Kurir Sastra Sunda

Ku DADAN SUTISNA

buku-jagat-carita.jpgJAGAT carita téh jembar kacida. Tingronghéap ti suklakna ti siklukna, boa aya nu ngurunyung ti juru dunya. Lalakonna warna-warni, basana rupa-rupa, atuh nu ngarangna gé béda-béda sélér bangsa.

Ti dinya torojol wéh sesebutan sastra dunya jeung pangarang dunya. Mun mapaykeun ka huluwotanana, tangtuna gé sastra dunya téh lain ukur nu ditulis dina basa Inggris. Buktina réa karya sastra nu ditulis dina basa séjén—salian ti basa Inggris—tapi nu ngarangna disebut pangarang dunya. Rabindranath Tagore, ngarangna mah dina basa Béngal, Dario Fo jeung Italo Calvino dina basa Itali, Gao Xingjian dina basa Cina, jrrd. Teu kudu jauh-jauh kétang, boa hiji mangsa mah nu nulis dina basa Sunda gé aya nu meunang sesebutan pangarang dunya.

Ngan nu puguh mah, nepi ka hiji karya kagolongkeun kana sastra dunya téh aya sasakalana. Henteu bisa dihayang-hayang atawa diembung-embung ku nu ngarangna. Basa Cervantes ngarang Don Quixote, sigana teu kungsi ngarasa yén karanganana téh baris kasohor ka mancanagara. Éta wé, cék dongéngna, naskah Don Quixote ku Cervantes diasongkeun ka unggal penerbit, euweuh nu nyanggut. Kakara medal jadi buku—tur jadi karya nu kakoncara—teh basa nu ngarangna geus maot.

Hiji karya disebut sastra dunya, upama geus nyebar ka sakuliah dunya, bisa dibaca ku saeusi jagat. Nyebarna téh ku lantaran éta karya luhur ajénna, atawa aya nu mindahkeun kana basa séjén (nu narjamahkeun).

Ana kitu mah nu narjamahkeun téh kacida pentingna. Nya maranéhna nu jadi cukang nyebarna karya pinunjul ka sakuliah dunya téh. Cék Pushkin mah, pangarang sohor ti Rusia, nu sok narjamahkeun téh disebutna “kurir sastra”. Ari cék José Saramago, nu kungsi dilélér Hadiah Nobél Sastra 1998, saenyana nu geus ngawangun sastra dunya mah nu sok narjamahkeun, da ari pangarang mah ukur nulis dina basana séwang-séwangan.

Penting jeung gedé jasana kurir sastra téh. Tapi beurat deuih tanggung jawabna. Sasatna ngemban amanah pangarang, tepikeuneun ka nu maca. Boa réa nu maca kuciwa sabada maca karya tarjamahan téh, mending kénéh maca tina basa asalna. Pangna kitu téh, lantaran pancén kurir sastra lain ukur mindahkeun basa, tapi mindahkeun rasa jeung suasana deuih. Teu béda ti dititah manggambarkeun imah nu éndah di nagara deungeun, nu wangunan jeung arsitékturna henteu nyampak di nagara urang. Mindahkeun karangan, lian ti kudu weruh kana basana téh, widang-widang séjénna nu patali jeung éta karangan perlu diteuleuman deuih; kasang sosiologisna, sajarahna jeung budayana.

Ku lantaran penting jeung beurat tanggung jawabna téa, di Jerman mah kagiatan narjamahkeun téh apan nepi ka dilembagakeun. Éta lembaga nyieun pabukon nu nyadiakeun ratusan réwu buku dina ratusan basa ti sakuliah dunya. Kurir sastra sina aranteng di dinya, néangan réferénsi, malah ka dituna mah bisa hog-hag silih tepikeun pamanggih. Ku nu “ngageugeuhna”—disebutna Translator in Residence—nu rék narjamahkeun sasatna dipupujuhkeun, disadiakeun tempat saré lengkep jeung komputer katut aksés internét.

