina kuntung roko, ningggang rungkun garing teh, mana pasti kahuruan. Jaba katebak ku angin. Atuh teu burung seuneuna ngagedean. Motah naker. Resep nempona ari ti kajauhan mah. Sok komo ninggalna peuting. Siga aya obor badag. Cenah deuih, pedah loba nu sok rajin malingan kai. Matak, aya kahuruan teh sakalian bari ngala kai.
Dina saung awi nu dihateupan daun kiray, gek Ma Iyom diuk bari nunda babawanana. Jang Maman mah terus ngagoledag awahing ku cape.
“Henam atuh, geura purak kainyah!”
Jang Maman ngan bati unggeuk. Terus nguniang. Bari nyicikeun cai enteh tina teko kana batok, manehna heuay. Sageus ngaregot sababaraha kali, manehna ngaluarkeun gambar-gambar leutik tina pesak calana pondokna.
“Naon tateh, Man? Geuning siga nu teu dibaraju?”
“Ih Ema mah, apan ieu teh gambar smackdown tea!”
“Naon semekdon teh, Man?”
“Nu sok na tivi, Ma!”
“Cik ngilikan! Geuning lain kartun ieu mah!”
“Nya sanes atuh, Ma!”
“Ey, geuning siga tukang garelut ieu mah?”
“Sanes gelut, Ma! Gulat!”
“Enya, sarua wae! Lah nanaonan atuh barangbeuli nu kieu?”
“Ih, ari Ema! Da nu sanes oge meser nu kieu!”
“Tuturut teuing, atuh! Mending meuli dahareun!”
“Tah ieu mah gambar Jimmy Wang, Ma! Si Koboy tea!” Jang Maman teu nolih omongan Emana. Ari Ma Ayom siga nu bingung. Terus ngarahuh. Kulit tarangna ngangkat. Kerung. “Tah, ieu mah Si Randy Orton. Tinggal, Ma!” sambung Jang Maman.
“Ih, awakana siga munding kitu!”
“Jagoan ieu mah, Ma! Tah lawan na teh Si John Cena. Basa eta mah kantos jeung Hulk Hogan. Tah mun ieu Si…saha, Nya? Pokona dilandih Si The Miz wae, Ma!”
“Aya na tivi, Nyah? Geuning Ema can kungsi kawenehan?”
“Atuda, Ema mah sok atos kulem!”
“Na ari peuting Ujang henteu ngapalkeun?”
“Ngapalkeun atuh, Ma! Tos rengse teras nonton tivi!”
Ma Ayom ngarahuh deui. “Tong peuting teuing ari lalajo tivi teh, atuh! Komo nempo jelema nu karitu patut!”
“Atuda resep, Ma!”
“Geus, ah! Pek geura dahar kainyah! Ema rek ngorea heula! Tuh Bapa maneh geus gugupay!”
Jang Maman haben wae anteng, ngalung-ngalungkeun gambar sapasangan. Kalan-kalan gambar teh diadu-adu ku dua leungeunna. Lat poho kana lapar. Komo barang aya baturna mah, Jang Elom budak Mang Hadi nu bayuhyuh, nu kabeneran ulin ka dinya, beuki poso kana ngadu gambarna teh. Duanana anteng ngadu-ngadukeun gambar kana leungeunna.
“Man, kunaon nya Si Boogie Man mah, beungeutna make totol-totol kitu?”
“Urut cenang meureun!”
“Lain, da siga make cet!”
“Nya, ngarah pantes wae meureun!”
“Ari tadi peuting saha nu tarung?”
“Si Kurt Angle jeung Si Edge! Rame euy, pada-pada ngabanting! Na maneh teu lalajo kitu?”
“Balik ngaji, kaburu tunduh manten!”
“Uing oge da ngan sakeudeung. Kaburu dicaram manten ku lanceuk!”
“Aa Bagja mah atuda tinggaleun jaman. Teu cara lanceuk uing. Sarua resepna!”
“Tong kitu siah! Eta teh lanceuk dewek nu pangpinterna! Teu cara lanceuk maneh, kabeukina heuay! Jaba bodo!” Jang Maman meresan gambarna.
“Bodo kumaha?”
“Bodo wae da sakolana oge teu dituluykeun!”
“Na maneh mah jadi moyokan?”
