Ngawawaas (Deui) Carita Klasik
Carita Si Dirun
Pangarang : Samsudi
Pamedal : PT Kiblat Buku Utama (Seri Girimukti),
Desember 2002, 64 kaca
Taun 2002, buku bacaan barudak nu medal teh kawilang rea. Tapi lolobana mah pindo citak. Nu ngarangna oge entragan beh ditu. Minangka nu anyar teh Lutung Leutik jeung Utara Utari beunang Ki Umbara, nu dileler Hadiah Samsudi 2003.
Ari ka pangarang Samsoedi, piraku aya nu bireuk. Purah nyieun carita barudak, boh dina basa Sunda, boh dina basa Indonesia. Buku-buku bacaan barudak yasana Samsoedi nu geus jadi barang klasik, ayeuna dipedalkeun deui ku PT Kiblat Buku Utama. Di antarana Babalik Pikir, Budak Teuneung, Jatining Sobat, jeung nu haneut keneh, Carita Si Dirun.
Carita Si Dirun, medar lalampahan budak bengal nu geus pahatu. Basa indungna aya keneh, Si Dirun kacaritakeun bangor naker. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu, kamalinaan.
Nya kitu deui, basa hiji mangsa Si Dirun ngadon susumpit ka tegalan, nepi ka poho balik awahing resep teh. Geus burit can jebul keneh. Indungna geus cilingcingcat. Si Dirun diteangan, mangkaning di dapur keur mirun seuneu. Imah Si Dirun kahuruan, Ambu Dirun reuwas kacida. Bet tuluy ras kana cengcenglengan; maksakeun dicokot najan seuneu keur nguntab-nguntab. Tungtungna mah Ambu Dirun maot.
Sanggeus indungna maot, Si Dirun terus cicing di uwana nu kasohor ku meditna . Si Dirun ukur dititah digawe, dahar jeung pakena mah diantep bae. Ari pagaweanana teh ngangon munding, da uwana loba munding.
Hiji poe, basa Si Dirun keur ngangon, kalahka kasarean di saung ranggon. Make jeung ngimpi sagala rupa; nganjang ka hiji nagara nu pangeusina resepeun kana sora suling. Si Dirun terus nyuling di sisi jalan, diriung, nepi ka dibawa ka karaton. Putri nu keur gering ngadadak cageur basa Si Dirun niup suling di karaton. Atuh raja bungah kacida, minangka buruhna, Si Dirun baris dikawinkeun ka putri. Basa keur pesta, beledag teh sora mariem.
Si Dirun nyaring. Horeng keur hujan gede. Citarum caah. Rarat-reret neangan munding. Jrut kana cai, nyieun rakit, maksud mah rek nulungan munding. Tapi cai kacida tarikna. Si Dirun kabawa palid, angkleung-angkleungan di walungan Citarum. Eling-eling deui geus aya di tengah laut. Saterusna mah Si Dirun aya nu nulungan, babalik pikir, henteu bangor deui.
Kajadian tragis waktu palid di Citarum, henteu dipedar panjang ku pangarang teh. Malah bangun rurusuhan hayang geura nyalametkeun Si Dirun, da kabeneran geuning aya kapal. Maotna Ambu Dirun, siga nu ngahaja sangkan Si Dirun jadi pahatu, teu bogaeun imah, terus cicing di uwana. Da lamun henteu cicing di uwana mah, meureun Si Dirun teh moal ngangon munding jeung moal palid ka Citarum.
Papadaning kitu, apan Carita Si Dirun mah bacaaan klasik, nu dijieun mangsa samemeh perang. Tangtu bae, boh wangun carita, basa, katut jejerna, luyu jeung kaayaan harita. Jaman duit keketipan keneh.
Nu matak teu aneh, upama dina ieu buku, manggihan kecap-kecap anu boa moal kaharti ku barudak ayeuna mah. Tapi, teu burung matak pogot, da pangarang weruh pisan kana kahirupan barudak. Upamana bae, nyieun adegan tragis anu matak hookeun tur aheng.
Carita Si Dirun, kungsi dimuat cutatanana dina Taman Pamekar, buku bacaan di sakola nu ayeuna mah geus tara dipake deui. Dina Taman Pamekar oge, sarua caritana teh, ngan henteu lengkep. Ukur nyaritakeun ti mimiti cicing di uwana, nepi ka ditulungan ku Pa Lihun, nu boga kapal tea. Henteu kacaritakeun deuih, upama Pa Lihun oge terus maot direweg lauk hiu. ***(Dadan Sutisna)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Ngawawaas (Deui) Carita Klasik”
Ngintunkeun Komentar
abdi nineung ku bacaan taman pamekar, neda informasi dimana tiasa “download” bacaanana. nuhun