Teu saeutik kurir sastra nu haat narjamahkeun karya sastra deungeun, tapi béhna bet dijejeléh. Dina sastra Indonésia, kagiatan pundah-pindah basa téh nepi ka diseminarkeun sagala rupa. Bréh wéh kanyahoan, héngkérna kurir sastra di Indonésia téh lantaran sababaraha perkara. Kahiji, nu narjamahkeun kurang weruh kana basa. Réa nu tapis basa Inggris, tapi basa Indonésiana kaluli-luli, atawa sabalikna. Kadua, nu dipindahkeun téh ukur basana wungkul, henteu ngotéktak kana sajarahna, kasang-tukang budayana jeung aspék sosiologis séjénna. Katilu, nu narjamahkeun henteu leukeun tetelepék, padahal jaman kiwari leuwih gampang tatanya téh, ti mimiti nanya ka babaturan nepi ka nanya ka internét nu ngancikna teuing di mendi.

Tapi apan nu narjamahkeun mah teu béda ti nu nyandung, bisa matak maslahat, tapi bisa mawa mamala deuih. Sasatna ngajégang ka ditu ka dieu, nu narjamahkeun ditungtut kasatiaan jeung kaadilanana, naha rék condong ka nu kolot (basa asalna), atawa rék déngdék ka nu ngora (basa nu dipaké narjamahkeun). Pengkuh teuing kana karangan asli gé, ari teu kaharti mah apan matak nyusahkeun nu maca. Ngeunah dibacana, mun teu gugon kana basa asalna, karunya ka nu ngarangna. Boa ti dinya sasakalana—lantaran henteu bisa adil téa—nepi ka di urang aya istilah saduran jeung adaptasi téh.

Mun narjamahkeun aya palanggeranana, atuh toléransina gé meureun aya. Malah cék Sapardi Djoko Damono, bébas wé narjamahkeun mah. Ari cék urang Itali, tarjamahan téh teu béda ti awéwé: nu pengkuh henteu geulis, tapi nu teu pengkuh mah sok geulis. Mun ditokblakeun mah, tarjamahan nu satia teuing kana karangan aslina, hasilna sok goréng. Sabalikna nu réa “improvisasi” hasilna sok alus.

Pamadegan kawas kitu téh puguh waé dibantah Manneke Budiman, dosén Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia (FIPB UI). Narjamahkeun mah angger kudu satia ka karangan asalna, pangpangna dina eusi jeung wangun karangan. Mun téa mah rék méré toléransi, heup wé nepi ka pilihan kecap.

*

DINA sastra Sunda, tradisi nyundakeun karangan tina basa deungeun téh geus manteng ti béh dituna. Kurir sastra Sunda mah arang kénéh, ngan untungna téh tradisina tatalépa nepi ka kiwari. Béh dituna aya Satjadibrata jeung Moh. Ambri, ka dieunakeun aya Sunarya P.K. jeung Duduh Durahman. Borojol deui “adina”, Hawé Setiawan, nu geus dua taun “ngalamar” jadi kurir sastra Sunda.

Dina sastra Sunda, karya tarjamahan bisa dipaké “ubar hanaang”. Réa urang Sunda anu henteu boga kasempetan maca karangan urang deungeun, lantaran kasungkeret ku basa. Atuh pangarang nu nulis dina basa Sunda, langka kénéh nu “sasab” macaan karya sastra dunya téh. Ku kituna, nu sok leukeun narjamahkeun geus jadi cukang pikeun nepung-lawungkeun sastra Sunda kana jagat carita nu leuwih lega.

Najan kitu, nu nyundakeun karangan deungeun angger kudu napak dina palanggeran narjamahkeun. Malah bisa jadi pancénna leuwih beurat. Lian ti mageuhan karangan asalna téh, perlu karasa nyundana deuih. Basa Sunda jeung basa deungeun apan réa bédana, lain saukur kekecapanana, dalah dina nyusun kalimah jeung cara mikirna gé béda. Bisa jadi pasualan kawas kitu téh geus kapikir ku kurir sastra Sunda entragan béh ditu. Dina Graff de Monte Cristo upamana, Satjadibrata dina sawatara bagian mah maké kecap enung keur awéwé téh, henteu maké anjeun atawa nyai. Tangtuna gé ambéh karasa nyunda.

Milihan karangan nu rék ditarjamahkeun, bisa jadi éta gé penting. Henteu kabéh karya sastra deungeun bisa disundakeun kalawan merenah. Téma-téma fiksi ilmiah (science fiction) mah sigana hésé kénéh disundakeunana téh. Untungna réa karangan deungeun nu caritana—ditilik tina alamna jeung antropologina—ngaharib-harib kahirupan di Tatar Sunda.

