Déddi Anggadiredja (1943 - 2006)
Ti keur jadi mahasiswa kénéh, Kang Deddi geus réa nulis sajak dina basa Indonésia di antarana dimuat dina “Kuntum Mekar” sk. Pikiran Rakyat, ari nu basa Sunda dimuat dina majalah Sari, Manglé jeung sk. Sipatahoenan. Salian ti nulis sajak réa nulis artikel dina mingguan Mimbar Démokrasi. Remen nulis tajuk rencana dina sk. Indonesia Expres. Kang Déddi ogé resepeun deklamasi sajak boh Indonesia boh Sunda, sering jadi juara dina deklamasi.
Sabada lulus sarjana muda ti FE UNPAD, Déddi diangkat jadi dosén di almamaterna, sanggeus tamat aktip di KADIN Jawa Barat (1970-1976), jadi anggota Staf Program Kewiraswastaan Pusat Pengembangan Téknologi ITB (1975-1977), jadi Wakil Direktur Lembaga Manajemen FE UNPAD (1976-1979), ti taun 1979 nepi ka tungtung hayatna, Kang Déddi nyekel sababaraha jabatan penting di sawatara lembaga ékonomi jeung bank (jadi komisaris sawatara bank swasta)
Salila di LPPI/IBI remen ngawakilan Indonesia dina Konferénsi Lembaga Bankir di Luar Negri (1987-1994).
Kang Deddi ogé kaasup salah saurang nu milu ngadegkeun Yayasan Rancage, (yayasan anu sacara kontinyu neundeun perhatian kana sastra Sunda, Jawa jeung Bali). Mimiti jadi bendahara, nepi ka ahirna diangkat jadi Ketua Pengurus Yayasan Rancage.
Komentar
Ngintunkeun Komentar