Serat Di Basisir Bagendit
Opi Masropi Adiwijaya
CAI Situ Bagendit nyiriwik muru kikisik, ngulisik kana bitis urang duaan, Élis. Terus nyiriwik deui ka lebah kapinis nu ngicis dina rakit, bari kawas mawa seuri. Kapinis siga nu surti, ka urang nu keur silih asih di kikisik. Teu daék ngusik, teu kawawa ngagebah ku jangjangna, da apal urang keur ngembang asmara. Kalah ulin dina rakit, tapi siga nyidik-nyidik.
Salira hayang metik kembang taraté, hanjakal anggang ti darat. Taraté téh sumedeng mekar, kembangna pulas kayas saulas. Lir kayasna rasa urang. Kembangna mekar, lir mekarna cinta urang.
Puisi salapan padalisan nu dianggit dina kertas kayas saulas, digambaran beubeulahan haté, ku salira dibaca. Puisi cinta jang salira, Élis!
Cinta Engkang téh suci, Élis
Ngadalis dina ati
Mangkak dina sukma
Taya carita jang ngarogahalana
Dina kertas nu ngan salambar
Engkang wakca balaka
Hayang subaya nu daria
Engkang cinta ka salira
Ngan salira kembang sosoca Engkang
Puisi wawakil ati ku salira ditimbang-timbang ku rasa. Terus imut, teuteupna nanceb na ati, ébréh raray siga nu suar, némbongkeun cinta di anjeun mekar. Salira ngalipet éta keretas, dijieun paparahuan.
“Urang bangblaskeun ka peuntas, nya, Engkang!” haréwos salira dina simpéna daratan Situ Bagendit.
“Malar ngambah talaga cinta, nya, jungjunan!” kitu téh bari mageuhkeun keukeup.
“Palias kabaca ku Nyi Endit. Bisi sirik ka nu keur silih pikaasih. Abdi ringrang, da cék carita éta wanoja téh harak. Naha moal jadi mamala mun ieu keretas balabuh ka tengah sagara?” salira kawas nu bingbang. Keretas paparahuan kalah ditimbang-timbang rasa. Da puguh dina éta paparahuan aya wawakil rasa, aya rasa carita, aya sajak cinta.
“Ah, Nyi Endit mah ukur legénda, Élis! Geura sok labuhkeun kana létah cai nu nyiriwik. Sina dibawa ka tengah, ka sampalan talaga. Ngarah lana dina mangsa, ngarih tingtrim dina jaladri, ngarah katambias dina kembang taraté nu mangkak! Sugan kabaca Ku nu Di Awang-awang, yén Engkang subaya cinta. Cinta nu medal tina hiji rasa nyacas, cinta Engkang lain cinta Rahwana, tapi cinta Rama ka Sinta, jungjunan!”
Kertas paparahuan ku salira ditunda dina létah lambak, lambak talaga nu reureundahan. Dicewakan ku réma urang duaan. Ngarah ngambah ka tengah talaga. Ngarah bangblas ulin jeung alam. Yén cinta urang daria, cinta nu mikarep cacap ka adeg-adeg rumah tangga.
Ah, Élis, mugia cinta urang mingkin romantis. Sing jadi lirik puisi nu ancik-ancikan dina batin.
Bagendit, Pébruari 2006
Opi Masropi Adiwijaya
Komentar
2 Komentar kana seratan “Serat Di Basisir Bagendit”
Ngintunkeun Komentar
Kang eta carita teh mani nyentug kana manah abdi’mugia bae elis nu urang sami sami ngaraoskeun kana eusining hate urang,Ammmmmin’,,,,,,
Sae pisan Kang…