M.A. Salmun (1903 – 1972)

Pangarang anu terus aktif nyerat dina basa Sunda ti mangsa saméméh perang nepi ka ahir hayatna. Mimitina ngamuatkeun guguritan jeung carita pondok dina Volksalmanak Soenda jeung majalah Parahiangan, bari henteu aya petotna ngirimkeun sumbangan ka suratkabar Sipatahunan jeung majalah basa Sunda lianna.

Dibabarkeun di Rangkasbitung (23 April 1903), pupus di Bogor (10 Fébruari 1972). Satamatna HIS, Salmun didamel di Kantor Pos & Telegrap Rangkasbitung, pindah ka Tanjungpandan, terus ka Cianjur. Waktu keur di Tanjungpandan mimiti sok ngirimkeun karangan ka Balé Pustaka. Tapi bukuna nu munggaran Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung nu kadua Sungkeman Gelung (1928) nu mangrupa wawacan, dikaluarkeunana lain ku BP. Taun 1938 Salmun ditarik ka BP jadi anggota Sidang Pangarang Sunda. Nya harita salian ti nyalinan buku tina basa Indonésia (lain sastra), Salmun réa nganggit wawacan di antarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ékalaya Palastra (1940), Asmarandana (1941), Mintaraga (1942) jeung saduran tina The Pilgrim’s Progress karya John Bunyan dijudulan Goda Rancana (1942). Taun 1943 Salmun kaluar ti BP jadi paga­wé tinggi pamongpraja di daérah Banten, tapi taun 1949 asup deui ka BP nepi ka 1951. Dina mangsa jadi redaktur BP nu kadua kalina, Salmun medalkeun Pada­langan di Pasundan (1948), nyarungsum Mahabharata (1950), jeung Sisindiran (1950), roman Gogoda ka nu Ngora (1951). Taun 1951 Salmun jadi dosén luar biasa munggaran waktu Fakultas Sastra Universitas Indonésia muka kuliah ngeu­naan basa katut sastra Sunda. Salmun ogé aktif dina Konferénsi Basa Sunda 1952 nu ngalahirkeun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Dina Kongrés Basa Sunda sering dipénta ngajejeran (méré prasaran). Kitu deui dina kagiatan-kagiatan nu patali jeung basa katut sastra Sunda.

Dina taun 1954 milu ngadegkeun majalah Tjandra (baca: Candra) di Bogor, taun 1957 milu marajian majalah Manglé, taun 1965 marajian sarta mingpin majalah Sari di Bandung. Bari henteu petot nulis karangan anu sabagian tuluy di­­bukukeun, di antarana Budah Cikapundung (1965), Villa Batinyeri (1966), Néangan Bapa (1968) jeung lian-lianna.

Salmun milu kana tim anu nyusun buku pangajaran basa Sunda Kandaga, malah nu ngeunaan kasusastraan sagemblengna diserat ku anjeunna (Kandaga Kasusastraan Sunda, 1959).

Sumber: Sajak Sunda (Kiblat, 2007)

Komentar

1 Komentar kana seratan “M.A. Salmun (1903 – 1972)”

  1. Soerachim Prawirasoetisna | 14-05-2008, 08:28:06

    Nyuhunkeun informasi ka anu uninga, dimana ngilari buku2 atanapi kempelan carios karangan almarhum Bapa M.A.Salamun? Hatur nuhun.

Ngintunkeun Komentar