Kis. WS.
Jenengan anu dianggo ku Kiswa Wiriasasmita ari nyerat. Cenah mah aya deui sandiasma sanésna, tapi ku anjeunna dirahasiahkeun. Kis. Ws. Salahsaurang anu munggaran nyerat sajak dina basa Sunda, lamun lain anu pangawalna ogé. Salian ti sajak, seueur nyerat carita pondok, di antarana aya opat puluh lima nu dibukukeun dijudulan Mirah Dalima (1992). Lamun sajak-sajakna sok karasa prosais, carita pondokna mah réa anu puitis. Mirah Dalima asup nominasi pikeun narima Hadiah ”Rancagé” taun 1993. Kis. Ws. Ku anjeun nampi Hadiah ”Rancagé” taun 1993 pikeun jasa-jasana kana kamekaran sastra Sunda.
Kis. Ws. dibabarkeun di Ciamis (25 Januari 1922), satamatna HIS nuluykeun ka Mulo tapi henteu nepi ka tamat. Kungsi milu kursus jurnalistik. Mimitina icikibung dina widang pérs, mantuan majalah Galoeh anu medal di Ciamis (1939-1942). Sabadana kungsi mantuan sawatara suratkabar basa Sunda jeung Indonésia, antarana Sipatahoenan jeung Pikiran Rakyat. Kungsi didamel di Jawatan Pertanian Rakyat di Ciamis, tapi henteu lami, da leuwih kataji nuluykeun lacak sepuhna anu aktif dina widang perbakoan. Nya dina urusan perbakoan, Kis. Ws. sering nyaba ka tatar Wétan, anu di antrana réa anu dijadikeun bahan carita pondokna.
Sajak-sajakna mimiti dimuat dina Sipatahoenan, satuluyna dina majalah Sunda (1952-54), Warga (1953-62), Panghégar (1955-57), Manglé (ti mimiti 1957) jeung lian-lianna. Nepi ka kiwari Kis. Ws. henteu lirén nyerat sajak, anu umumna mangrupa kritik kana kaayaan sosial ékonomi anu ti awal taun 1950-an kénéh geus némbongkeun korupsi anu beuki lila lain ngurangan tapi kalah beuki mahabu. Kis. Ws. réa nyeungceurikan kaayaan banjarkarang pamidangan anu beuki lecek kaidek budaya deungeun.
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)
Komentar
Ngintunkeun Komentar