“Maneh nu miheulaan!” Jang Maman nyereng. Jang Elom nahan ambekanana.
“Tong nyereng atuh bisi jadi limun!” Jang Elom nyurungkeun dada Jang Maman. Jang Maman ampir labuh kana palupuh.
Beungeut Jang Maman ngadadak beureum. Nyedek ka ambek. Gap kana cangkir. Belewer dialungkeun kana beungeut Jang Elom. Jang Elom ngelok. Cangkirna keuna kana tihang saung.
“Yey, geuning gede ambek!”
“Naha atuh maneh nyurungkeun!”
“Bongan we maneh nyureng kitu!”
“Geus gandeng, siah!” Jang Maman cengkat bari meureup. Jang Elom oge taki-taki. Teu lila duana papuket silih adu jajaten.
Ma Ayom jeung Pa Adis nu keur nebarkeun Orea, kacida kagetna nempo nu galungan. Atuh gagancangan maranehna muru ka sisi sawah. Terus lalumpatan ti paparetot muru saung. Rek misah anu keur galungan.
Untungna, harita Si Bagja jeung Si Tohir ngaliwat ka dinya. Nempo nu keur galungan teh gancang wae dipisah.
“Nanaonan ieuh! Geus!”
Jang Maman jeung Jang Elom katempo napsu keneh. Terus parea-rea omong.
“Geus, geus! Pacantel kainyah!”
“Leutik-leutik geus galungan euy! Komo mun geus gede, nyah!” Si Tohir ngajewang awak Jang Elom, terus sina diuk dina batu gede gigireun saung.
Ma Ayom jeung Pa Adis anu hah heh heoh, ngan bati gogodeg.
Angin sore mimiti nyuruwuk. Baku ari bulan Desember mah. Cenah tea pabaru Walanda. Aya oge nu nyebut pabaru Cina. Matak teu aneh rea kalakay murag. Anginna atuda tarik naker. Sok muter deuih. Ngagelebug deuih.
“Geus wae urang baralik! Anginna tarik pisan!” Pa Adis nyampaykeun pacul kana pundukna. “Henam, Ja! Akod wae Si Maman na! Siga nu pinced kitu!”
Luhureun langit nu semu reueuk, kalong-kalong siga bingungeun nyumputkeun awakna. Sawareh nangkod pageuh kana popongkol tangkal kalapa. Dibarengan angin nu ngagelebug, Si Bagja ngagandong Jang Maman, dituturkeun Si Tohir nu ngagandong Jang Elom. Ti tukang, Pa Adis jeung Ma Ayom, paduduaan nuturkeun barudak.
“Ari maraneh tas ti marana heula, atuh? Geuning karek mulang wayah kieu?” cek Pa Adis bari ngeprukan bajuna.
“Ti Kesmas, Pa!” tembal Si Bagja, bari ngangsrodkeun awak Jang Maman.
“Jang Sonson kacilakaan, Pa!” Si Tohir milu mairan.
“Eeleuh-euleuh…katubruk atawa kunaon?”
“Dibantingkeun ku Den Kopeng, Ma!”
“Deuleu edas! Aya ku pohara. Teu nanaon?”
“Rada lumayan, cenah. Tadi da tos uih deui. Ayeuna nuju diurutan keneh ku Ma Icih!”
Pa Adis ngarahuh,”Na kunaon atuh, nya? Bet loba nu garelut bae?”
“Ari kapungkur sok aya nu gelut, Pa?” Si Tohir ngalieuk bari angger leumpang.
“Aya wae. Biasana pamuda. Ngan ari barudak leutik mah tara nepi ka buntang-banting sagala!”
“Pangaruh televisi eta teh, Pa!”
“Enya sigana mah!”
“Nya lah! Pan ieu oge, barudak teh korban lalajo semekdon tea, nya Jang Tohir?”
“He he, teu lepat deui, Ma!”
Lebah sasak, tengahing cai nu umpal-umpalan, belewer…lung Si Bagja ngalungkeun gambar-gambar nu tadi dirampas ti adina. Koleang wae nu jarago gulat teh, ngoleang kana cai. Silanglang sakeudeung. Taya tangan pangawasa geuning jagoan teh. Lep ngerelep. Les wae duka ka mana.***(lajengkeuneun)
Komentar
Ngintunkeun Komentar