Saba Sastra PP-SS ka Sakola
Pamianganana
SASTRA Sunda baris manjang nepi ka jaga téh geus jadi angen-angen saréréa. Berekah, nepi ka kiwari sastra Sunda masih kénéh hirup, tur éta téh jadi salah sahiji cicirén hirupna basa Sunda. Bisa jadi ari nu melang mah aya, inggis basa jeung sastra Sunda tilem kalindih pajamanan. Tapi apan tarékah mah teu kendat-kendat, upamana ti pamaréntah, organisasi kasundaan, lembaga atikan, jsté.
Karaos kénéh dugi ka danget ieu, rupa-rupa tarékah pikeun ngahudangkeun deui kareueus kana ka-Sunda-an téh can pati katingal tapakna. Tawis yén urang Sunda ngalaman gempuran warna-warni budaya anu kalintang rohaka, dugi ka sesah mikawanoh deui kapribadian katut akar-akar budayana.
Jalaran kitu, tarékah anu tuluy-tumuluy (continu) sareng inténsif kanggo ngawanohkeun ka-Sunda-an peryogi dirojong sangkan rupi-rupi warisan budaya henteu teras laleungitan. Saupama éta warisan téh teu kapiara sareng karaksa, tangtos rupi-rupi guna mangpaat tina “kearifan lokal” urang Sunda bakal ngiring carem.
Kedah aya tarékah deuih sangkan pentingna urang rumaksa kana ka-Sunda-an téh dilakonan ku cara-cara anu luyu jeung kontéks kahirupan kiwari sareng ngalibetkeun rupa-rupa aspék. Dina hartos, tarékah ngawanohkeun deui ka-Sunda-an téh kedah disarengan ku inovasi.
Sadar kana pentingna tarékah-tarékah modél kitu, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda teras narékahan rupi-rupi kagiatan kanggo ngahudang kareueus urang Sunda—pangpangna generasi ngora—kana banda budayana, bari ngémutan cara-cara sangkan éta tarékah téh tiasa kamanah sareng nimbulkeun sikep sareng tindakan anu nyata ti urang Sunda sakumna.
Nya dina raraga éta pisan , PPSS seja ngagelar kagiatan “Saba Sastra ka Sakola”. Éta kagiatan téh ngawengku dua udagan. Nu kahiji, ngawanohkeun kabeungharan sastra Sunda ka lingkungan sakola, pangpangna ka barudak sareng guru-guru. Nu kadua, ngiring ngadeudeul program-program kasundaan di unggal daérah, supados héabna acara kasundaan téh henteu museur di dayeuh Bandung wungkul.
Tatapakanana
- Pasal 32 ayat (2) UUD 1945 robahan kaopat: “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai kekayaan budaya nasional”.
- Penjelasan Undang-Undang Dasar 1945 Bab XV Pasal 36: “Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik (misalnya bahasa Jawa, Sunda, Madura, dan sebagainya), bahasa-bahasa itu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara. Bahasa-bahasa itu pun merupakan sebagian dan kebudayaan Indonesia yang hidup”.
- Kaputusan Kongrés Bahasa Sunda VIII dina bulan Juni 2005 ngeunaan pentingna miara jeung makayakeun sastra Sunda.
- Peraturan Daerah Propinsi Jawa Barat No. 05 tahun 2003 Tentang Pelestarian, Pembinaan, dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah.
Kagiatanana
- Silaturahmi pangarang jeung guru katut barudak sakola.
- Ngawanohkeun buku Sunda jeung karya sastra Sunda ka sakola.
- Sawala jeung guru katut barudak perkawis pangajaran basa Sunda.
- Maca carpon/puisi.
- Pintonan multimédia nu patali sareng basa katut budaya Sunda.
Komentar
Ngintunkeun Komentar