Nu Katideresa dina Carpon Cécép

Ku Déni A. Fajar

Anak JadahKAHIRUPAN jalma katideresa anu ngancik di kelas handap geus réa diangkat kana carita. Tokoh-tokoh siga kitu deuih nu digambarkeun kahirupanana ku Cécép Burdansyah dina carita pondok anu kakumpulkeun dina kumpulan carpon Anak Jadah. Tokoh dina carpon-carpon Cécép karéréana sasat tokoh anu antihéro, da kapan ilaharna nu sok dijadikeun héro dina karya sastra téh kaom mapan baé. Bangsa bulu taneuh atawa nu mariskin mah tara pati katalingakeun. Mun téa mah rék diasupkeun kana kolom héro, nya héro Cécép mah taya lian nu ngarancik di kelas handap téa kayaning ungkluk, préman, padagang kaki lima, guru sakola dasar, kuli perkebunan, jeung sabangsana.

Tangtu aya alesanana naon sababna pang Cécép museurkeun sawanganana ka jalma-jalma katideresa di kelas handap. Éta téh minangka cukang pikeun Cécép dina enggoning malédogkeun kritik sosialna. Malah, sakumaha nu ditandeskeun ku Hawé Setiawan dina panganteurna, “ngeunaan nasib jalma-jalma leutik nu ngancik dina strata sosial handap, nu sok ngarandapan rupa-rupa kasusah, Cécép henteu sakadar ngagambarkeun réalitas sosiologisna wungkul, tapi ogé deuih némbongkeun compassion” (kaca 8).

Tanpa maksud ngababandingkeun, patali jeung tokoh-tokoh caritana, Cécép kawasna bisa disakolomkeun jeung Ahmad Tohari. Tapi tangtuna gé Cécép nya Cécép, Tohari nya Tohari, sok sanajan duanana lumampah dina galur réalismeu. Nu sidik, carpon-carpon Cécép anu kakumpulkeun dina Anak Jadah ampir kabéh dipungkas ku kateuwalakayaan tokoh-tokohna dina enggoning ngigelan naon rupa nu karandapan ku maranéhna. Cindekna mah, maranéhna téh jadi korban kaayaan. Dina carpon “Tunggal Sagetih” upamana, tokoh Euceu jadi korban kamiskinan anu henteu bisa disingkahan ku manéhna. Si Euceu antukna jadi ungkluk, anu dimimitian ku jalan masrahkeun kahormatanana ka Mantri Bedi minangka mayar kana jasa Ki Mantri anu geus ngubaran kasakit kolotna.

Dina mungkas carita, Cécép ogé remen milih sad ending. Bisa jadi éta téh luyu jeung alur caritana. Misilna baé, dina “Tunggal Sagetih”, caritana téh apan dipungkas ku kalimah kieu: “Ari kudu balaka mah, ka Mantri Bedi ogé teu kungsi unjak-anjuk, Ja, dibayarna… ” (kaca 31). Panutup carita siga kitu deuih nu aya dina “Nu Datang Patutur-tutur”, “Potrét Tilu Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Hayang Ajeg Tangtungan”, jeung lian-lianna deui. Ending anu ngagantung, anu jauh tina happy ending, jigana geus jadi salah sahiji daya tarik Anak Jadah.

Sagédéngeun éta, Cécép gé katempona leuwih parigel dina enggoning ngawangun plot caritana. Ku sokongan plot anu réalistis, henteu dijieun-jieun, carita-caritana miboga ajén anu gedé. Plot saperti kitu anu geus méré ajén nu hadé kana carpon-carpon anu témana karasana héngkér. Atuh dina carpon-carpon anu témana kuat, cara “Anak Pulung”, Cécép némbongkeun kaweruh anu jembar tur nyosok jero ngeunaan pasualan jeung lingkungan anu jadi kasang caritana.

“Anak Pulung” tétéla mangrupa karya anu pangonjoyna dina Anak Jadah. Kasang tukang Cécép, pangarang anu sapopoéna jadi wartawan, sigana mangrupa salah sahiji hal anu milu nyeukeutan ogé ngalantipan kritik sosial Cécép dina carponna. Da kapan, kurang-kurang tapis nu ngarangna mah, préténsi malédogkeun kritik sosial dina karya sastra téh aya kalana ngabalukarkeun karya sastra téh tisolédat jadi sarupaning tulisan anu beurat tur verbalistis kawas pidato.

Hanjakal, Cécép gé dina sawatara carponna kawas nu tisolédat deuih. Manéhna siga nu geus teu kaduga nyamunikeun katugenahna dina enggoning nyawang hiji pasualan sosial. Antukna sawatara carponna téh sasat ngan saukur jadi wadah pikeun nampung idé atawa katugenah pangarang kana hiji pasualan. Katarimana ku urang, minangka aprésiator karya sastra, sasat taya lian iwal ti pangarang anu nyarita téh, lain tokoh-tokoh nu aya dina carita nu dikarangna. Lamun teu kitu, tokoh-tokoh caritana téh kawas nu palinter teuing, teu pati luyu jeung kaayaan sosialna, upamana baé tokoh-tokoh anu aya dina “Dongéng jeung Karinget”.

Hadéna baé dina sawatara carpon lianna Cécép bisa misahkeun mana tokoh carita jeung mana égo pangarang. Tokoh-tokoh carita anu wajar, anu disokong ku téma anu basajan tapi munel eusina, geus nyababkeun carpon-carpon Cécép katingalina nenggang. Gambaran ngeunaan pasualan hirup sapopoé anu karandapan ku jalma nu ngarancik di kelas handap, anu diréka jadi kritik sosial anu henteu verbalistis, geus ngabuktikeun yén Anak Jadah kacida pantesna—nginjeum kekecapan Hawé Setiawan—pikeun “dipelak di kebon sastra Sunda”.[]
Déni A. Fajar, alumnus Jurusan Sastra Sunda Unpad; wartawan Tribun Jabar

Komentar

2 Komentar kana seratan “Nu Katideresa dina Carpon Cécép”

  1. Misdan Ramdani | 07-05-2009, 08:59:01

    aya naskah dramana teu?

  2. Imam | 11-05-2009, 05:56:52

    Nyungkeun resensi anu langkung lengkep deui, kumargi ayeuna mah seueur pisan tugas ti sakola anu kedah ngaresensi buku novel sunda…..
    Oge pami tiasa mah di lengkepkeun deui sabudeureun tatar sunda, boh sejarahna, lagu-laguna jsb..
    Hatur nuhun

Ngintunkeun Komentar