Sajak-Sajak Godi Suwarna
Sajak ti Jalan ka Mana
Ngémploh pucuk-pucuk entéh
Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan jeung guludugBeuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun
Ngalulungsar di totowang
Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak
(Pangaléngan, 07)
Sajak Satengahing Ringkang
Hariring angin rumangsang
Ka landeuhkeun, nebak rénghap saamparan pucuk entéh
Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas lélénglang langit
Lebah dinya kulit cai tingborélak ngariak-riakkeun wanci
Bet kaambung dumalingding seungit jemplingSungkeman lemah kahéman
Nyambuang ti lamping wening nu katémbong semu ngénclong
Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung
Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang
Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaulBut-bat jalan panineungan
Ngagurat héhéjo kebon nu nungtung di sukugunung
Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai
Ngan ukur gebur kakangen ngagupay méga kasumba
Nu ngalayang ka jabaning langit bungurKapireng kawih kamelang
Moalboa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan
Ngayunambing lamping rungsing diléntab létah srangéngé
Talaga beuki gumenclang dina pepeteng jajantung
Méméh lunta muru lembur pangsingkurna
(Cileunca, 07)
Di Sapanjang Jalan Sajak
Cijapati kapiati, ngancik ‘na acining wanci
Sanggeus nilar kelun kota nu dihuru matapoé
Cunduk ka liliuh langit, ka léngkob lemah ngémplohna
Saampar gambar kakelar digelar satatungtung teuteup
Di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiringLapat-lapat, marakbak lembur di lebak
Bet kasawang keur anteng namperkeun jempling
Sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung
Ukur suling nu kapireng mirig kalbu humariring
Di sapanjang jalan méga kumalayang muru layungNanging anjeun geuning suwung di lulurung
Teu katémbong kumolébat mapag kangen di tanjakan
Ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan
Nu kapireng ngajak reureuh satengahing lalampahan
Di sapanjang jalan soré muru sisimpéning peuting
Meureun anjeun geus ngampih ka lembur bungur
Terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung
Barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa
Ukur bisa sumoréang ka lamping nu geus kalarung
Di sapanjang jalan layung muru gebur bulan kayas
(Cijapati, 07)
Sajak Lawang Peuting
Trijata, cuang lawungkeun paneuteup
Ka lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong
Sanggeus mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung
Rek labas maratkeun ketak, tuluy nyusud kingkilaban
Nu kasawang tingbarasat lir suar panuduh lampah Trijata, cuang miang ngitung gunung
Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang
Ti dayeuh nyedek ka kampung, milang reuma meunang lewang
Kari mereketkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing
Humariring mapag peteng sapanjang liliwung peutingTrijata, cuang narabas halimun
Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang
Metik genclang cika-cika satengahing hiuk wanci niruk mongkléng
Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling
Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara
(Pameungpeuk, 07)
Komentar
28 Komentar kana seratan “Sajak-Sajak Godi Suwarna”
Ngintunkeun Komentar
ah… ari sajak-sajak kang Godi mah pasti alus wae…
jadi weh abdi janten penggemar setia Kang GS
this is very nice kang godi
kumaha damang teu didinya euh atuh resepnya…
Sajak Sajakna Keren Euy…..
edun euy!!!!
apal keneh te wa??
abdi indrawan ti teater citra,, anak buah abah renggo!!
haa.aa.aaaa
Kang Godi, ulin kecapna sae pisan. Teu katurutan wae geuning ku kuring mah. Mana sajak humorna?
Qren!!!
Ngebantu bgt buat ngerjain tugas b. sunda!!!
Asik lahh,, kapan” klo ada tugas lg, calling”an ya!!!
maNteb bgt kang!!
bener2 ng-bantu tugas2 ni,,,
Aduh, kang …
janten emut ka lembur
ari keur sono,sok ngahaja mukaan ieu situs..
Memang, sacara fisik can kantos pendak sareng GS. Tapi, da karya na mah sok seur ngaos…
Dulu,
Di Pangumbaraan
Paling Kulon, Indonesia. (Aceh)
aduh,,,
sajakna panjang teuing !!!!!!
abdi bilih jadi teu ngartos naon eusi dina sajak eta……
urang sunda teh kudu ngalestarikeun budaya sunda
mani waas…ras inget ka lembur sorangan…ai ka kang Godi teh sok inget Bismaparwa
kang, mulang deui atuh sakali-kali mah ka sajak nu rada ngabrutal.
aduh…….., ngaraos bingah tur mernah manah simkuring ngaos sajak - sajak akang pokonamah iuh pisan kana kalbu.
kang godi mah idola abdi dugi ayeuna amel kul di sunda tetep resep kana rambutna,heee
amel resep sajak dongeng si ujang, sajakna lucu gajah sareng ombak..
damang kang?mugi hibar berkah salamet!ieu mah mung mipit amit ngala menta,teu sawios sajak-sajak akang dibacaken di jogjakarta,alhmdulillah teu aya nu di robih sahurup ge,nuhun
Kang Godi Nepangkeun Abdi Pun Rustam Effendi pituin urang Sadewata Asli, Wilujeng kana kasuksesan kang dina bidang sastra. Iraha atuh ngaguar sajarah Sadewata anu sakitu ahengna….
lah sajakna matak waas ka alam sunda tahun buhun,,,, mantep pisan kang!
sajak kang gd matak waas nyawang sunda ka tukang… matep kang
sajak kang Godi matak jararauh panineungan. rus-ras najan teu ngalaman, asa kuring nu ngalalakon. duh.
sae pisan sajak2na kang GS,abdi pituin urang sadapaingan ngaraos ngiring bingah kana kasuksesana
slm ka kang rustam effendi,abdi muridna pun bapa toyib saani.
kang, damang? kang sakali tepang mah abdi hoyong ngobrol…(anak buah kang piit)
tugas basa sunda lancarrrrrrrrrrr
asslm, sampurasun.
sajak - sajak kang Godi mah basana gagah wae…
Kanggo PPSS, diantos sajak - sajak nu enggalna.. ulah nu eta - eta wae, rada bosen yeuh
hatur nuhun
kanggo ayi lili sadapaingan tiasa kontek abdi kana nomor HP 081323699209….salam ka urang Sadapaingan utamina exs. smp panawangan…asa wararaas lalakon kirang langkung 25 taun kapengker…raraosanteh asa kamari ieu nya….geuning tos lawas pisan……em panineungan
mun ditilik kalawan daria, tangtu sajak-sajak kenging kang godi benten pisan jeung nu sanes. boh diksi atawa harfiahna nu tangtu dina ngebrehkeun ide pamaksudanana, salut lah. asa kagagas hayang nurutan, heu heuy!!!!
genah, merenah,tumaninah pokona mah…!