Sajak-Sajak Ériyandi Budiman

Parfum Malati Buatan Shakespeare


Shakespeare nyokot soré tina haté kuring

Bari ngaput katumbiri

Katresna tina cimata Juliét ngamalir jadi leuwi simpé

Nu dipicangcam haleuang soang jeung taraté

Ngan hanjakal Shakespeare nunda balati,

Racun, jeung sagagang kembang ros nu raweuy cucuk

Mangpengkeun Roméo jadi buku nu tumpur ku pésimisme

Tapi naha bet seungit malati nu nyambuang

Na patamanan haté kuring ?

1996


Word Perfect


Énter

Virus-virus pésta méakkeun data

Ngagunasika waktu jeung cinta anjeun

Nu dirampas tina tauhid

Énter

File-file nu beresih méméh réngsé

Saré dina mémori bari balilihan mémérés jadwal ulin

Jeung daftar panggil

Énter

Nu ngatur menu leungiteun lagu

listrik ngagelik nyéréd wéker

bari susungap: “Word perfect, word perfect, word perfect…”

1996.


Vidéo Klip Nini Kuring Sareng Picasso


Picasso mareuman Nazi sanés ku liwet namung ku imbit kastrol. Panginten kumargi di pasantrén ogé langkung raos kénéh peda kintunan indung batan hayam kénging maling. Sanoas Jepang sareng Walanda harita teu ngematkeun swastika dina beuheung pasukanana.

Untung Nini kuring teu kantos ngangseu Auscwiz nu hanyir layon dina tanda tangan sasami Yahudi. Sanaos upami meuncit hayam icaleun tara neda marusna nu ngagakgak dina getih lalambaran.

Nini kuring teu kantos masihan kanvas ka Picasso. Namung duanana pada-pada mayunan takdir nyandak seuseukeut di unggal gawir.

Nu hiji kanggé ngurudan kumis. Nu hiji deui kanggo ngubur patuangan sareng mageuhan bumi (saurna, pedah sok seueur nu nganti-nganti).

1996


Daud Power Shift


Na haté jaman batu dugi ka waktos sareupna aya Qabil, Dajjal, Jalut, Abu Lahab, Qorun, Pir’aun, sareng sajabina, nu janten gambar Rahwana ngagurat sapanjang rahim dugi ka kubur. Hawana nyedek maleukmeuk, sanaos ngingkin parfum, sutra, atanapi inten gugunungan. Lebetna tiasa halon tiasa heuras, tiasa ngajirim sihung atanapi taraté ligar. Kantenan deui mangsa power shift.

Namung na manah tiap jaman ogé aya Daud nu ngagedur meulah buana, nugar batu-batu nu ngajantenkeun barang seni janten sesembahan ancurkeuneun Daud. Daud iru Daud Power Shift, Daud jaman intrik, jaman puncak éstétika nyatana bangké. Jaman soméah nyatana meuncit. Namung tetep bakal aya Daud nu tiasa ngabéntenkeun jas nu lebetna malati sareng balati. Nu bakal ngatepel Jalut sanos disimbut ku imut dina pésta-pésta gunting pita dugi ka lamunan pabrik sabun.

Ogé bakal tetep aya Daud, nu ngiring merangan oknum, ancrub neuleuman béntang-béntang nu tikelebuh, atanapi planét nu sasab. Daudnu ngatepel Jalut ku puisi, petisi, gerakan démokrasi, dugi ka Barjanji. Sareng sigana bakal aya Daud, nu ngawasé nganggo manah, nganggo polo nu asak timbangan.

Bakal tetep aya Daud nu haleuangna nyuburkeun kacinta, nguburkeun nafsu, ngaligarkeun kembang-kembang sapanjang harepan jeung impian.

1996

Komentar

Ngintunkeun Komentar