*

JAGAT Carita nu disusun ku Hawé Setiawan, bisa jadi buku kumpulan carpon munggaran nu ngariungkeun karya sastra pangarang dunya dina basa Sunda. Nu geus medal mah réréana dina wangun novél. Ari carpon-carpon beunang narjamahkeun Sunarya P.K. jeung Hikmat Kusumaningrat, bacacaran kénéh dina koran jeung majalah, tacan ngajanggélék jadi buku.

Opat welas pangarang ngariung dina Jagat Carita. Tilu ti antarana kungsi dilélér Hadiah Nobél Sastra: Rabindranath Tagore, Luigi Pirandéllo jeung Hérman Hésse. Ku lantaran nu ngarangna euyeub, norojol ti rupa-rupa bangsa, rasa jeung nuansa carpon-carpon dina ieu buku béda-béda. Cocog pisan dibaca ku pangarang Sunda pikeun babandingan, ngajembaran panalar kana karya sastra bangsa lian.

Lebah kalinuhungan ajén carpon mah, bawirasa teu perlu dipadungdengkeun. Béréndélan pangarang dina ieu buku sigana geus papada terang. Mun téa mah aya carpon nu kurang kéwes, nya tinggal talék baé nu narjamahkeunana, naha bet milih carpon nu éta.

Ngan Yusuf Idris jeung Saadat Hasan Manto pangarang nu arang kasabit-sabit téh. Dina daptar pangarang dunya nu dikumpulkeun ku Literature Online, tina 252 pangarang nu dibéréndélkeun, Idris jeung Hasan mah henteu kacatet. Tapi pan lain hartina karanganana goréng.

Carpon-carpon nu dipidangkeun dina ieu buku, saméméhna kungsi dimuat dina majalah Cupumanik. Hawé mimiti narjamahkeun carpon Agustus 2003, dicikalan ku carpon “Lauk Gedé, Lauk Leutik” beunang Italo Calvino. Ti harita mah mayeng wéh, méh unggal bulan nyundakeun carpon dunya, ngeusian rohangan “Geulang Rantay” dina Cupumanik. Ka dieunakeun aya béjana ngeureuyeuh nyundakeun carpon-carpon Anton Chéckov .

Saméméhna Hawé tara kacaturkeun ngarang carpon. Jadi kurir sastra Sunda téh kajurung ku kahaatna pikeun ngajembaran sastra Sunda ku karangan ti bangsa deungeun. Boa kétang, léosna kana narjamahkeun téh lantaran sieun katulah ku tokoh carita. Siga nasib Luigi Pirandéllo dina “Katunggara Tokoh Carita” nu diréntog ku tilu tokoh ciciptaanana.

Dina “Panganteur ti nu Nyusun”, bisa kabaca yén Hawé geus ngalarapkeun padika narjamahkeun. Muka kamus, ngumaha ka nu bisa. Mun dibandingkeun jeung carpon nu mimiti (“Lauk Gedé, Lauk Leutik”), carpon nu disundakeun kabéhdieunakeun mah katémbong aya undakna, pangpangna dina pilihan kecap (diksi).

Tarékah sangkan karasa “nyunda” gé geus katémbong deuih. Upamana, Hawé réa ngagunakeun kecap anteuran nu pamohalan aya dina basa deungeun mah, saperti kecap sup (asup), song (mikeun), berengbeng (lumpat), gap (nyabak), jrrd.

Ari “kasatiaan” Hawé kana karangan aslina, tangtuna gé disanggakeun ka nu maca. Lian ti maca tarjamahanana téh, apan kudu maca sumberna nu ditulis dina basa séjén deuih.

Mun kudu nataan punjul jeung héngkérna, meureun panjang deui lalakonna. Nu puguh mah, dunya sastra Sunda geus pirang-pirang untung, singhoréng aya kénéh nu haat nyundakeun karya sastra deungeun, tradisi nu ditaratas ku pangarang Sunda bihari téh kiwari kasambung deui.***

Komentar

1 Komentar kana seratan “Kurir Sastra Sunda”

  1. abdul | 07-04-2008, 04:39:56

    Punteun sateuacaanna….
    lamun tiasa mah resensi buku teh lengkap tampilannana,,
    supados gampang milari tugasna!!!!!!!!!!!!!!

    Hatur nuhun……… ^_^

Ngintunkeun Komentar